Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

RADA ngahuleng ogè basa Mang Adung, nyebutkeun yèn salah sahiji ciri anu pangunjulna dina ngabèdakeun bulan puasa jeung bulan sèjèn tèh nyaèta nempo kaayaan di Masjid jeung mushol­la. Dina bulan puasa mah, mas­jid tèh ampir unggal poè pinuh kacida, kayaning di Masjid Raya atawa Masjid Agung.

Rupa-rupa, aya anu ngadon itikaf, hususna mah pikeun para pangsiunan atawa kolot-kolot anu geus teu loba kapusing. Bi­asana mangkat ti imahna tèh, tas shalat duha, atawa ngadon shalat di Masjid, tuluy ngaderes, meu­nang sajam, gogolèhèan.

Hudang Lohor, shalat berja­maah, Ashar kitu deui, ditamba­han ku ngaderes Qur’an heula. Bari balik meuli dahareun pang­bukaan, datang ka imah tèh pas bedug Magrib wè. Ach, pokona mah, pikeun anu geus asup ka mangsa purwa bakti mah, loba waktu, alias rinèh pikeun nga­jalankeun ibadah tèh, komo di jaman puasa kieu.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Jaman sagala di tahan atawa puasa, boh nahan tina dahar, nginum jeung hawa nafsu, mas­jid jeung musholla dianggap tem­pat pangcocokna pikeun ngabu­burit, sabab di tempat ieu mah, sakurangna bisa kabawakeun alus jeung meunang pahala. Ngadèngèkeun pangajian, atawa nu keur ngaderes bari gogolèran ogè, pan geus hiji kahadèan tur meunang ganjaran ti Allah SWT.

Tapi lamun hayang nangtang “pibahlaeun”, kana puasa mah, lamun teu ka tengah pasar atawa ka puseur pangbalanjaan atawa mall. Puguh ogè rada ahèng, kaayaan keur ngajalankeun puasa mah. Ngambeu lauk asin usam anu keur di gorèng tèh, atawa ngambeu kopi anu keur diseduh tèh mani asa kumaha. Padahal dina poè biasa mah teu ieuh matak pikabitaeun. Kitu ogè, ceuk Mang Aguy anu ung­gal poè nongkrong di mall, ce­nah teuing kunaon, dina bulan puasa mah, jalma tèh ngadadak jadi gareulis kabèh.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

“Komo deui pan di mall mah jalma tèh campur, pakèaanana tèh jiga anu ngahajakeun, sarwa ngabolèklak, nepi ka sakapeung mah, matak poho kana waktu,” pokna daria. Anu mararakè pak­èan kitu tèh lain agama sèjèn wungkul, tapi anu ngaku Islam­na ogè loba pisan. Padahal mah nya naon salahna dina bulan kieu mah, pakèan tèh rada buni, salian ti teu jadi matak ka batur, ogè pan dirina tèh meunang pa­hala nya.

============================================================
============================================================
============================================================