Mangsa dipapagkeun di wewengkon Gadog ku nu gaduh tempat, Mama Mukawali bari terus diajak ka hiji tempat anu anyar diwangun rarasaan geus bèda. Di jerona loba patung anu bèda jeung anu sumebar foto-fotona ti mimiti patung Buddha, Giok Naga Beureum, rupa-rupa arca nu hijina beuratna nepi ka 4 kwintalna.

Wah lamun dipèrèkeun mah puguh loba anu teu kacatet, bakat­ing ku loba jeung ararahèng. Nu pangahèngna basa Mama muka hiji lomari anu eusina pinuh ku peti laleutik. Basa hiji-hiji dibuka matak olohok mata peda, eu­sina jenglot atawa manusa anu ngaleutikan anu ceuk sakaul teu bisa ditarima ku taneuh kusabab ngamalkeun ajian Batara Karang, Aji Pancasona jeung lianna. Wu­judna masih manusa, buukna jeung kukuna panjang aya kana 40 petina. Rek pata-potona hpna pareum bèak batrena.

“Kuring mah lain rèk nana­on. Hayang ngabèwarakeun ka balarèa yèn Sunda atawa Jawa Barat tèh beunghar. Bukti ayana jenglot atawa mummy ieu, ba­lukar tina ayana èlmu anu aya di dieu. Ogè hayang ngayakinkeun ka jalma-jalma anu nyebutkeun yèn Pajajaran jeung Prabu Sili­wangi ukur mitos. Sok datang ka dieu. Di kuring aya rupa-rupa pan­inggalan budaya, boh ti Karajaan Pajajaran, Galuh, Majapahit anu sakabèhna bogana Eyang. Lain ngan saukur carita wungkul tapi bukti fisikna,”pokna daria pisan.

BACA JUGA :  HALAL BIHALAL HANYA ADA DI INDONESIA DAN BANYAK MANFAATNYA

Anu matak hookeun jeung nepi ka nyiwit kulit nepi ka sa­babaraha kali basa diajak ka ro­hangan husus di tingkat dua. Di tempat ieu aya karya-karya pelu­kis dunia anu hargana kawilang mahal, diantarana beunangna Vincent van Gogh anu harga lukisanna nepo ka Rp, 1,5 trilyun Rembrandt van Rijn, Paul Ce­zanne jeung nu lianna. Boa nga­ran-ngaran sèjèn ogè aya, sabab loba pisan patumpuk.

Beunangna urang Indonesia Raden Saleh Bustaman, Basuki Abdullah sarta nu lianna. Pikeun ngariksa naha èta tèh bener beu­nang pelukis anu disebutkeun di luhur. Dina luhureun mèja nyampka buku literature dina basa Inggris jeung Francis leng­kep jeung gambarna. Hanjakal teu ngarti kana dua basa ieu. Eta tèh kakara nepi kana lukisan, komo kana barang-barang kayan­ing arca anu mangrupa emas anu beurat hijina aya kana sapuluh ki­lona. Mangkaning lain ngan ukur hiji, tapi loba pisan. Kitu ogè aya cingcin, kalung anu sakabèhna dijieun tina emas. Anu harita hadir, kalebet Kadisbudpar Kabu­paten Bogor, Kang Rachmat nepi ka nyiwit leungeun sababarah kalaka basa Mama ngaluarkeun batu Black Diamon ditarètès ber­lian sarta dibeungkeut ku emas.

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

“Tah ieu certifikatna,” saur Mama bari nuduhkeun surat anu nerangkeun batu èta ti Interna­sional Colored Gemstone (?) anu ukurana 180 karat. Wah loba pisan puguh ogè, hèsè matak per­cayana lamun teu datang. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================