Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR ngalamun di tepas hareup, ngadagoan “koneksi†internet nu meus-meus pareum, jol Haji Iding datang dina motor bari angkariÂbung ku babawaan. Atuh rasa keÂsel tèh rada kaubaran, keur mah beuteung lapar, internet ngadat waè, gawè tèh jadi teu puguh.
Ceuk Kang Haji Ono, aya teknologi anu “canggih†nyababÂkeun jalma jadi loba kagumanÂtungan jeung rada ogoan. BaÂheula keur jaman can aya listrik, nu gadag-gidig tengah peuting angger loba sanajan ukur ku obor minyak tanah atawa karari garing wungkul.
Di jero imah, caangna tèh ukur ku lampu tèplok, atawa caang sakadarna ti nu keur poÂpolah di dapur , pirunan seuneu dina suluh. Ayeuna? mangsa paÂreum listrik kakara dua jam ogè, loba jalma anu guling gasahan, eungap tèa, atawa teu bisa nongÂton sinetron karesepna.
Komo deui mangsa aya fina maèn bola, hèg listrik pareum. Pasti kutuk gendeng, anu jadi saÂsaranna taya deui iwal ti PLN.
“Ari telat sok didengda, mangsa pareum listrik teu bisa protès ka sasaha, ukur bisa tumarima,â€pokna tèh.
Lamun datang Haji Iding biasaÂna sok ramè, caritana ararahèng, komo sanggeus nyabit-nyabit pamarèntahan. Kuring mah ukur olohok ngembang kadu, sabab amÂpir sakabèh pasualan, boh anu alus jeung gorèngna apaleun pisan.
“Jalma ayeuna loba pasangka-sangka. Ceuk nu itu nu ieu mah senang, ceuk nu ieu nu itu mah senang,â€pokna bari kekecrek. Kuring jeung Haji Ono,ukur paÂpelong-pelong, teu ngarti kamaÂna jujutan caritana. Ngarasa anu dicaritaanna ngahuleng waè, Haji Iding nyarita deui.
“Lamun manggih kasenangan biasana patuding-tuding tapi keur manggih susah mah sok paaku-aku. Tah èta sifat para pajabat ayeuna,†manèhna nyarita deui.
“Maksudna kumaha tah ji,â€kuring nanyakeun, da panaÂsaran. Derekdek manèhna nyariÂtakeun pangalamanna mangsa papanggih jeung sababaraha paÂjabat. Mangsa ditanya anu dicariÂtakeun tèh ukur kasusahna wunÂgkul, loba bayareun tèa, dulurna di rumah sakit tèa, padahal mah papanggihna ogè di jalan.
“Samèmèh ditanya tèh anu diÂcaritakeun ukur kasusahna wunÂgkul, padahal mah nyaho pisan lamun manèhna kakara manggih kasenangan,â€sanggemna deui. Geus kitu, maranèhanna tèh siga anu moal maot jeung meunang pangitungan, ngeunaan anu dilaÂkonana di dunya.
Nu penting salamet saheuÂlaanan, urusan ahèrat mah kumaha engkè wè. Tah palebah dieu mah kuring rada poèkeun. Sabab di jaman kiwari mah, duÂmasar kana bèja dina koran, para pajabat tèh loba kasieunna, sabab cenah KPK siga anu aya di mana-mana. Dina ayana ogè pasti kalakuan anu baheula, kakara kabokèr atawa kabukakeun ayeuÂna. Mun tèa mah aya kènèh anu boga lampah kitu, sarta bisa nuÂtupan sakabèh pasualanna cukup ku duit, asa ku harianeun.
Komo deui pan loba pisan pamingpin daèrah anu geus ngaÂjak gawè Kajaksaan jeung KPK sangkan pamarèntahanna bersih jeung pinuh kawibawaan. Naha teu kapok kitu, kana bèja di koÂran-koran jeung telepisi, radio anu ngabèwarakeun kajadian koÂrupsi tur nu migawèna kacangkaÂlak ka cerek deleg ? Tapi kètang mangsa nempo dina telepisi, anu beunang kacangkalak tèh bangun anu taya kahanjakal, masih kènèh bisa sarangah-sèrèngèh. Boro boro èra atawa sieun dibui.
“Beuh ayeuna mah beuki palinter atuh, dina urusan anu kararitu tèh. Malah loba anu geus utang-itung, lamun meunang sakitu, hèg dibui sakitu taun, kaluar ti pangbuian tèh boga bekel keur hirup mangpuluh-puluh taun bari jeung teu kudu cape,†ceuk Haji Iding deui.
“Terus naha yakin yèn umurÂna bakal panjang saluyu jeung harepan? Kumaha lamun sabot keur di jero bui paèh mantèn, ataÂwa can kaburu tobat?†ceuk Haji Ono nanyakeun ka Haji Iding.
“Beuh nu kararitu mah mana ingeteun kana hisab ti Allah SWT. Nu penting mah kumaha bisa maraban anak pamajikan bari hirupna senang, soal itungan di ahèrat mah kumaha engkè wè.â€