Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN urang nitènan kana kawih-kawih ciptaan urang SunÂda, diantarana Bimbo Doel SumÂbang, hèg ngadèngèkeunana bari rinèh, atawa dilenyepan, sakaÂpeung sok hayang seuri soranÂgan. Boh ciptaan Bimbo atawa Doel Sumbang, duanana mibanÂda kritik atawa kateupanujuan.
Bèdana, lamun Bimbo mah sindir sampir, Doel Sumbang mah togmol. Lagu Tante Sun, saujratÂna nyindiran ka kaum hawa anu robah adat jadi pangusaha suksès bari sagala dipigawè. Geura wè titènan rumpakana, dina “bisnisÂna†mani sagala dicabak ti mimÂiti batu jamrud, berlian jeung karikil emas nepi ka besi beton.
Meureun ieu mah, Bimbo ngiritik manusa awèwè anu geus nyalahkeun emansipasi anu kaleuleuwihi tur disalahhartikeun ku kaum hawa. Padahal lamun nurutkeun kana qudratna, paÂmingpin mah angger wè lalaki. Sabab pikeun anu geus jadi pamÂajikan jeung indung tina anak salÂakina, aya katangtuan anu pangÂgampangna pikeun asup surga, malah saratna ogè ngan tilu.
Kahiji, daèk ibadah, kadua ngaÂjaga kahormatan, pangahirna tuÂmut ka salakina. Di dieu jelas pisan, lamun udaganana kabagyaan duÂnya ahèrat, nya tilu sarat èta kudu ditedunan. Lagu lianna ti Bimbo kènèh, nyaritakeun kumaha masÂgulna, hiji rumaja anu apèl ka imah kabogohna. Rumpakana ceuk kurÂing mah monès pisan, sabab ngaÂwakilan dua kaayaan anu patukangÂtonggong. Ceuk rumaja lalaki dina kawihna Bimbo nyaritakeun kieu:
Paling sebel sama calon merÂtua, yang tak ngerti acara anak muda
Paling sebel sama calon merÂtua kita apèl selalu diawasinya
Paling mangkel itu calon merÂtua, sudah malam tak mau tidur juga
Kita pulang pacaran tak berÂkesan, di langit ada bulan berkata oh..kasihan
Malem Minggu kelabu lesu suÂdahlah tentu….jstna.
Sigana si rumaja lalaki tèh teu beubeunangan, teuing naon tah, anu kungsi bobogohan mah pastina surti kana kaayaan èta. Sawatara, calon mitoha, panÂgna kudu dibarengan sarta diaÂwaskeun mangsa anakna bobogoÂhan tèh, kusabab hariwangeun. Sabab mangsa dua mahluk bèda jinis duduananan, pastina sok disandingan ku sètan.
Tapi bobogohan samodèl kitu tèh, sigana geus teu jaman, sabab mun pareng urang waktu tengah peuting (komo malem Ahad mah) di sababaraha tempat, boh di wewengkon Sempur, di Jambatan Ring Road Bogor Utara, jeung di tempat lianna, loba anu keur daruaan.
Nilik kana umurna mah, teu jauh ti barudak sakola, atawa palÂing luhur ogè mahasiswa. Pastina ogè keur barobogohan, nyacapÂkeun kasono. Sabab lamun geus salaki pamajikan moal daèkeun teuing, duduanana dina motor bari jeung tengah peuting, katiris-tiris jeung digulung reungit. Anu ngagaÂmbarkeun kaayaan manusa poho ka temah wadi, Doel Sumbang Nyamuk- Nyamuk yang nakal tèa.
Malah mun pareng ngabubur di Jambatan Mèrah, antara jam dua-jam tilu janari, loba pisan awèwè ngora anu kakara daratang teuing tas arulin ti mana. Dangdanana ogè, matak molotot. Sakapeung mah rada teu kaharti tah, naha teu sieuneun asup angin kukulayaban tengah peuting, bari pakèanana tèh teu nutupan bujal jeung nengahan pimping (calana hotpan), geus kitu kaluhurna tank top.
Lamun Bimbo cukup ku sinÂdir sampir, Doel Sumbang mah leuwih poksang, narjamahkeun kajadian anu dialamanana, nepi ka boga urusan jeung pihak berwÂajib. Salah sahiji laguna, sawaktu aya anu salah jalan (asup ka anu diverboden) di tengah Kota BandÂung, satuluyna ditilang polisi.
Dina rumpakana, Doel SumÂbang ngalaporkeun kalakuan polisi tèh ka Kapolda Jawa Barat. Wah pokona lamun ngaregepÂkeun rumpakana, matak beuÂreum ceuli. Salian ti èta mun teu salah pernah ogè aya urusan jeung Koramil satempat, gara-gara laguna, anu dianggap heuras teuing ngiritik pamarèntahan.
Rada longgar ngomong, saentas di nagara urang aya reforÂmasi, anu pikeun sabagèan mah dijadikeun kasempetan pikeun ngaluarkeun kateupanujuanana. Ngan hanjakalna sakapeung. sok di luar wates ètika. Atawa mèÂmang kudu kitu, sabab lamun ku cara sopan mah, sok tara diÂdarèngè. Loba para pajabat anu ceulina ipis pisan sarta ambek sakulit bawang. Padahal mun bener mah gawèna, pastian ogè moal aya kateupanujuan nya !