Taya katerangan anu pasti kumaha lalakonna Syeh Yaman anu asalna ti Timur Tengah bisa nepi ka Kampung Garisul ieu. Ngeunaan komplek pamakaman ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn anu dikurebkeun di temapt ieu tèh balukar tina perang jeung pasukan Karajaan Pajajaran anu dipingpin ku Eyang Puraseda mangsa Karajaan Pajajaran, dipÂÂingpin ku Surawisèsa, sarta anu pangrohakana keur di jaman PraÂÂbu Pucuk Umun, raja pamungkas Pajajaran.
Dina mangsa ieu, Karajaan PaÂÂjajaran keur dina kaayaan bancang pakèwuh. Ceuk sumber èta, paÂÂsukan Pajajaran anu dipingpin ku Eyang Puraseda dikurebkeun di wewengkon Puraseda Leuwiliang.
Tapi bisa jadi anu dimakamÂÂkeun di Garisul, lain ngan saukur pasukan ti Banten wungkul, tapi sabagèan diantarana pasukan PaÂÂjajaran, sabab tentara Pajajaran mah, Drahayat biasa. Dumasar kana panalangtulikan, dina salah satu batu nisan anua aya di dinya aya angka anu nandakeun iraha ayana makam èta, nyaèta angka 1015/1501 atawa 1021.
Tapi hanjakal pisan naha Masèhi, Saka Jawa atawa Saka Hindu. Dumasar kana catetan sajarah asupna Islam anu kacida ceuyahna ka Bogor (Pajajaran) mangsa Kasultanan Banten dipÂÂingpin ku Sultan Maulana Yusuf anu geten pisan nyumebarkeun agama Islam, sarta Karajaan PajaÂÂjaran keur dirajaan ku Ragamulya Suryakancana.
Dina kabisaan anu lumaku di Banten, dina itungan waktu, KaÂÂsultanan Banten sok ngajoragna tèh dina poè Ahad, tanggal hiji Muharam, atawa taun alif sangÂÂkala bumi, rusak èkèk iki sarta lamun ditarjamahkeun jadi 501 saka atawa 1579 Masèhi. Tapi tangtuna katerangan ieu masih perlu panalungtikan anu leuwih daria, sangkan leuwih bisa diÂÂtanggungjawabkeun.
Ayana komplek pamakaman ieu, beuki nguatkeun pamaÂÂdagen paniten anu bumina di Karadènan yèn ampir sakabèh wewengkon di Bogor (kaasup kota) mangrupakeun situs anu masih kènèh kudu diguar deui.
Sigana tèh anggaran pikeun dines anu raket patalina jeung uruÂÂsan nu kararieu kudu ditambahan, sabab kahareupna bisa jadi salah sahiji tujuan pariwisata dunia duÂÂmasar kana situs jeung BCB anu aya mah. Mugia wè atuh nya !