Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MUN pareng keur ulin ka Jasinga, palebah Kampung Garisul Desa Kalong wayah eururn heula sake­deung mah, sakurangna ngaran­deg. Sabab di palebah dieu, aya plang atawa ngaran panuduh anu kacida gedèna, Situs Pemakaman Raja-raja Islam. Situs ieu umurna kurang leuwih aya kana lima ra­tusa taunan.

Saentas mapay-mapay sisi cai, diantarana pasantren, bras wè ka hiji pakampungan, nanjak saeu­tik, teu lila urang bakal mang­gihan komplek pamakaman anu kawilang lega.

Ngeunaan harti ngaran Gari­sul, numutkeun Pa Uci Sanusi, juru peliharana, singgetan tina garis wates panyusulan. Tegesna, sing saha waè anu nyebarkeun agama Islam nu daratang ti Kulon jeung ti Kalèr wajib ngalaporkeun dirina saencan asup ka weweng­kon anu rèk didatanganna.

“Di komplek pamakaman ieu, teu kurang ti 1200 urang para syuhada atawa pahlawan perang Islam atawa nu nyebarkeun aga­ma Islam dikurebkeun. Komplek pamakaman ieu, legana kurang leuwih lima rèbu meter pasagi,” walerna basa ditaros ku Kang Wawan Khusnun pikeun acara ng­abuburit bareng Karfat dina salah sahiji tipi Bogor, Masih saur Pa Uci, tandana yèn èta kuburan Islam tèh diantarana makam nyanghunjar ngalèr ngidul, ogè totondèn aya tulisan atawa reliefna dina Arab gundul. Kitu ogè aya ciri kuburan pikeun lalaki jeung awèwè. Nu lal­aki cirina buleud, sedengkeun nu awèwè tandana damprak.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Para raja atawa gegedènna mah dikuburna di tempat anu pangluhurna, sarta batuna ogè leuwih badag ti nu biasa,”pokna daria. Di komplek anu dihu­suskeun pikeun para gegedèn Is­lam ieu, aya sababaraha kuburan diantarana makam Syeh Arifudin Mandiri Langlangbuana Jagat, Syeh Mangkubumi, Syeh Daud bin Maulana Mansur Cikadueun, Syeh Ishak Bin Abdullah sarta makam salah saurang putri Raja Kediri anu ceuk bèja dibeunang­keunna ku jalan saèmbara.

Di bagian sèjèn anu masih kè­nèh kaasup pamakaman utama, aya makam Syeh Mada, Syeh Muhammad Amin, Syeh Yaman anu asalna ti Timur Tengah jeung Syeh Salman Alfarizi sarta Pan­geran Jagaraksa.

Taya katerangan anu pasti kumaha lalakonna Syeh Yaman anu asalna ti Timur Tengah bisa nepi ka Kampung Garisul ieu. Ngeunaan komplek pamakaman ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn anu dikurebkeun di temapt ieu tèh balukar tina perang jeung pasukan Karajaan Pajajaran anu dipingpin ku Eyang Puraseda mangsa Karajaan Pajajaran, dip­ingpin ku Surawisèsa, sarta anu pangrohakana keur di jaman Pra­bu Pucuk Umun, raja pamungkas Pajajaran.

Dina mangsa ieu, Karajaan Pa­jajaran keur dina kaayaan bancang pakèwuh. Ceuk sumber èta, pa­sukan Pajajaran anu dipingpin ku Eyang Puraseda dikurebkeun di wewengkon Puraseda Leuwiliang.

Tapi bisa jadi anu dimakam­keun di Garisul, lain ngan saukur pasukan ti Banten wungkul, tapi sabagèan diantarana pasukan Pa­jajaran, sabab tentara Pajajaran mah, Drahayat biasa. Dumasar kana panalangtulikan, dina salah satu batu nisan anua aya di dinya aya angka anu nandakeun iraha ayana makam èta, nyaèta angka 1015/1501 atawa 1021.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Tapi hanjakal pisan naha Masèhi, Saka Jawa atawa Saka Hindu. Dumasar kana catetan sajarah asupna Islam anu kacida ceuyahna ka Bogor (Pajajaran) mangsa Kasultanan Banten dip­ingpin ku Sultan Maulana Yusuf anu geten pisan nyumebarkeun agama Islam, sarta Karajaan Paja­jaran keur dirajaan ku Ragamulya Suryakancana.

Dina kabisaan anu lumaku di Banten, dina itungan waktu, Ka­sultanan Banten sok ngajoragna tèh dina poè Ahad, tanggal hiji Muharam, atawa taun alif sang­kala bumi, rusak èkèk iki sarta lamun ditarjamahkeun jadi 501 saka atawa 1579 Masèhi. Tapi tangtuna katerangan ieu masih perlu panalungtikan anu leuwih daria, sangkan leuwih bisa di­tanggungjawabkeun.

Ayana komplek pamakaman ieu, beuki nguatkeun pama­dagen paniten anu bumina di Karadènan yèn ampir sakabèh wewengkon di Bogor (kaasup kota) mangrupakeun situs anu masih kènèh kudu diguar deui.

Sigana tèh anggaran pikeun dines anu raket patalina jeung uru­san nu kararieu kudu ditambahan, sabab kahareupna bisa jadi salah sahiji tujuan pariwisata dunia du­masar kana situs jeung BCB anu aya mah. Mugia wè atuh nya !

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================