Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH saurang guru anu ngawulang di salah sahiji sakola dasar di Kota Bogor, tur pangalaman ngajarna geus puluhan taun, nyaritakeun yèn nga­jar barudak kiwari tètèla leuwih hèsè tibatan murid baheula. Kuring rada ngahuleng, asa teu kaharti, sabab dumasar kana kayaan mah rarasaan henteu kitu.

Di jaman kiwari loba pisan pro­gram pamarèntah anu ngokolakeun su’al kasèhatan, boh keur budak (bal­ita) atawa indungna anu keur kakandungan.

Di Pos Yandu anu diantarana aya ngadahar vitamin A, imunisasi leng­kep, nimbang budak, jeung nu sèjènna nepi ka nyusuan ASI salila opat bulan tuluy tumuluy teu kaselangan ku bapa­na, èh maksudna mah teu kaselangan ku susu sapi atawa kaleng (eksklusif).

Keur indungna sorangan anu keur kakandungan sakurangna aya lima T, kahiji Timbang beurat awak, Tinggi (luhur) pundus, Tènsi, Tablèt beusi (dahar tablet anu ngandung zat beusi), jeung TT (Tètanus Teksoid) saencan nikah disuntik ku serum anti TT sakurangna dua kali.

Maksudna, mangsa indungna kakandungan, rahimna kuat tur teu ngalaman kaguguran mangsa umur kakandunganan ngora kènèh.

Geus kitu, tingkat gizi anu di dahar ku barudak kiwari, anu mangaruhan kana kamekaran uteuk, geus tangtu leuwih alus ayeuna ti batan baheula, sabab pangarti kana urusan nu kara­ritu tèh gampang pisan ditèanganana.

“Naha barudak ayeuna leuwih bodo kitu Kang?” cèkèng tèh rada teu ngarti.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

“Is lain èta, panyababna mah HP,”pokna daria.

“HP ?”

“Enya, kulantaran taya larangan anu resmi mawa HP ka kelas, barudak tèh diajarna kurang soson-soson.

Sawaktu guru nerangkeun tèh, lain merhatikeun guru ieuh, tapi kalah mencètan HP, males SMS ti indungna atawa babaturanana.”

Ceuk Ki Madi anu ngunduh bèja tina internet nyaritakeun yèn Tele­pon Leungeun (Hand Phone) Telepon Genggam atawa ponsel, dina urusan komunikasi mèmang kacida ngaban­tuna, tapi lamun salah “ngagunakeu­nana” tètèla jadi matak. HP tèh geus aya di jaman pangjajahan kènèh, tegesna dina taun 1947, hususna di nagara Amerika jeung Eropa.

Nu manggihana tèh nyaèta, Lars Magnuss Erricson, urang Swedia dina taun 1910. Anjeunna ogè anu ngadegkeun pausahaan Sony Erricson.

Nu pangheulana ngagunakeun parabot ieu tèh nyaèta Departemen Kepolisian Detroit Michigan, dina taun 1921. Ampir sakabèh mobilna dipas­angan telepon ieu kalayan ngagunak­eun frekuensi 2 MHz.

Dina taun, 1960, di Finlandia aya hiji pausahaan kabel nyaèta Fennis Ca­ble Works anu muka usaha telepon seluler sarta mèrk dagangna Nokia.

Di taun 1969, sistem telepon ieu mimiti dijualbeulikeun, salah sahiji paus­ahaan nu ngamekarkeunana tèh, nyaèta Motorolla, anu manajer proyèkna Dr. Cooper, ngajak gawè bareng Bell Labs.

Malah Cooper pisan anu nyobaan pangheulana, telepon kitu tèh, teges­na dina tanggal 3 April 1973. Dina poè èta Cooper, ngagunakeun telepon èta bari leuleumpangan di New York, ha­reupeun balarèa. HPna ogè teu kawas anu ayeuna, beuratna kurang leuwih, 0,8 kilogram.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Ngeunaan GSM, (Groupe Special Mobile) sistem anu lumaku kiwari, dimimitian dina taun 1982, sawaktu dilumangsungkeun konferensi pos jeung telegraf di Eropa.

Sistim ieu dimekarkeun pikeun ngalayanan kabutuhan komunikasi di Eropa, anu ditunjuk pikeun ngaga­rapna tèh nyaèta European Telecom­munication Standards Institute (ETSI) anu satuluyna ngaluarkeun GSM fase I dina patengahan taun 1991.

Dina taun 1993, sakurangna geus aya 36 jaringan GSM di 22 neg­ara. Kahèbatana GSM dibandingkeun jeung nu mimiti, nyaèta ayana SMS atawa Short Message Service. Anu satuluyna aya GPRS (General Packet Radio Service) jeung EDGE.

Beuki dieu, beuki hèbat waè, di­antarana UMTS (Universal Mobile Telecommunication System) atawa WCDMA (Wideband-Coded Division Multiple Access).

Hanjakalna urang mah ngan saukur jadi tempat ngajualan wung­kul, cohagna mah ngan jadi pamakè wungkul.

Geus kitu ampir unggal bulan modèlna tèh robah-robah, atuh anu barogaeun duit mah, teu sirikna ung­gal bulan ganti ku HP anyar.

“Tah kitu, kang. Lamun dicaram, kolotna tèh kalah datang ka sakola bari nyebutkeun pentingna HP tèh pikeun ngontrol kaayaan anakna. Alusna mah, aya pangaturan ti sakola atawa dines anu aya patalina, sangkan teu ngaganggu kagiatan diajar,” pokna tèh pinuh pangharepan. (*)

============================================================
============================================================
============================================================