Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
RADA ngahuleng ogè basa Mang Adung, nyebutkeun yèn salah sahiji ciri anu pangunjulna dina ngabèdakeun bulan puasa jeung bulan sèjèn tèh nyaèta nempo kaayaan di Masjid jeung musholÂla. Dina bulan puasa mah, masÂjid tèh ampir unggal poè pinuh kacida, kayaning di Masjid Raya atawa Masjid Agung.
Rupa-rupa, aya anu ngadon itikaf, hususna mah pikeun para pangsiunan atawa kolot-kolot anu geus teu loba kapusing. BiÂasana mangkat ti imahna tèh, tas shalat duha, atawa ngadon shalat di Masjid, tuluy ngaderes, meuÂnang sajam, gogolèhèan.
Hudang Lohor, shalat berjaÂmaah, Ashar kitu deui, ditambaÂhan ku ngaderes Qur’an heula. Bari balik meuli dahareun pangÂbukaan, datang ka imah tèh pas bedug Magrib wè. Ach, pokona mah, pikeun anu geus asup ka mangsa purwa bakti mah, loba waktu, alias rinèh pikeun ngaÂjalankeun ibadah tèh, komo di jaman puasa kieu.
Jaman sagala di tahan atawa puasa, boh nahan tina dahar, nginum jeung hawa nafsu, masÂjid jeung musholla dianggap temÂpat pangcocokna pikeun ngabuÂburit, sabab di tempat ieu mah, sakurangna bisa kabawakeun alus jeung meunang pahala. Ngadèngèkeun pangajian, atawa nu keur ngaderes bari gogolèran ogè, pan geus hiji kahadèan tur meunang ganjaran ti Allah SWT.
Tapi lamun hayang nangtang “pibahlaeunâ€, kana puasa mah, lamun teu ka tengah pasar atawa ka puseur pangbalanjaan atawa mall. Puguh ogè rada ahèng, kaayaan keur ngajalankeun puasa mah. Ngambeu lauk asin usam anu keur di gorèng tèh, atawa ngambeu kopi anu keur diseduh tèh mani asa kumaha. Padahal dina poè biasa mah teu ieuh matak pikabitaeun. Kitu ogè, ceuk Mang Aguy anu ungÂgal poè nongkrong di mall, ceÂnah teuing kunaon, dina bulan puasa mah, jalma tèh ngadadak jadi gareulis kabèh.
“Komo deui pan di mall mah jalma tèh campur, pakèaanana tèh jiga anu ngahajakeun, sarwa ngabolèklak, nepi ka sakapeung mah, matak poho kana waktu,†pokna daria. Anu mararakè pakÂèan kitu tèh lain agama sèjèn wungkul, tapi anu ngaku IslamÂna ogè loba pisan. Padahal mah nya naon salahna dina bulan kieu mah, pakèan tèh rada buni, salian ti teu jadi matak ka batur, ogè pan dirina tèh meunang paÂhala nya.
Padahal puasa mah hiji ibadah anu kacida bisa “diboÂbodokeunâ€, sabab ukur dirina jeung Gusti Allah anu apaleun. Contona waè, jalma bisa waè godin susulumputan, ti imahna ngaku puasa, di satengahing jaÂlan, buka, balik deui ka imah, angger ngaku puasa ogè bisa kèÂnèh.
Saujratna puasa tèh ngalatih kajujuran, jeung milu ngaraÂsakeun kumaha rasana anu teu dahar saendeng-endeng. Hanjakalna, teuing pèdah teu nyahoeun atawa mèmang ti BeuÂlah dituna kurang pangajaran agama. Loba jalma anu ngalaÂkonan paripolah anèh, anu ceuk Ustad Asèp mah, make baju tapi teu make calana.
“Enya, dina ngalakonan puaÂsa tèh katempo pisan robahna, biwirna garing, anu tadina boroÂhol ayeuna mah, loba pisan cicÂingna. Ah, pokona mah robah wè kalakuanana tèh, hanjakalna teu migawè sholat. Ngalakonan puaÂsa bari jeung teu migawè shalat mah, sarua jeung make baju teu make calana,†saurna.
“Naha kitu kumaha, AjenÂgan?†ceuk Aguy nanyakeun.
“Enya kuwajib-wajibna migawè shalat, lamun teu bisa nangtung, bisa bari diuk, teu bisa diuk bari ngagolèr ogè dimeunangkeun, taya cai bisa tayamum. Pan puasa mah, bisa teu dilakonan pikeun anu keur musafir atawa dina perjalanan, sarta bisa digantian dina waktu sèjèn. Sedengkeun shalat mah henteu kitu ieuh,â€pokna tèh daria.
Dipikir-pikir lamun diperÂhatikeun, loba kènèh anu kitu tèh, padahal mah, nyaah kana puasana, lebar pisan. Malah bisa jadi anu samodèl kitu mah, tina hasil puasana tèh ngan saukur meunang lapar jeung hanaang wungkul.
“Tah, meungpeung kakara tilu poè jeung ayeuna, bèjaan ka dulur-dulur jeung baraya, anak salaki pamajikan, ulah nganyanÂyaah puasa anu keur dilakonan kusabab henteu ngajalankeun shalat kituh. Malah afdolna mah shalatna tèh berjamaah lain munfarid sosoranganan di imah.†saurna tatag pisan. Beuh geuning kitu nya, numatak yu ah urang omèan, meungpeung deuÂkeut kènèh pisan. Tibatan make baju tapi teu make calana mah. Breng ah !
Bagi Halaman