Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MUN pareng keur ulin ka Jasinga, palebah Kampung Garisul Desa Kalong wayah eururn heula sake­deung mah, sakurangna ngaran­deg. Sabab di palebah dieu, aya plang atawa ngaran panuduh anu kacida gedèna, Situs Pemakaman Raja-raja Islam. Situs ieu umurna kurang leuwih aya kana lima ra­tusa taunan.

Saentas mapay-mapay sisi cai, diantarana pasantren, bras wè ka hiji pakampungan, nanjak saeu­tik, teu lila urang bakal mang­gihan komplek pamakaman anu kawilang lega.

Ngeunaan harti ngaran Gari­sul, numutkeun Pa Uci Sanusi, juru peliharana, singgetan tina garis wates panyusulan. Tegesna, sing saha waè anu nyebarkeun agama Islam nu daratang ti Kulon jeung ti Kalèr wajib ngalaporkeun dirina saencan asup ka weweng­kon anu rèk didatanganna.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

“Di komplek pamakaman ieu, teu kurang ti 1200 urang para syuhada atawa pahlawan perang Islam atawa nu nyebarkeun aga­ma Islam dikurebkeun. Komplek pamakaman ieu, legana kurang leuwih lima rèbu meter pasagi,” walerna basa ditaros ku Kang Wawan Khusnun pikeun acara ng­abuburit bareng Karfat dina salah sahiji tipi Bogor, Masih saur Pa Uci, tandana yèn èta kuburan Islam tèh diantarana makam nyanghunjar ngalèr ngidul, ogè totondèn aya tulisan atawa reliefna dina Arab gundul. Kitu ogè aya ciri kuburan pikeun lalaki jeung awèwè. Nu lal­aki cirina buleud, sedengkeun nu awèwè tandana damprak.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

“Para raja atawa gegedènna mah dikuburna di tempat anu pangluhurna, sarta batuna ogè leuwih badag ti nu biasa,”pokna daria. Di komplek anu dihu­suskeun pikeun para gegedèn Is­lam ieu, aya sababaraha kuburan diantarana makam Syeh Arifudin Mandiri Langlangbuana Jagat, Syeh Mangkubumi, Syeh Daud bin Maulana Mansur Cikadueun, Syeh Ishak Bin Abdullah sarta makam salah saurang putri Raja Kediri anu ceuk bèja dibeunang­keunna ku jalan saèmbara.

Di bagian sèjèn anu masih kè­nèh kaasup pamakaman utama, aya makam Syeh Mada, Syeh Muhammad Amin, Syeh Yaman anu asalna ti Timur Tengah jeung Syeh Salman Alfarizi sarta Pan­geran Jagaraksa.

============================================================
============================================================
============================================================