Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA LAMUN aya nu nyebutkeun yèn dina raga manusa sabagèan ma­laikat sabab aya bebeneran dina laku lampahna, ogè sabagèan deui sètan, sabab ucap jeung par­ipolahna aya nu siga sètan, kay­aning sirik pidik jail kaniaya, èta ogè teu salah.

Alesanana dina hate jalma mah aya nafsu nu nyangkaruk, lamun diumbar bakal ngaruk­sak kana dirina jeung sabudeu­reunana, Ngaruksak na tèh lain ka papada jalma wungkul tapi kaasup kana alam anu dicicinga­nana. Biasana anu kararieu mah, tara mikirkeun kapentingan nu sèjèn, dapon dirina kacumponan, nu lian mah sabodo teuing.

Asal dirina seubeuh, lubak-li­buk harta banda bari jeung meu­nang ngagalaksak sabodo teuing, padahal batur mah roroèsan dina jurang kasangsaraan ogè. Nu ngaruksak leuweung leuwih ti misti, bari jeung teu merhatikeun kana aturan, nepi ka loba bahla kawas longsor, banjir sigana tèh asup kana golongan èta.

BACA JUGA :  Kebakaran Hanguskan Mobil Warga Karangasem, 4 Armada Dikerahkan

Kitu ogè ka anu ngaharakan­an duit rahayat nepi ka teu bisa ngalaksanakeun pangwangunan, atawa dina dilaksanakeunana ogè ngan saukur jadi, rada ngadeuke­utan jeung golongan èta. Hèbatna deui (pikasebeleun) sakapeung di urang mah araranèh, lamun anu ngaruksak nagarana leuwih gedè (jumlahna rèa) loba anu ng­abaturan, malah aya anu nepi ka wani nandonkeun jabatan, harga dirina jeung ngorbankeun kula­wargana.

Kitu ogè sabalikna, napsu la­mun dihengker tur diatur kalayan hade jadi papaès dunya. Sabab ku ayana napsu, jalma jadi boga ka­hayang, boh hayang ngawangun rumah tangga atawa mibanda cita-cita anu leuwih gedè tibatan èta.

Ayana kapal udara, jeung tèknologi anu ayeuna digunak­eun ku umat manusa, salah sahiji­na ku ayan napsu dina hate jalma. Lain hartina kudu dipareuman kawas lilin anu ditiup, sabab nap­su tèh fitrah ti Nu Maha Widi tur Maha Kawasa.

BACA JUGA :  Peringati Hari Kartini, Pemkab Bogor Hadirkan Layanan KB Serentak di 40 Kecamatan se-Kabupaten Bogor

“Tapi enya kètang, saka­peung mah manusa tèh sok poho ka temah wadi. Teu kaop dibèrè lolongkrang èh katutuluyan. Co­hagna mah dibèrè hate kalah mènta jantung,” saur Ki Mardud basa ngariung di padèpokanana.

“Maksadna kumaha Ki?” kuring mairan.

“Eta urusan wates sawah, lantaran beuki dieu galengan tèh beuki heureut waè, teu bisa dipakè leumpang ku budak-bu­dak acan nya Aki tèh ngèlèhan. Galengan tèh ku aki digèdèan, anu tangtu nyompag sawah aki.

============================================================
============================================================
============================================================