Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LANTARAN ti isuk kènèh geus girimis, katambah jas hujan geus rajèt, iinditan tèh kapaksa henteu kana motor. Katurug katutuh tèa, eukeur awak karasa kurang sèhat, balas kamari kahujanan, katam­bah poè harita hujan, tibatan nam­bahan panyakit mah, mending naèk beus, leuwih aman.

Mayarna ukur 3000 pèrak, bari bisa mawa payung. Dasar geus kitu kuduna meureun, di Halte Yasmin tèh, aya aki-aki nu naèk, horèng Ki Madi. Nyebut­keunana mah tas ngalongok incu­na. Ngan hèranna, èta aki-aki tèh dangdanana tara tisasari.

Buukna leucir, mun baheula mah, pikeun ngaleucirkeun buuk tèh lavender, warnana hèjo ngage­dod, mun teu salah mah katelahna cap jègang tèa. Awakna ogè, seun­git parfum budak ngora deuih.

Moal salah deui, ieu aki-aki tèh keur katerap panyakit begèr min­do. Tapi naha enya kitu? Sabab ce­nah anu katarajang panyakit kitu mah, umurna tèh antara 30 – 40 taunan.

Aya anu nyebutkeun umur tilu­puluhan, aya ogè anu nerangkeun nincak kana umur 40 taunan ka luhur. Tapi jigana tèh gumantung kaayaan, ngan biasana mah lumak­una ka nu geus rumah tangga.

Tanda-tandana ka lalaki anu keur begèr mndo tèh diantarana, dangdanana kawas budak ngora, sabab embung katempo dirina geus kolot, biasana mah leuwih merhatikeun kaayaan awakna, buukna ogè ngahaja disemir, boh ku warna hideung atawa warna anu diparakè ku barudak rumaja, ah pokona mah gaul wèh.

BACA JUGA :  Daftar Pebulu Tangkis Indonesia di Spain Masters 2024, Berikut Hasil Drawing

Sanajan umurna geus teu kaa­sup ngora deui, anu keur katarajang panyakit BM (begèr mindo) resep pisan kukulayaban, boh momo­toran ka nu jararauh atawa asup ka tempat-tempat jalma karumpul (lain masjid) kayaning bar, diskotik jrrd.

Ceuk nu baong (bisa bangor, bisa teu ningali) tibatan kagègèloan ku judi jeung sajinisna, mending kènèh ku awèwè cenah. Alesa­nana, lamun jalma geus ngahanju kana judi, awakna begang, dangda­nana rudin jeung cadu mandi.

Sabab unggal poè gawèna sila bari nyanghareupan kartu, poho kana sagala rupa. Harianeun kana ibadah mah, dalah kana dirina sorangan geus teu ngurus, kaasup kulawargana.

Sedeng lamun anu kagègèloan ku awèwè, pastina tèh ieu mah nu begèr mindo, atawa ceuk basa populèr ayeuna mah, puber kadua tèa meureun, dangdanana luis, mandina leuwih remen, jaba sok sarareungit deuih.

Sabab, asa pirakuna ngadeuke­utan anu dipikaceungceum awak­na bararau, maenya ogè daèkeun, kitu sugan. Tapi ceuk kuring mah, taya mendingna.

“Ari Aki nuju begèr mindo kitu?” cèkèng tèh nanyakeun, ti di­tuna mah, meupeuskeun rasa kap­anasaran. Wani sotèh nanyakeun pèdah wè geus teu asa-asa jeung Ki Madi tèh.

“Na, kunaon kitu?” Ki Madi hèraneun.

BACA JUGA :  Polisi Tangkap Pencuri Pagar Besi di Tempat Pemandian Air Panas Parung

“Eta, dangdosan asa bèntèn ti biasana.”

“Ah, ilaing mah boga pamiki­ran tèh nu anèh-anèh baè,” tèm­balna bari seuri.

Bari derekdek nerangkeun ka­jadianana. Horèng pangna Ki Madi dangdana jiga kitu tèh pamènta in­cuna nu awèwè. Meureun satadina mah hayang nempokeun kanyaah ka anu jadi aki. kulantaran hirupna di sawaktu mangmeulikeun baju tèh disaruakeun jeung dangdanan urang kota.

“Ari teu diturutkeun ambek, basa pamitan tèh crot-crot wè dikècrètan minyak seungit boga manèhna. Tong boroning batur, uing ogè mani asa lalendeng ngam­beuna tèh,” pokna tèh bari seuri konèng.

“Oh, manawi tèh.,”cèkèng tèh rada èra parada, pèdah geus nyan­yahoanan jeung kumawani nan­yakeun. Saur Aki Madi, panyakit BM bisa narajang saha baè, teu di para ulama, jalma biasa, nu boga kalungguhan, gegedèn, atawa anu teu boga pangkat.

“Tah dina waktu èta, anu bisa ngèrèm tèh bisa kaimanan jeung kaayaan. Anu mibanda kaimanan kuat, Inya Allah bisa salamet. Kay­aaan, hususna dina widang èkono­mi, bisa jadi panghengker anu kuat.

Numatak anu teu dipareng­keun beurat beunghar ulah su­udzon ka Nu Maha Masihan rizki. Biheung teuing lamun sagala aya mah, urang bisa salamet tina go­goda dunya, hususna sawaktu ngalaman mangsa kritis kadua, anu disebut begèr mindo tèa. Nu­matak, sagalana kudu teu leupas tina rasa syukur ogè.”

============================================================
============================================================
============================================================