Hariring-Dadang-HPKeur  anteng nongton sinetron   dina salah sahiji TV swasta  nasional, HP disada, ditempo nomerna anyar teu wawuh. Bisi aya bèja penting, nya ditarima.

“ Assalamualaikum. Ieu tèh sareng pa Anu, leres,” ceuk sora dina telepon, nyebutkeun ngaran kuring.

“Waalaikumsalam. Sumuhun, sareng saha ieu?” kuring malik nanyakeun, asa-asa wawuh kana sorana, tapi lebeng teu inget.

“Aya amanah kanggo bapa, kedah ngempelkeun poto pangènggalna, kanggo dina surat Yasin,” pokna tèh bari seuseurian, sigana tèh lain sorangan. Teu lila telpon ditutup. Basa ditelepon deui, HPna geus dipaèhan. Dina jero hate mah ambek kacida, tapi teu bisa kukumaha,  jadi ambek nyedek tanaga midek. Lakadakah ! ceuk dina jero hate, èta jalma geus “mastikeun” mun kuring bakal maot 40 poè deui kahareup. Sabab ceuk  nu tadi nelpon poto èta tèh keur dipasang dina Surat Yasin. Tadina mah rèk dipapay, saha anu nelepon tadi, tapi teu jadi. Inget kana kalakuan sorangan. Baheula dina riungan kuring kungsi kitu, mènta poto anu panganyarna,  pikeun dipasang dina Surat Yasin. Beuh hokum karma kitu. Ngan lamun diperhatikeun kana eusi telpon sarta nu neleponna teu saurang, bari seuseurian terus  disambun-sambungkeun jeung kajadian sababaraha waktu kaliwat, pastina heureuy atawa ngaheureuyan. Sanggeus rada leler, key wè kuring jadi seuri sorangan salila-lila. Sigana mun  harita meneran aya jalma nu liwat, moal teu  boga sangkaan sèjèn, PA, kitu meureun pèdah kuring seuri sorangan. Rumasa palebah dinyana mah, kusabab tukang heureuy pastina aya nu males ngaheureuyan. Lamun tukang heureuy hèg  ambek mangsa diheureuyan deui, ngaranna teu “fair “ lamun ceuk basa ayeuna mah. Atawa teu sucèng, daèk nyiwit tapi embung diciwit. Heureuy  di sababaraha kasempetan kacida diperlukeunna, boh ku  panata acara atawa MC. Mangsa kaayaan karasa pikateungeunaheun, kaku, rèhè, tiis perlu aya breaking ice, nya nu boga lalakon panata acara, sabab manèhna pisan anu “ngendalikeun” kaayaan. Heureuyna kudu nu pantes, teu garing, teu norak jeung jauh tina kampungan. Sabab lamun kurang-kurangna pinter nyelapkeun heureuy, lain matak pikaresepeun, justru tibalik jadi pikasebeleun.

Seni tradisi Sunda, matak pikaresepeun kusabab aya heureuy atawa bodoranna. Contona dina dunya pawayangan. Lamun Ki Dalang  hayoh wè pengkuh ngaguluyurkeun lalakon nepi ka jam dua subuh, bari jeung teu diselangan ku jolna Ki Cepot, Udawala, Nala Garèng, dijamin nu narongton bakal balik. Dina palebah dieu mah, almarhum Kang Asep Sunandar Sunarya kacida ahlina. Bodoran lain ngan saukur dina  Cepot wungkul tapi buta ogè teu leupas tina  heureuy. Almarhum, baheula kungsi diprotès ku dalang-dalang lianna, majarkeun kaluar tina Pakem. Kang Asep harita nyieun wayang monès anu sirahna bisa Beulah, bisa ngelepus udud bari kaluar haseup, Utah miè jeung kamotèkaran nu sèjènna. Kabèhdieunakeun nu kararitu tèh geus teu dipakè deui. Horèng wayang monès anu diciptakeun taya lian ti pikeun narik para panongton anu geus mimiti ngurangan. Sanggeus nu raresepeun kana golèk hade deui,  almarhum “balik’ deui kana Pakem, lamun enya salila ieu dianggap kaluar tina Pakem. Bodoranna Abah Asep salawasna up to date, atawa kekinian alias kaayeunakeun, teu kawas dalang-dalang heubeul anu tetep ngandelkeun bodoran jaman baheula nu di jaman kiwari mah geus teu saluyu jeung jaman jeung teu lucu deui. Hanjakalna dalang-dalang kolot ieu, tara daèkeun ngarobah sikep, boh ku remen maca Koran atawa nongton televise.

Seni tradisi  sèjènna nu loba bodoran, nyaèta Calung jeung Rèog. Tukang bodor dina Calung jeung Rèog, biasana nu panungtung, bari  waditra anu dipakèna pangleutikna. Maksudna mah sangkan nu bakal nyieun piseurieun ieu bèbas dina ngalampah teu kahengker ku alat.  Basa keur sakola di lembur, aya hiburan anu disebut Tunil. Nu ngabodorna aya tiluan, anu inget kènèh jeung panglucuna Mang Sadut. Mangsa Mang Sadut gering, nu narongton baralik samèmèh rèngsè, sabab teu bisa seuseurian. Seuri di jaman kiwari bari jeung murah (haratis), kacida diperlukeunna, pikeun ngabeberah diri anu sapopoèna disusahkeun ku kahirupan jeung barang-barang anu beuki mahal.