Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TARÈKAH Kang Maki pikeun nga­hudangkeun budaya baheula, sang­kan nanjeur deui lain perkara anu gampang, teu kawas malikeun tapak leungeun. Tapi ku kayakinan sarta tèkad anu kuat, sakumaha “jampè” urang Sunda baheula, lamun keyeng tangtu pareng, ahirna Sèrèn Taun Guru Bumi bisa dilaksanakeun nepi ka sala­pan kalina. Mana bisa direvitalisasi ogè, pastina baheulana geus pernah aya, Sabab lamun nyieun-nyieun ata­wa ngaaya-ayakeun mah, pastina ogè moal bakal cepet-cepet ngawujud. Sakumaha dicaritakeun dina wedalan kamari yèn dina abad ka 12, Kampung Sindangbarang geus disebut-sebut dina kitab , Sambada , Sambawa jeung Winasa. Dicaritakeun, Rakean Darma­siksa digantikrun ku alona nyaèta Pra­bu Kalang Carita atawa sok disebut ogè Prabu Ragasuci. Samangsa pamarèn­taha Prabu Raga Suci, mantenna kungsi marèntahkeun pikeun nyieun Punden Agung di wewengkon Sindangbarang.

Dina Pantun Bogor Tunggul Kawung Bijil Sirung nyaritakeun “Prabu Kalang Carita,nyieun Pamujan Agung di Mumunggang Giri Dwi Munda Man­dala , Sajajaran jeungTaman, Disebutna Mandala Sanghyang Parakan Jati, Sa­tonggoheun Talaga SanghyangTampian Dalem nyela bumi ti Kuta Babaton.”

(Prabu Kalang Carita marèntah­keun nyieun Pamujaan Agung di suku Giri Dwi Munda Mandala, ngarèndeng jeung Taman dingaranan Mandala Sanghyang Parakan Jati, di saluhu­reunana Sanghyang Talaga Tampian Dalem nyakra ti Kuta Batu)

BACA JUGA :  Agar Rambut Sehat, Konsumsi Racikan Minuman Detoks Ini Secara Rutin

Pantun Gede Ki Uyut Juru pan­tun Tunggul Kawung Bijil Sirung nga­dongèngkeun, Balalayan Sanghyang Parakan Jati, Mandala Suci Pamujan kadatuan Sindangbarang saluareun day­euhPakuan. Saha tah anu ngeuyeukna..? Nya Inyana Pandita Agung anu ngaran inyanaSang Kumara Jati tea. Nya inyana oge anau ngabebenah Sanghyang Talaga TampianDalem salebakeunana.

(Babayalan Sanghyang Parakan­jati, Mandala Suci Kadatuan Sindan­gbarang di beulah luar Kota Pakuan. saha anu ngurusanana? Mantenna Pendeta Agung anu namina Sang Kumara Jati. Mantenna anu ngaèn­dahkeum Sanghyang Talaga Tampian Dalem di beulah handapna. Berita ini memperjelas bahwa entitas Sindang­barang sebagaitempat suci memiliki Punden Agung Sanghyang Parakan Jati dan Sanghyang TalagaTampian Dalem. Sanajan dua ngaran Pandita Kumara Jati jeung Darma Jati, tètèla jalmana mah sarua, alias èta-èta kènèh. Man­dala anu disebutkeun di luhur tètèla mangrupa tempat pangibadatan, Agama Sunda di wewengkon Kada­tuan luar Dayeuh Pakuan, Kadatuan Surabima Sindangbarang.

Wangkid kiwari di di Sindangba­rang geus kapanggih sakurangna 33 punden undak-undakan anu sumebar Desa Pasir Eurih. Punden-punden ieu anu tètèla dicaritakeun dina Pantun Bogor. Sabagian punden ieu aya anu masih kènèh weuteuh, loba ogè anu kari saparo, kulantaran ruksak disiksik wanci. Sèsa paninggalan baheula anu masih kènèh weuteuh diantarana anu mangrupa Taman Sri Baginda jeung Sumber cai Jalatunda. Anu disebut Taman Sri Baginda nyaèta sèsa taman karajaaan anu mangrupa balong uku­ran panjangna 45 mèter sarta lèbarna 10 meter tur minangka sumber caina sumber ti sumur Jalatunda.

BACA JUGA :  Cek Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Senin 22 April 2024

Baheula di luhureun Taman Sri Baginda aya Balè Mercukunda nyaèta Balè Kambang anu wangunanan segi dalapan, tempat pangreureuhan kula­warga raja. Ngeunaan sumber cai Jala­tunda, dina Pantun Bogor disebutkeun yèn di jaman karajaan, sadaya Putra Mahkota kedah tapa ngeueum di jero cai Jalatunda salila 40 poè 40 peuting. Lamun lulus tina tapa èta, mangka èta Putra Mahkota bisa dijenengkeun jadi raja pangganti. Ngeunaan Sanghyang Talaga Tampian dalem dina magsa ay­euna masih aya kènèh di sababaraha Lembur Taman., mangrupa talaga anu legana ampir 6 Ha, anu samangsa Ki Maki keur SMA kènèh baya tembok batu anu ngurilingan talaga. Hanjakalna samangsa ngahadèkeun deui talagana, anu dilaksanakeun ku pamarèntahan satempat kalah ngancurkeun tembok batu anu aya tur diganti ku beton. Jadi jèntrè jeung ècès pisan, yèn Sèrèn Taun Guru Bumi anu dilaksanakeun tèh aya riwayat atawa sajarahna, teu saga­wayah. Cag, ah, tamat lur.

(Meunang nyutat tina catetan A. Maki Sumawijaya, Sindangbarang)

============================================================
============================================================
============================================================