Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji kaunggulan tèknologi jaman kiwari anu cepet, gampang tur murah pikeun nyeÂbarkeun informasi diantarana facebook jeung twitter anu lumÂrah disebut jejaring sosial tèa.
Kujalan nyieun akun faceÂbook atawa twitter sobat-sobat baheula anu teu pernah kapangÂgih salila mangpuluh-puluh taun bisa papanggih deui, sanajan ukur di dunya “gaib†atawa maya.
Ukur nyanghareupan comÂputer, Laptop, Notebook, atawa ayeuna mah kapsul bari jeung bisa dibabawa kamamana, brèh wè rupa babaturan tèh katempo.
Ngaranna ogè informasi duÂnya maya, antara nu hiji jeung nu lianna teu paamprok jongok, inÂformasi anu disuguhkeun tèh aya anu saujratna, kumaha ayana, aya anu dipèngkolkeun (benerna ngan satengahna) aya ogè anu boÂhong pisan.
Cicing di Bogor, ngaku di SuÂmatera, atawa kitu ogè sabalikna. Foto profilna ogè rupa-rupa, aya anu diganti ku poto orok, nini-nini, aki-aki, ah pokona naon waè sakumaha kahayang anu nyieun akunna.
Maksudna ogè rupa-rupa, aya anu bener-bener hayang ngawaÂngun silaturahmi, biasana anu kieu mah informasina tèh jujur, boh ngeunaan ngaran, kota, pagawèan, status.
Aya anu ngan saukur heureuy wungkul, tamba kesel ngurangan kapusing, aya ogè anu tujuanana gorèng, ngagunakeun facebook tèh pikeun nipu batur.
Nepi loba kacaritakeun buÂdak awèwè indit ti imahna bari teu bèbèja kaindungna, lantaran kagègèloan ku babaturan anyarÂna anu wawuh tina chatting dina facebook. Wah pokona mah rupa-rupa pisan kajadianana.
Malah sababaraha taun kaliÂwat mah aya kajadian anu matak ngageunjleungkeun, sawaktu aya salah sahiji anggota ti hiji kasatÂuan nyebutkeun yèn dirina mah teu butuh rahayat.
Padahal sasatna anu ngagaÂjih manèhanana tèh duitna ti raÂhayat. Lila-lila mah leungit tah, teuing pèdah unggal jalma nyaÂcampah nepi cenah komandanna tèh mere hukuman atawa sanksi.
Enya ku gampang tèa, ukur kari ngetik nepi ka sakapeung mah pareng mukaan facebook tèh sok rada kerung, sabab aya anu ngapload/ngunggah/ngasupÂkeun hal-hal anu matak muringÂkak bulu punduk, kayaning gamÂbar-gambar anu teu uni, aya ogè anu masang foto yèn manèhna tèh keur pelesiran di hiji tempat, aya nu ngabèjakeun ngeunaan kadaharan has satempat, sajaÂrah, èlmu pangaweruh, lagu ah pokona rupa-rupa wè, beunang disebutkeun di dunya maya mah, boh blog, situs, website mani saÂgala aya.
Tinggal ngutekeun ramo, ngeÂtik anu dipikahayang, brèh wè, rèk tulisan, gambar, video ogè nyampak. Malah ayeuna mah barudak leutik anu masih kènèh sakola di kelas dua SD ogè (sigana sahandapeunana ogè aya) geus palinter nyieun akun facebook.
Hèbatna deui ayeuna mah saÂgalana tèh bisa ditempo dina HP, geus kitu barudak anu can sakola (kaasup can asup TK-TK acan) ku kolotna tèh geus dibarèrè HP anu “canggihâ€, lain ngan saukur bisa nelpon jeung SMS wungkul, tapi bisa ngabrowser salengkep di warnet.
Padahal ceuk ukuran ètika mah èta budak tèh can wakÂtuna dibèrè pakakas anu kitu, sapopoèna cicing di imah jeung indungna. Pan lamun bogaeun HP mah sakurangna pulsana tèh kudu dieusian sabab manèhna ogè nyahoeun pareng taya pulÂsaan.
Malah beunang disebutkeun balukarna jadi gorèng, salian ti ogoan, teu boga ètika/sopan-sanÂtun/jeujeuhan sarta satuluyna budak èta poho kana dirina.
Kituna mah meureun pèdah boga tèa, kahayang anak sanajan can meujeuhna ditedunan ogè hayoh dipupujuhkeun. Balukar tina èta, loba diantarana barudak anu kasarung ku polahna soranÂgan. Sabab kayaan jiwa jeung uteukna can sanggup narima anu anèh-anèh, antukna robah teu saluyu jeung kamekaran jiwa jeung awakna. Bisa jadi lobana tawuran ogè salah sahijina tina nyaah dulang tèa.
Nepi ka loba kolot èlèh ku anak. Lain èlèh gelut, tapi bakatÂing ku nyaah antukna sakabèh kahayangna ditedunan. Kolot teu bisa pisan nyarita henteu. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================

















