Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
Hanjakal puguh gè tara luak-lieuk ka luhur mangsa keur peuting, jadi wè teu kabagèan bulan keur moncorong gedè atawa purnama. Peuting tadi, pangangguran nempo ka langit, kayaan bulan geuning kari tilu parapatna, jigana moncorongÂna geus kaliwat dua atawa tilu poè.
Pareng keur moncorong mah, sakurangna urang bisa nempo Nini Antèh anu keur ulin jeung ucÂingna Si Mawat. Nini Antèh ceuk dongèng karuhun keur ninun di bulanna tèh.
Kagarareuwahkeun turun ka bumi bari teu nyaho ayeuna dimaÂna, ku Neil Amstrong jeung Edwin Aldrin dua astronot anu ngahaja nganjang ka bulan, hayang ngaÂbuktikeun naha di bulan aya kaÂhirupan atawa henteu.
Bulan, basa keur dua astronot can datang ka palebah dinya, jadi kacapangan para bujangga jeung panyair dina nyieun sajak, sabab ditempo ti bumi mah kacida ènÂdahna.
Kitu ogè lalaki anu keur bogoh ka awèwè, remen nyamarutkeun kageulisan kabogohna ku rupa buÂlan. Malah urang Sunda mah nepi ka mènta didagoan heula. SeniÂman Sunda hususna anu resep nyÂiptakeun lagi nepi ka nyieun lagu bubuy bulan, bulan sapasi, bulan langlayangan pegat sarta nu lianna.
Kecap bulan, bisa jadi kecap anu remen disalahkeun jeung diÂdagoan dibandingkeun kecap nu lianna. Geura wè urang titènan, mangsa keur teu boga duit, can gajihan bisa disebut bulan kolot atawa tanggung bulan.
Dina tanggal sakitu mah biÂasana patih goah tèh rada “sensiâ€, gampang kasigeung, nyadiakeun kadaharan saayana jeung sakabuÂruna, lamun teu sangu gorèng nya mie instant. Sabalikna mun keur bulan ngora hèg meunang tambaÂhan boh tina bonus atawa lembur, ngadadak bageur pisan. Imutna teu welèh mapaèsan pameunteu, ah pokona mah di dunya jadi saÂgala èndah, ngadadak sagala ditaÂwarkeun.
Kitu ogè mangsa keur nyeri beuteung balukar tina siklusna kaÂganggu, anu disalahkeun angger bulan, telat datang bulan yeuh. PaÂdahal bulan mah angger wè cicing di langit, teu tuah teu dosa disalahÂkeun ku manusa.
Bulan ogè sering disamarutÂkeun jeung awèwè anu dangdanna kaleuleuwihan, bari bedakna camoÂhok kandel pisan, persis jiga careuh bulan, cenah. Padahal nu kumaha rupa careuh bulan, sigana teu pati apal. Naha beungeutna bodas?
Mangsa dua manusa anu lain jinis ka bale nyungcung, olèng pangantènna tèh disebutna bulan madu, nya. Cahaya bulan mangsa bulan purnama, tètèla bisa manÂgaruhan saraf-saraf mahluk hidup jeung laut. Manusa anu keuna ku cahaya bulan, birahina bakal naèk bèda ti biasana. Numatak bisa ditenggerkeun sababaraha bulan tit as caang bulan tanggal opat weÂlas loba anu ngandeg atawa kakanÂdungan.
Malah lamun dititènan kalayan daria, bulan, bèntang sarta planet nu lianna anu aya di langit, taya anu dikersakeun tabrakan. MungÂguhing èta kakawasaan Allah Nu Maha Murbeng Alam nu nyipÂtakeun bumi jeung eusi-eusina.
Dina surat Fushshilat ayat 11 AlÂlah SWT ngadawuh ngeunaan hal ieu anu eusina, saterusa, MantenÂNA nyiptakeun langit anu harita mangrupa haseup, saterasna ManÂtenNA ngadawuh ka èta haseup jeung bumi, daratang maranèh duanana, sarta turut kana parènÂtahNA kalayan suka hate jeung kapaksa.
Duanana ngawajab, kuring datang kalayan suka hatè. Ku ayat ieu Allah negeskeun yèn langit baÂheulana mangrupa haseup, anu ayeuna kakara bisa dibuktikeu ku kaèlmuan jaman moderna amu ngagunakeun tehnologi kawilang maju (canggih).
Tah pikeun meunangkeun kautamaan pahala anu leuwih tina dunya jeung eusina tètèla pikeun umat kaum Muhammad SAW mah teu hèsè, cukup ku shalat sunah samèmèh shalat Subuh. Sakumaha diriwayatkeun dina Hadist Muslim.
Dawuhan Kangjeng Nabi SAW, dua rakaat fajar (shalat sunnah qobliyah shubuh) leuwih alus tiÂbatan dunia jeung eusina. Lamun qobla waè kacida hadèna, kumaha shalat wajibna? Kitu ogè umu manÂtenna ngadawuh ka Aistah yèn dua rakaat shalat sunnah fajar leuwih dipikacinta ku Kangjeng Rasul tibartan dunia sarta eusina (HR. Muslim no. 725).Jadi lain ngan sauÂkur bulan anu èndah wungkul tah, dunya katut eusina.
Jadi ayeuna mah mun tanggah hèg nempo bulan tèh, kudu diÂbarengan ku ngucap syukur, bisa nempo kènèh bulan. Teuing isuk jaganing gèto mah!. (*)