Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BASA ngaliwat ka hareupeun salah sahiji toko di wewengkon Jambatan Mèrah kadèngè hawar-hawar sora gamelan anu biasa ditÂÂabeuh mangsa keur pangantènan, mani asa mulangkeun panineunÂÂgan, lain ka mangsa keur diraÂÂpalan atawa ka bale nyungcung, tapi jaman keur urang Sunda di imahna sèwang-sèwangan.
Sabab sakainget kuring baÂÂheula mah urang Sunda tèh rareÂÂsepun nyetèl nu kararitu. Ayeuna mah geus rada arang tah, sabab geus kagantian ku lagu-lagu band jaman ayeuna, geus kitu loba koÂÂlot anu geus teu pati resepeun ngadèngèkeun kasèt atawa CD, kagantian ku acara dina televise.

Padahal musik atawa kakawiÂÂhan, bisa mangaruhan jiwa jalma anu ngadèngèkeunanana, sabab salian ti pikeun ngèbrèhkeun ideu-ideu jeung kaayaan jiwa, di nagara deungeun mah, musik tèh digunakeun pikeun ngarangsang paripolah, nepi ka di masaraÂÂkatna aya kawih-kawih anu diÂÂhususkeun pikeun ngahadirkeun katrengteman.
Saujratna sakabèh manusa sabenerna dibèrè anugerah ku Allah SWT, kabisa pikeun diajar jeung bakat ngeunaan naon waè. Salin ti lingkungan alam, jeung kajadian-kajadian sosialna, sarta tina pangalaman sorangan. Dina hal diajar ieu, ceuk urang Bogor mah, panta-panta, aya anu cepet nyerepna tèh aya ogè anu kudu sababaraha balikan, kitu ogè dina ngararasakeun kaèndahan wirahÂÂmana.
Tah pikeun ngararasakan kumaha èndahna wirahma lagu, manusa perlu ngabiasakeun ngadèngèkeun heula. Salah saÂÂhiji contona, gamelan Bali, ceuk sèkèsèlèlèr saluaran Bali, anu kakara ngadèngè mah, asa teu pararuguh, tapi lamun geus saÂÂbabaraha kali mah, kakara karasa kumaha èndahna wirahma anu dikaluarkeun tina gamelan ieu.
Salian ti sarana hiburan, bisa nyènangkeun hate, kusabab dina lagu mah aya wirahma anu diatur, musik sanajan henteu kudu ngarti anu dimaksudkeun ku nu nyipÂÂtakeunana. Numatak, loba anu nyebutkeun yèn musik mah siÂÂfatna umum, atawa universal tèa.