Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN loba nu nyaritakeun yèn sajarah urang (boh Pajajaran, atawa Jawa Barat loba kènèh sajarah anu (di)sumput(keun) atawa can kaguar, sigana tèh beuki kadieu asa beuki kabuktian, kituna tèh kaguarna ku bangsa deungeun kalayan dirojong ku panalungtikan anu ilmiah.
Teuing atawa pèdah datangna ti bangsa deungeun kitu ayana panÂgakuan samodèl kitu tèh, sabab kanÂyaataanana bangsa urang dina sagala hal, masih kènèh luar nagri minded, boh dina urusan pakèan (fashion), budaya (culture) malah nepi ka basaÂna ogè, bangsa urang mah leuwih reÂsepeun diajar basa deungeun tibatan basa sorangan.
Pikeun basa deungeun mah, pan wani mayar sakumaha mahalna ogè, boh pikeun kursus, latihan ngomong (conversation), tata basa (grammar). Tapi pikeun basa sorangan, siga anu katutuh katurug, keur mah di sakola jamna saeutik pisan, diimahna ku koÂlotna teu diajarkeun, buku-buku anu dipedalkeun dina basa Sunda ogè kawilang arangna. Numatak lumrah, loba anu ngahariwangkeun ogè, yèn dina sapuluh atawa dua puluh taun kahareup, nu ngagunakeun basa SunÂda beuki ngurangan.
Padahal tata basa inggris ogè teu èlèh hèsè jeung basa Sunda, kusaaÂbab aya regulet jeung irregular verb, model eat, èat eaten, sedengkeun Sunda aya dahar, neda tuang. Lamun urang Inggris “ mahabahnaâ€na kana waktu, sabab bèdana sesebutan èta dumasar kana kajadian, pan bangsa urang mah kana kahormatan atawa adab-adaban.
Nyikepan kecap pikeun anjing bèda jeung manusa. Anjing mah leÂlebok, manusa mah dahar (ka sahÂandapeun), neda pikeun sorangan jeung tuang pikeun ka saluhureun. Tapi sanajan kitu, angger wè loba anu nyebutkeun basa Sunda tèh hèsè, padahal basa Inggris ogè loba anu nyaritakeun crazy Inggris, kusabab aya aturan grammar ogè.
Urusan budaya ogè, hususna panÂinggalan karuhun anu jadi cicirèn yèn bangsa urang tèh geus boga kabudayÂaan, adab-adaban, atawa peradaban anu luhung, geus mimiti ditaringgalkeun, atawa teu dipirosèa, dilurjeunkeun.
Padahal èta tèh, lain ngan sauÂkur cicirèn wungkul, tapi warisan kaÂbeungharan anu bisa dijadikeun pusaÂka, lain didama-dama, hèg dibungkus lawon bodas, dipandian bari jeung dipèntaan maunat jeung karomahna.
Tapi “dijual†ku jalan ditemÂpokeun ka balarèa, tegesna mah jadi obyèk wisata. Kitu ogè dina urusan ngaguar, ceuk sababaraha sumber sajarah, watu gilang atawa ceuk saÂbabaraha kasepuhan anu bisa ngaÂjak ngobrol karuhun di sababaraha tempat, batu anu ayeuna ngagolèr di wewengkon Bantèn tèh, tempat pangcalikan atawa pangistrènan Sri Baduga Maharaja wungkul.
Tapi ceuk para sepuh mah teu kitu ieuh, sakurangna aya lima maÂharaja diistrènan jeung “calik†atawa ngadegkeun kalungguhan dina watu gilang èta. Nu kahiji Mahararaja Purnawarman, Raja Tarumanagara, saterusna Maharaja Tarusbawa, MaÂharaja Susuk Tunggal atawa Sang Haliwungan, saterusna nu pangaÂhirna Maharaja Ragamulya SuryakenÂcana. Dina peperangan anu ngabaluÂkarkeun “Karajaan Pajajaran Burak†batu èta tèh dibawa ka Banten, sarta dianggap ahir tina Karajaan Pakuan Pajajaran, kusabab moal aya deui raja anyar anu diistrènan dina batu èta.
“Lain urusan batuna, tapi nilèy sajarah anu aya dijerona tèh pan ngagambarkeun ayana kakawasaan jeung kadaulatan karajaan. Tapi ayÂeuna batu anu mibanda kasang tuÂkang sajarah urang Sunda tèh, nemÂbrak kahujanan, teu disaung-saungan acan,â€ceuk èta sepuh anu kungsi datang ka wewengkon Banten pikeun ngalongokan paninggalan karuhunna.
Hanjakalna, teu sakabèh urang Sunda, mibanda sikep anu sarua, aya ogè diantarana anu nganggap yèn èta mah geus jadi bagèan mangsa tukang, ayeuna mah kumaha mikiran kahirupan sapopoè sangkan kulawarÂga kacukupan kabutuhanana.
Padahal lamun dititènan, kalayan gemet, sigana tèh aya tarèkah atawa scenario anu kawilang badagna, sangÂkan bangsa urang jadi jalma-jalma anu mikirkeun diri sorangan, henreu batur. Kakuatan bangsa urang nyaèta sikep silih tulungan jeung sasamana jiga anu dihaja sina leungit.
Lamun geus paburencay, pan gampang pisan ngasupkeun faham atawa isme anu pasalia jeung kawiÂjakan karuhun tèh. Lalaunan bangsa urang ninggalkeun adat jeung budayÂana, digantian ku budaya kapitalis, anu aing-aingan.
Nu karasa, dina urusan gotong royong, gawè babarengan tèh ayeuna mah beuki ngipisan, malah hiji waktu mah bakal carem pisan. Lamun geus kitu, nya tinggal ngadagoan waktuna wè, kaancuran budaya bangsa tèh nya. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















