Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Lila teu ngadèngè wirahma degungan kalayan langsung, da geus rada jarang anu mintonkeun (boh di nu hajatan, atawa di pas­amoan-pasamoan) kalèlèd ku OT, ceuli tèh mani asa katorèkan, gantung dèngèeun. Padahal la­mun ngitung umur mah geus taya pupurieunana, rèk naon atuh.

Sanajan dinya enyana ogè bisa, sawaktu manggung mah geus moal mungkin diajakan. Nu lalajo mah (kaasup kuring) pan leuwih pogot nempo anu “sala­leger”. Geus teu pantes, pan nu saumuran kuring mah, payusna tèh meujeuhna mencètan tasbèh.

Enya wè teu nyalahan, ngadèngèkeun wirahma degung langsung karasa bisan bèdana jeung tina kasèt atawa CD, aya hal-hal anu teu bisa digantian. Boh gelik kacapi, sora saron , je­nong gendang jeung goongna. Komo palebah kawih Jiro Sam­pak, Tepang Asih mah asa aya di alam mana boa.

“Salah sahiji wujud kacin­taan kana budaya tèh nyaèta mi­karesep kana kawih-kawih sunda, komo nepi ka bisa mah, ulah seueur-seueur salagu wè heula,” ceuk Kang Awal anu jadi juru lati­hna. Reugreugna mah, nu lalati­han tèh geuning barudak kènèh umuran barudak SD jeung SMP. Loba diantarana kulawarga Ki Ba­har, kaasup alo-alo jeung anakna. Kituna tèa mah teu nyalahan la­mun kulawarga ieu kulaweaga seniman, sabab uyah mah geun­ing tara tèès ka luhur.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

Apana Bahar jeung Awal tèh, almarhum Bapa Endang Sustira, baheulana pamaèn tunil atawa sandiwara Sunda di Purbasari Gunung Batu, saentragan Apih Dayat,Bah Odoy, Mad Roi urang Bantar jati anu baheula mah katelahna Si Koncèr. Jaman harita anu katelah bodoranana matak ger tèh Mang Badong anu nami aslina mah jafar.

Tah diantara para nayaga tèh anu keur latihan tèh nu kaciri pisan tèh tukang goong. Dina susunan seni gending, tukang goong tèh sabenerna kawilang penting, sabab kaciri pisan salahna jeung kawilang panutup wirahma, ngan dina panghargaan mah (kaasup honorna) kawilang panghandapna.

Sabab cicingna ogè di jajaran pangtukangna, nu pangtukangna tèa, lamun nasibna alus kabagèan panglobana, tapi karemenana mah nya kitu tèa cau ogè buti­tina. Sanajan gawèna ukur nako­lan anu ngajendol, tapi tetep wè konsèntrasina kudu pinuh. Sabab malaweung saeutik, sora goong teu ninggang dina wirahmana, pastina aya nu molotot. Malah teu saeutik panongton anu hahaok nyarèkan tukang goong anu salah nakol.

Jigana lamun pausahaan karèta api mah, tukang goong tèh teu bèda di patugas jaga panto karèta, lamun ngalamun saeutik atawa dina hiji waktu poho nu­tupkeun panto, bakal ngabalu­karkeun kacilakaan. Urusan gaji­hna, jigana tèh teu jauh ti tukang goong, pangbucitna. Tepi ka ki­wari asa teu kadèngè aya tukang goong anu kamashur, bèda jeung tukang gendang, komo jeung juru kawih atawa ki dalang mah.

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

Sabab taya aya, festival atawa lomba ngagoong. Lamun juru kawihna mah loba nu kawèntar kayaning Upit Sarimanah, Titim Fatimah, Iyar Wiarsih jrrd. Malah Iyar Wiarsih anu kawèntar ku kawih mojang priangan tèa, lain ngan saukur ngawihkeun lagu-la­guna Upit jeung Titim wungkul, tapi pinter nyiptakeun lagu.

Diantarana anu kawèntar tèh nyaèta, Dikantun Tugas, anu diciptakeun saentas Presidèn Soekarno ngucapkeun Trikora, Kalakay Murag, Rèrèt Mojang, Wanita Jaya jeung Gutak-Gitek. Sakurangna 58 lagu anu tos dicip­takeun ku anjeunna. Lian ti èta, Iyar ogè kugsi nulis buku anu judulna Pasindèn jeung Rumpak­ana, anu ayeuna dijadikeun buku panungtun juru kawih Sunda di Tatar Pasundan. Ku jasa-jasana, Iyar meunang panghargaan ti Gubernur Jawa Barat (taun 1985) jeung Bupati Bandung(1993).

Tah jigana mah mun hayang kawèntar tukang goong ogè kudu bisa nyiptakeun lagu jeung nulis buku nya. Sabab salila ieu tukang goong mah taya festivalna pisan. Sanajan dina wirahma sunda, goong tèh jadi patokan. Deudeuh teuing tukang goong, kabagian cicing di tempat pangtukangna.

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================