Tapi saur Ustad Cècèh mah, anu pangafdolna ngabuburit tèh di masjid. Ba’da shalat Ashar tèg der wè ngaderes Qur’an mun bisa mah nepi ka sababaraha juz, lanun teu kuat cukup sababaraha lain.

“Unggal ba’da Ashar istiqomah ngaderes Qur’an, Insya Allah dina sabulan puasa geus tamat sa­babaraha balikan tah.” saurna basa kuliah subuh di majlis ta’lim di lemburna. Tah dina kasarèanana ogè angger meunang ganjaran, ti­batan panon diumbar pikeun nem­poan anu teu araruni mah.

Di jaman kiwari, saur Ustad Cècèh, loba pisan hal-hal anu matak ngabatalkeun pahala pua­sa. Geura wè, di mall, di pasar, di jalan raya, loba kènèh kaum hawa anu ngamurah-marèh awakna. Meureun maksudna mah hayang nèmbongkeun kaèndahan ka kaum Adam, tapi carana salah.

“Lamun arèk ditempokeun mah, èngkè wè ka salakina nya?” pokna deui di hareupeun para jamaah anu hadir dina pangajian èta. Jadi, lamun tèa mah kapaksa kudu ngabuburit kawas budak ngora, pikeun urang anu geus karolot mah, ulah loba teuing tingkah.

Puguh awak geus rangkèbong, kulit geus kalendor, hayoh make hayang momotoran sagala. An­tukna ti peuting karasa muriang, mangsa Isya jeung tarawèh tèh kalah ngagolèr dina enggon sarè.

“Barudak ngora onaman awakna kuat kènèh, teu kawas urang anu geus rarèmpo, teu kaop salah barang dahar ogè pan beu­teung tèh langsung karasa lin.”

Dina sajeroning ngabuburit tèh alusna mah basajan atawa sederhana, ulah nepi ka katiwa­han kecap teuing atawa kamali­naan, Sebab anu sarwa teuing tèh biasana gorèng tungtungna, salah sahiji panyabab nagara kacow tèh diantarana aya kecap teuing di­tungtungna. Boh tolèransi teuing, bageur teuing atawa ngèlèhan teuing. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================