Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN aya paribasa siga monyèt ngagugulung kalapa anu hartina nyaho ngeunah eusina tapi teu nyaho cara murakna, sigana èta tèh keuna pisan ka diri sorangan, rumasa ku mokaha jeung bodo katotoloyoh tèa.
Padahal ceuk karuhun soranÂgan, lamun bodo mah kudu alèÂwoh, daèk tatanya, sanajan teu nepi ka pinter ogè sakurangna, bisa nyaho. Apal sotèh basa ngoÂbrol jeung Abah Dasèp. NgeuÂnaan iket mastaka atawa totopÂong tètèla lain ngan saukur make wungkul tapi di jerona tèh aya palsafahna.
Saur anjeunna, salah sahiji panyakit anu panggorèng-gorèngÂna ceuk karuhun Sunda nyaèta gedè hulu atawa adigung adiÂguna, asa aing uyah kidul atawa pangakangna tèa. Tah iket atawa totopong tèh maksudna mah mungkus sirah sangkan henteu gede hulu.
“Urusan ngaranna naha baÂrangbang semplak, parèkos nangÂka atawa nu sèjènna mah, ukur dilelebah wungkul. Tah lamun geus make iket, kudu geus nyunÂda jeung jerona, henteu adigung, handap asor conto nyatana urang Kanèkès anu sapopoèna diiket, pan sagalana tèh nyebutkeun teu wasa, teu boga kakawasaan, komo anu aya patalina jeung uruÂsan ngamumulè alam mah kacida dijungjungna,â€saur Abah Dasèp.
Kitu ogè, iket lain ngan sauÂkur pamantes wungkul, sabab di Cimandè mah, bisa dijadikeun pakakas pikeun bèbèla diri, saÂrung ogè nya kitu kènèh. Puguh wè ngadèngè pangjelasan ti Abah Dasèp kitu tèh, mani asa ditonjok ku halu bèngkok, ampir wè iket anu keur dipakè tèh diudar, tapi rada mikir deui tah.
Sanajan encan nepi ka anu dimaksudkeun ku palsafahna, sakurangna jadi ciri yèn aya urang Sunda. Lamun urang Sunda geus embungeun nembongkeun jati dirina sorangan, atawa nyumput waè rèk iraha atuh majuna. Sabab lamun diperhatikeun, sikep kana budaya Sunda tèh sakurangna aya genep sikep. Kahiji anu anu wani tandang, sanajan modalna can cukup.
Nu kieu boga pamadegan danÂgdan bari leumpang, nu penting ulah nepi ka katinggaleun karèta, ngadangdanan dirina bisa dina jero lalampahan, sabab kanyataaÂnana urang Sunda tèh geus loba katinggaleun. Nu kadua hayoh wè ngasah kabisa jeung nyukupan diÂrina ka pangaweruh, hanjakalna lantaran loba teuing tapa, nepi ngaranna tèh teu kadèngè pisan.
Lamun ceuk dina dunya pasiÂlatan mah, latihan unggal poè tapi teu pernah ditempokeun ka pakalangan. Atawa lamun di sanggar tari mah, geus tapis kana rupa-rupa tarian tapi can pernah meunang kasempetan pikeun mintonkeun kabisana.
Asak-asakna mah, ngan teu pernah nyaho atawa ngukur nepi ka mana kabisana. Padahal kasemÂpetan samodèl kitu tèh tèh teu cuÂkup didagoan wungkul, tapi kudu ditèangan jeung diciptakeun.
Anu katilu, mental calo, getol ngajak jeung nitah ka baÂtur, sawatara manèhna mah teu pipilueun, dina umajakna mah rajin kacida, tapi mangsa ditanya naha milu ngamumulè budaya, teu pisan-pisan miluan. Anu paÂmungkas, ngalakonan henteu ngajak henteu, ditanya ngan ngÂabetem waè.
Naha budaya karuhunna rèk kalindih atawa kagantian ku bangsa sèjèn ceuk paribasana mah jati kasilih ku junti, sumangÂga tèh teuing. Anu kalima, bisana ukur ngècè, ngiritik wungkul, disatukangeunana tèh teu bisa mere jalan kaluarna. Sawaktu anu sèjèn nyieun kamonèsan, inÂyana ukur bisa nyalahkeun, bari nyebutkeun ah aing ogè bisa, tah kituna tèh bari jeung teu migawè nanaon.
Anu kagenep mah lumayan kènèh, bilukna tèh ngan saukur diajakan wungkul, sikepna kawas goong, teu disada lamun teu diÂtakol. Tangtuna anu pangalusna mah, anu èlmuna geus sampurna bari jeung wani tandang makaÂlangan. Malah leuwih sampurna deui wani maju sorangan, nyipatÂkeun kamotèkaran bari ditungÂtungan ku istiqomahna, mibanda sikep ngagurat batu, teu gamÂpang unggut kalinduhan, henteu gedag kaanginan.
Ngan nèangan anu kitu tèh arang kacida. Tapi sanajan teu kitu ogè atuh mun bisa mah umaÂjak bari jeung ngalakonan. Ngajak nu lian ngomong basa Sunda, tapi dirina teu makèkeun. Nu kitu mah ngaranna calo.
Pan calo mah, gawèna ngaguÂgubrag batur sina naèk, dapon mangkat manèhna ngajeten. Kitu ogè pamingpin anu ngan saukur ninitah wungkul bari teu ngagaÂwèan atawa siga nu enya nyaah kana seni jeung budaya, urusan anggaran dicekèk pisan. (*)