Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BASA ngaliwat ka hareupeun salah sahiji toko di wewengkon Jambatan Mèrah kadèngè hawar-hawar sora gamelan anu biasa dit­abeuh mangsa keur pangantènan, mani asa mulangkeun panineun­gan, lain ka mangsa keur dira­palan atawa ka bale nyungcung, tapi jaman keur urang Sunda di imahna sèwang-sèwangan.

Sabab sakainget kuring ba­heula mah urang Sunda tèh rare­sepun nyetèl nu kararitu. Ayeuna mah geus rada arang tah, sabab geus kagantian ku lagu-lagu band jaman ayeuna, geus kitu loba ko­lot anu geus teu pati resepeun ngadèngèkeun kasèt atawa CD, kagantian ku acara dina televise.

Padahal musik atawa kakawi­han, bisa mangaruhan jiwa jalma anu ngadèngèkeunanana, sabab salian ti pikeun ngèbrèhkeun ideu-ideu jeung kaayaan jiwa, di nagara deungeun mah, musik tèh digunakeun pikeun ngarangsang paripolah, nepi ka di masara­katna aya kawih-kawih anu di­hususkeun pikeun ngahadirkeun katrengteman.

Saujratna sakabèh manusa sabenerna dibèrè anugerah ku Allah SWT, kabisa pikeun diajar jeung bakat ngeunaan naon waè. Salin ti lingkungan alam, jeung kajadian-kajadian sosialna, sarta tina pangalaman sorangan. Dina hal diajar ieu, ceuk urang Bogor mah, panta-panta, aya anu cepet nyerepna tèh aya ogè anu kudu sababaraha balikan, kitu ogè dina ngararasakeun kaèndahan wirah­mana.

Tah pikeun ngararasakan kumaha èndahna wirahma lagu, manusa perlu ngabiasakeun ngadèngèkeun heula. Salah sa­hiji contona, gamelan Bali, ceuk sèkèsèlèlèr saluaran Bali, anu kakara ngadèngè mah, asa teu pararuguh, tapi lamun geus sa­babaraha kali mah, kakara karasa kumaha èndahna wirahma anu dikaluarkeun tina gamelan ieu.

BACA JUGA :  PENYEBAB PEROKOK DI INDONESIA TERUS BERTAMBAH

Salian ti sarana hiburan, bisa nyènangkeun hate, kusabab dina lagu mah aya wirahma anu diatur, musik sanajan henteu kudu ngarti anu dimaksudkeun ku nu nyip­takeunana. Numatak, loba anu nyebutkeun yèn musik mah si­fatna umum, atawa universal tèa.

Contona Kitaro anu asalana ti Nagara Jepang. Sanajan teu kaharti, tapi loba bangsa urang anu ngadèngèkeunana. Musik ogè bisa dijadikeun alat komuni­kasi, diantarana di jaman baheula mah, lamun rèk perang tèh sok aya sangkakala, kitu ogè mangsa aya bahla, sora kohkolna bèda jeung keur ngaronda.

Kitu ogè dina gamelan Sunda, aya anu sifatna ngajak balik ka alam panineungan, diantarana gelikna kacapi jeung jentrèngna sora kacapi anu dipetik. Kacapi, ceuk sabagèan kiratana tèh ke­cap piwulang. Sabab rumpaka anu aya dina kawih-kawih Cian­juran mah, lobana tèh mangrupa pituah, pèpèling pikeun nyangha­reupan kahirupan sapopoè.

Mun teu salah di luar nagri mah, aya program husus pikeun anu keur kakandungan tèh nyaèta sok disètèlkeun musik klasik. Ni­lik kana èta mah, rarasaan taya salahna lamun kacapi suling anu eusina mangrupa panggeuing tèa, dijadikeun sarana hiburan jeung nyombo hate para pasèn anu keur dirawat di rumah sakit atawa di rumah-rumah bersalin, atawa anu ceuk urang Malaysia mah, rumah sakit korban laki-laki (?).

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Sakurangna, wirahma karawi­tan anu jerona lemes tur tèh bisa mangaruhan jiwa orok di jero beuteung, atawa gelikna suling jeung jentrèngna kacapi tèh bisa mere katenangan ka pasèn-pasèn anu keur diubaran.

Mangsa jalma ayeuna loba anu kasandingan, meus-meus garelut, meus-meus silih jorag jeung sasamana anu panyababna ukur mas’alah teu sapira, taya salahna ruhanina tèh dieusi ku kaluhungan budaya lian ti agama tèh. Sabab ceuk salah saurang seniman Bogor, budaya bisa nyababkeun manusa boga ètika, agama ngajalanan manusa jadi takwa. Lamun duanana dihijik­eun asa ku merenah pisannya.

Tah pikeun rumah tangga anu geus loba ninggalkeun adat ka­sundaan taya salahna, lamun ung­gal isuk samèmèh barudak indit ka sakola tèh disetèlkeun kawih-kawih Sunda. Mèmang mungga­ran mah, meureun ceuk barudak tèh, kuno jeung kurang gaul. Tapi lamun dibiasakeun mah, lila-lila ogè resepeun. Kumaha wè lain urang Bali, mangsa munggaran diwanohkeun mah, loba anu teu resepeun. Geuning lila-lila mah karasaeun ni’matna tèh.

Ceuk Kang Wawan urang Karadenan tèa, kacida ni’matna mun keur cicing di saung sawah, digeberan ku angin nu ngahiliwir sarta dipèpèndè ku gelikna sorang suling, jentring kacapi, sarta haleuangna juru mamaos. “Atuh wanci Magrib mah nya kacida surupna ku pupujian,”pokna daria. Jadi ku bias amah, nya jadi bisa. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================