Padahal puasa mah hiji ibadah anu kacida bisa “dibo­bodokeun”, sabab ukur dirina jeung Gusti Allah anu apaleun. Contona waè, jalma bisa waè godin susulumputan, ti imahna ngaku puasa, di satengahing ja­lan, buka, balik deui ka imah, angger ngaku puasa ogè bisa kè­nèh.

Saujratna puasa tèh ngalatih kajujuran, jeung milu ngara­sakeun kumaha rasana anu teu dahar saendeng-endeng. Hanjakalna, teuing pèdah teu nyahoeun atawa mèmang ti Beu­lah dituna kurang pangajaran agama. Loba jalma anu ngala­konan paripolah anèh, anu ceuk Ustad Asèp mah, make baju tapi teu make calana.

“Enya, dina ngalakonan pua­sa tèh katempo pisan robahna, biwirna garing, anu tadina boro­hol ayeuna mah, loba pisan cic­ingna. Ah, pokona mah robah wè kalakuanana tèh, hanjakalna teu migawè sholat. Ngalakonan pua­sa bari jeung teu migawè shalat mah, sarua jeung make baju teu make calana,” saurna.

“Naha kitu kumaha, Ajen­gan?” ceuk Aguy nanyakeun.

“Enya kuwajib-wajibna migawè shalat, lamun teu bisa nangtung, bisa bari diuk, teu bisa diuk bari ngagolèr ogè dimeunangkeun, taya cai bisa tayamum. Pan puasa mah, bisa teu dilakonan pikeun anu keur musafir atawa dina perjalanan, sarta bisa digantian dina waktu sèjèn. Sedengkeun shalat mah henteu kitu ieuh,”pokna tèh daria.

Dipikir-pikir lamun diper­hatikeun, loba kènèh anu kitu tèh, padahal mah, nyaah kana puasana, lebar pisan. Malah bisa jadi anu samodèl kitu mah, tina hasil puasana tèh ngan saukur meunang lapar jeung hanaang wungkul.

“Tah, meungpeung kakara tilu poè jeung ayeuna, bèjaan ka dulur-dulur jeung baraya, anak salaki pamajikan, ulah nganyan­yaah puasa anu keur dilakonan kusabab henteu ngajalankeun shalat kituh. Malah afdolna mah shalatna tèh berjamaah lain munfarid sosoranganan di imah.” saurna tatag pisan. Beuh geuning kitu nya, numatak yu ah urang omèan, meungpeung deu­keut kènèh pisan. Tibatan make baju tapi teu make calana mah. Breng ah !

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================