Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LANTARAN panasaran kana eusi carita nu kamari, ceuk rarasaan mah encan tuntas, isuk-isuk kéÂnéh kuring geus nyemprung dina Si Jimat, ngajugjug bumina Ki Madi di Cihideung, Ciampéa. Pangna isuk-isuk téh, kusabab, aki-aki éta mah, mun beurang saeutik sok geus kaluar, lumaku nuturkeun indung suku. Ma’lum kituna téa mah, sabab geus taya nu dipikiran.
Pikeun kabutuhan sapopoé mah salian ti meunang pangiriÂman anak-anakna unggal bulan, pan sawah jeung kebonna ogé lega kénéh. Kitu ogé balongna, pinuh ku lauk jaér-jaér acan mah.
Alhamdulillah, teu nyalaÂhan sangkaan téh, anjeunna geus saged rék iinditan, untung wé kaburu kapegat di lawang pager buruan bumina.
“Kéla, Ki ulah kamamana, carita kamari téh rarasaan can anggeus pannya?â€
“Nu mana?†Ki Madi kerung.
“Eta, Ngeunaaan muka uga téa?â€
“Euh,manéh mah ku aya-aya waé atuh, sidik Aki téh rék saÂjungeun pisan. Tapi kétang teu hade, ceuk ajaran Islam pan tamu téh sasatna rejeki, kudu dihorÂmat, saluyu jeung kabiasaan urang Sunda, soméah hade ka sémah,†pokna bari ngajak ka tepas buÂmina. Sanggeus nitah ka Nini Ciin, garwana sina pangnyieunkeun kopi, barabat Aki Mali nyarita saÂkumaha anu dipénta ku kuring.
“Ieu mah ceuk pamadegan Aki anu bodo malah cohagna teu kaasup kana golongan anu bodo-bodo acan, Aki mah ayana di golongan sahandapeun bodo. SuÂgan wé atuh aya luang ti papada urang nya,†saurna deui.
Sanajan basa wangsit SiliwanÂgi anu aya ayeuna, bisa dibaca ku saréréa, tapi keukeuh wé, saÂkumaha kabiasaan adat karuhun urang, sok pinuh ku siloka, malah kabéhdieunakeun disebutna téh malapah gedang, tara togmol ataÂwa poksang.
“Numutkeun para kasepuhan, anu “waskita pramana tingalâ€, lain ceuk Aki ieu mah, anu kungÂsi ngobrol jeung Aki, anu ditulis dina wangsit éta, tététa kaalaman pisan,†pokna bari narik nafas jero pisan, bangun anu seunggah nyarÂitakeun jeung keur ngumpulkeun kakuatan. Kajadian panggantian para pamingpin di urang, mani nyéplés jeung kajadian-kajadian anu karandapan atawa tumiba di nagara ieu. Sanajan sabagéan diÂantarana, encan kajadian.
“Kira-kira kaalaman moal nya ku urang, KI,†kuring mairan.
“Ngeunaan éta mah, wallahu alam bissawab, naha bakal kaalaÂman ku anu ayeuna masih kénéh kumelendang, atawa mémang boal moal kajadian. Sadayana rusiah Allah SWT, Nu Maha KaÂwasa tur Maha Murbeng Alam. Pikeun jelasna, geura wé titénan éta wangsit anu eusina kieu : engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja PaÂnyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panÂglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta buÂdak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kaÂhieuman ku handeuleum, karimÂbunan ku hanjuang. Ari nganÂgonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputÂkeun, sabab acan wayah ngalalaÂkonkeun,…. jstna.
“Jigana anu hampang éta téh siloka, saha anu disebutkeun Raja Panyelang, naon anu dimakÂsud ku ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Saha anu dimaksudkeun budak angon téh, urang mana jeung ti mana asalna, naon anu disebut birit leuwi, pantona batu satangtung téh anu kumaha?â€
“Ulah naros ka abdi atuh Ki, poékeun pisan,†cékéng téh kékéÂpéhan.
“Lain nanya ka ilaing, ieu mah sugan kabaca ku nu paÂlalinter. Pan lamun ditarjamahÂkeun sambarangan mah bisi salah harti, hég dibéja-béjakeun ka baÂtur, meureun bakal beuki ngaco ka tungtungna. Béja téa atuh, tina sajeungkal jadi sadeupa, tina sadeupa jadi sahasta, beuki dieu beuki panjang, tungtungna beuki teu bener. Ninggang di jalma anu mikir, teu gancang kapangaruhan mah teu jadi pasualana. Lamun di jalma anu gampang percaya nepi ka di muhitna, kumaha tah!â€
“Jadi kédah kumaha atuh Ki, naha urang kudu cicing waé?â€
“Nya dagoan wé, pan geus ditegeskeun anu ngadegna ku obahna jaman, urang mah teu kudu kukumaha. Sagalana bakal diprosés ku Maha Kawasa, anu geus nyieun carita atawa skénariÂona. Geus kitu masing-masing aya bagéanana, saluyu jeung lalakonÂna sewing-séwangan. Da moal pacorok kokod!â€