1. Salmun kaasup anu milu ngawangun jeung medalkeun Ma­jalah Sunda Tjandra di Bogor dina tahun 1954 sarta Majalah Panglipur Mangle (1957) jeung Majalah Sari dina taun 1963.

Husus Majalah Manglè nepi ka kiwari medal kènèh, sanajan di Bogor mah geus rada arang. Baheula keur jenatna Ki Marko aya kènèh kawilang rajin ngèdarkeun jeung ngeusian ku bèja-bèja ti Bogor.

Karya-karyana anu mangrupa carita nyambung tur geus dibuku­keun dianatarana Budah Cikapund­ung (1965), Angeun Haseum (1965), Villa Bati Nyeri (1966), Neangan Bapa (1966). Salian ti èta, di taun samènèhna anjeunna ogè loba nulis naskah gending karesmèn anu diba­saindonèsiakeun ku sastrawa Armijn Panè, nyaèta Mundinglaya (1933), Kelenting Kuning (1933) jeung Leng­gang Kancana.

Dina mangsa saaentas perang MA. Salmun nulis Gending Karesmèn Arya Jalak Harupat anu ngariwayat­keun perjuangan Otto Iskandardinata dina taun 1954.

Hanjakalna karya-karya beunang MA. Salmun anu jumlahna ratusa ieu can sakabèhna kakumpulkeun ku­sabab loba kènèh karanganana anu kaclep saluyu dina majalah anu geus lila teu medal deui diantarana, Volk­salmanak Soenda, Parahiangan, Surat Kabar Sipatahoenan, Majalah Sunda, Candra, Sari, Mangle jeung nu lianna.

BACA JUGA :  Ternyata Daun Salam Miliki Banyak Manfaat untuk Kesehatan Tubuh, Simak Ini

Bukuna ngeunaan sastra Sunda kungsi dimedalkeun di Bandung dina taun 1957 judulna Kandaga Sastra Sunda. Buku ieu eusina ngeunaan pana­lalungtikan sastra jeung tata basa Sunda.

“Anjeunna lain ngan saukur ahli nulis dina basa Sunda wungkul tapi ogè dina basa Indonèsia. Gaya nu­lisna salian ti loba humor tapi kacida dariana mangsa nyaritakeun ngeu­naan filsafat, etika kahirupan jeung agama,” saur Mang Tatang.

Malah dina urusan pawayangan jeung padalangan ogè kawilang ahli, pinuh ku nasèhat, pituduh jeung pal­safah kamanusaan. Dina taun 1971, sanajan panonna geus teu pati nin­gali, MA. Salmun ngarèngsèkeun Paribasa Sunda sarta dikirimkeun ka panerbit Sumur Bandung.

“Paribasa Sunda ieu mangrupa karya pamungkasna, sababaraha bu­lan samèmèh anjeuna tilar dunya.” Hasil karyana kurang leuwih aya 480 judul, boh anu ditulis dina basa Sun­da atawa basa Indonèsia, ti mimiti tahn 1929 nepi 1967, ngawengku gu­guritan 122 judul, wawacan 6 judul, sajak 25 judul, carita pondok (carpon) 103 judul, roman 7 judul, anekdot (unak-anik) 26 judul, drama dang­ding jeung gending karesmen 5 judul, bahasan 172 judul, pangetahuan ba­caan umum 6 judul sarta buku panga­jaran 8 judul.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Rabu 1 Mei 2024

“MA. Salmun beunang dise­butkeun pangarang tilu jaman anu kawilang produktif tur sarwa bisa Sawatara jasana dina ngadegkeun Sa­kola Dalang di Bandung ogè teu beu­nang dianggap èntèng.

“Tah pikeun mièling kana jasa-jasana namina dijadikeun salah sa­hiji jalan di sabudeureun Pabrik Gas tèa. Numatak lamun urang ngaliwat kadinya taya salahna urang ma­cakeun surat Al Fatihah sabalik mah,” saur Mang Tatang daria.

“Enya nya tètèla urang ogè boga ahli sastra anu kacida hèbatna, ngan hanjakalna salila ieu tèh ampir teu kahibarkeun. Padahal mah naon salahna lamun aya hiji dines atawa lembaga anu aya patalina jeung kese­nian kabudayaan atawa sastra nyieun hiji panghargaan.

Upamana tèa mah pikeun lomba ngarang dina basa Sunda boh carpon atawa sajak. Sakurangna jadi nyaho yèn saha MA. Salmun tèh,” ceuk Mang Opik mairan.

Tina sababaraha sumber (Tamat)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================