Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Gering, naon waè kasakitna, pikeun anu tukang iinditan kawas Kang Marno, rarasaanana tèh matak nyiksa, enya jadi tambuh laku. Rèk ngaringkang kahalan­gan ku kaayaan awak anu teu bisa dibawa kompromi, komo keuna ku panyakit mènwa alias mèncrèt waè mah, teu bisa ulin jauh, kudu ngadeukeutan tempat miceun.

Tapi balukarna pan awakna jadi leuleus, taya tangan panga­wasa, kakurangan cairan, atawa ceuk basa kasehatanna mah de­hidrasi. kabèhditunakeun uteuk ogè hèsè diajak mikir, hayangna mah ngagolèr ngararasakeun pa­nyakit.

“Gering tèh hakèkatna mah ti Allah deuleu, ulah ngarasula, èta mangrupa pèpèling sangkan ura­ng inget kana purwadakasi yèn manusa tèh teu daya teu upaya. Geus kitu pan gering tèh kem­bangna maot, jadi anu keur ger­ing mah kudu inget kana maot,” ceuk Mad Solèh, baturna.

Datangna ka imah Marno tèh teu ngahaja ngalongok ieuh, tapi rèk ngajakan nguseup. Kusabab ditelpon ngan mèlbok waè, ma­nèhna panasaraneun, enya wè baturna tèh keur ngagolèr dina bale. Pamajikan jeung anakna mah cenah keur nebus ubar ka apotik.

“Hèbat euy silaing mah waskita pramana tingal, cacakan kuring geringna kakara poè ieu jeung teu bèbèja ka sasaha, èntè mah geus nyaho jeung ngalongok deuih. Nuhun euy,” ceuk Marno bangun nu bungah pèdah aya nu ngalongokan.

Baca Juga :  Bukan di Jepang, Destinasi Wisata Ini Berada di Bogor

“Hus, uing mah lain rèk ng­alongok kadieu sotèh, rèk nga­jakan nguseup di Laladon, ngan teu ngarti kunaon bet hapèna mèlbok waè euy,”tèmbal Solèh.

“Puguh ku pamajikan diampi­han hapè tèh, da teu kaop pisan rèk sarè disada deui, disada deui. Majarkeun tèh ngaganggu pisan. Teuing diteundeun dimana ha­pèna ogè, teu hayang nanyakeun ieuh, puguh awak asa teu ngara­reunah yeuh.”

“Oh, kitu. Enya teknologi tèh sakapeung mah ngadorèsakeun nya, kawas ayeuna, ku lantaran sok diparakè ngadownload gam­bar-gambar anu teu araruni, pan situs-situs porno tèh diblokir. Sa­bab ngaruksak sikep jeung watek barudak rumaja cenah,”

“Enya, ngan di urang mah sagalana tèh kudu aya korban heula, kakakara aya lèngkah anu daria, kawas gas sanggeus loba korban kakara paciweuh. Eh ay­euna mah sagalana tèh mani saga­la dibolèkèrkeun. Sagala aya duta kani’matan anu dilalakonkeun ku Jupè. Dina judulna ogè. geus ngagambarkeun kamana loyogna tah,”

“Enya, puguh urusan anu sakuduna can wayah dikalu­arkeun hayoh make ditèbrèng-tèbrèngkeun, pan èta tèh sarua jeung ngajarkeun migawè teu bener. Jadina tèh siga mupu­juhkeun migawè pidoaseun. Nu penting aman, urusan dos amah nomer sabaraha. Pan anu dipènta beurang jeung peuting tèh sal­amet dunya jeung ahèrat lin. di dunya disalamerkeun da keur ku­melendang, di ahèrat komo deui pan èta mah tempat pangbalikan ahir. Na asa ku beuki araranèh nya beuki dieu tèh?”

Baca Juga :  Merawat Tradisi Membuat Dandang Nasi

“Kitu ogè mangsa ngalongok nu gering, jalma tèh mani ang­karibung babawaan, pan rada anèh tah.”

“Naha kurang pas, palebah manana ? urusan ngalongok mah kacida alusna, malah sunnah tatèh hukumana deuleu, komo bari jeung babawaan mah,” ceuk Solèh.

“Ih, ari manèh. Naha nu ger­ing sok beukieun barang dahar teu?”

“Nya henteu atuh, pan keur gering mah aya paribasa, nginum asa tuak bari, dahar asa catang bobo, komo anu geus parna mah, nepi ka kudu diinfus sagala.”

“Tah numatak samèmèh ngalampahkeun nanaon tèh dip­ikirkeun mangpaatna heula, tapi lain hartina kudu ngadagoan heula, nu kitu mah telat nga­ranna. Ulah nepi ka aya paribasa sumur diurugan sanggeus aya munding nu tikunclung. Kitu ogè ulah nepi ngadagoan pamingpin anu pangluhurna marèntahkeun, pan anu disahandapeunana ogè boga kawenangan pikeun ngung­kulan. Ulah kuuleun.”

“Ah, kamana waè nyarita tèh, ieu mah keur urusan ngalongok anu gering kunaon los-los ka munding tikunclung sagala,” tèmbal Solèh bari garo-garo teu ateul, naha jadi sarua gèlona. (*)