Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN tèa mah Unesco ngingetan ka umat manusa sangkan mièling jeung terus ngagunakeun basa ind­ungna, kusabab basa tèh mangrupa kabeungharan budaya, pikeun urang Sunda mah sakuduna dipapagkeun ku rasa gumbira.

Sabab lamun diperhatikeun, basa Sunda tèh minangka salah sahiji basa anu beunghar kacida tur loba pisan unak-anikna. Diantarana aya kecap-kecap atawa kalimah anu nepi ka ay­euna teu bisa dibasa Indonèsiakeun.

Contona, aya kecap panganteur, kayaning jrut turun, berebet lumpat, gèk diuk, gog nagog, tèrèkèl naèk. Kitu ogè nu sèjènna, salah sahijina basa kuring mènta tulung ka Ki Dèddy Roamer Ps, ahli basa Indonèsia di Bo­gor, angger wè teu tiasaeun ngawaler, basa kuring meredih mènta dipang­tarjamahkeun kecap clom giriwil.

Basa Sunda, atawa basa indung sèjènna, tètèla leuwih taliti atawa ceuk basa kiwari mah spesifik dina ngagam­barkeun hiji kaayaan ku kecap anu singket.

Clom giriwil ngagambarkeun sawaktu keur nguseup, nyaèta beu­beunangan waè, clom (mangsa useup jeung eupanna) asup kana cai giriwil laukna ngait dina useup (beunang).

Eta tèh kakara dina urusan ngu­seup wungkul, encan dina kaayaan nu sèjènna, kayaning ceplak pahang (nyarita sabalakana bari jeung karasa­na pinyerieun), ngeureut neundeun, leutik mahi loba nyèsa.

Malah dina katentaraan mah, kawèntar pisan Pasukan Siliwangi mah saeutik ogè mahi. Ungkeban èta ngagambarkeun yèn sabenerna urang Sunda (baheula, teuing anu ayeuna mah) mibanda daya adapatasi, ngara­gangan kaayaan, anu kacida luhurna.

BACA JUGA :  7 Makanan Sehat Ini Ternyata Akan Bantu Turunkan Gula Darah

Hal èta kagambarkeun ku pari­basa kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak. Hanjakalna, dina wangkid kiwari urang Sunda loba anu teu bisa ngindung kawaktu mibapa ka jaman. Lain hartina, kaayaan jaman èdan, urang Sunda milu èdan.

Sabab urang mah boga tetekon anu mangrupa warisan ti karuhun anu saluyu jeung ageman anu diagem ayeuna. Mun diperhatikeun kalayan daria, sikep èta tèh geus aya, dianta­rana kumaha nyanghareupan kolot.

Pan cukup ku kalimah munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa. Rada kahudang rasa ogè basa ngobrol jeung Ayi Eman Lirayana, anu nyebutkeun yèn budaya ngatik jalma boga ètika, agama ngadidik jalma sangkan takwa.

Lain ngan dina basa wungkul kalu­hungan budaya tèh tapi dina tatarian ogè aya, diantarana aya gerak-gerak kasaimbangan hirup, boh dina lèng­kah atawa gerak leungeun. Anu pang­kacirina nyaèta dina ngaran anak sato.

Geura wè perhatikeun, pikeun anak ieu urang Sunda boga sesebutan atawa istilah sorangan diantarana, anak anjing disebutana , kirik/kicik, anak bagong : begu, anak bandeng : nanar, anak ban­teng : bangkanang, anak bangbung : kuuk, anak bangkong : buruy, anak belut : kuntit, anak bogo : cingok, anak boncel : bayong, anak buhaya : bocokok, anak deleg : boncel, anak embe : ceme, anak gajah : menel,anak hayam : ciak/pitik, anak japati : piyik, anak kancra : badal, anak keuyeup : bonceret, anak kuda : belo, anak kukupu : hileud, anak kutu : kuar, anak lancah : aom, anak lauk : ke­bul/burayak , anak lele : nanahaon, anak lubang : leungli, anak maung : juag/aum, anak monyet : begog, anak munding : eneng, anak reungit : utek-utek, anak sapi : pedet, anak ucing : bilatung.

BACA JUGA :  Dijamin Nambah Napsu Makan, Ini Dia Resep Sambal Cumi Asin dan Petai yang Lezat dan Sedap

Hanjakalna, sanajan basa jeung budaya urang tèh kacida beunghar­na, urang Sunda bangeun anu mo­pohokeun kana jati dirina. Lain ngan dina basa wungkul dina seni tradisi ogè, loba anu kurang merhatikeun.

Sawaktu kuring nongton hiji aca­ra anu mesèk ngeunaan tari Sunda di salaha sahiji telepisi Bogor, aya hiji ungkeban anu matak ngajenghok.

saur Kang Atang anu sapopoèna gu­lung gumulung dina seni tari tradisi nye­butkeun yèn nonoman Sunda (Bogor) leuwih resepeun diajar tari anu dicam­pur (dikolaburasikeun) jeung gerakan tari modern tibatan anu sifatna tradisi.

Sedeng bangsa deungeun anu keur dialajar di nagara urang daria pisan kana seni tradisi. Sabab, lèng­kah jeung gerak modern mah diang­gapna geus teu anèh deui.

Lamun kitu kanyataanana, boa sapuluh taun kahareup mah, urang Sunda tèh lamun hayang diajar seni tradisi kudu ka bangsa deungeun nya. Deudeuh teuing !

============================================================
============================================================
============================================================