Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
(Saur Aki Pochman, manusa 9 jaman,moal aya Soekarno anu jadi Presiden RI munggaran lamun taya Inggit Garnasih). Nami Ibu Inggit Garnasih, garÂwa nu kaduana, Bung Karno, teu sakawèntar kawas Raden Ajeng Kartini anu remen dipÂièling dina tanggal 21 April ataÂwa Radèn Dèwi Sartika, Cut Nya Dien, pahlawan asal Acèh anu dimakamkeun di Sumedang.
Kunaon pangna kuring bisa nyebutkeun kitu, sabab kungsi nanyakeun ka ibu-ibu pangaÂjian anu aya di lembur. Tina 30 urang anu aya, nu nyahoeun tèh ukur duaan, kitu ogè pèdah wè duanana tèh manten guru jeung kapala sakola. Nu sèjènna mah lebeng, teu apaleun. Mun ka Ibu Raden Ajeng Kartini mah, ampir sakabèhna ngacung tanda nyahoeun, ukur saurang anu cicing tèh, tapi lain pèdah nyahoeun, ngan keur nunduÂtan. Inggit ( satuluyna urang seÂbut, ngarah teu mèakeun kaca), padahal loba jasana ka salah saurang pamuda anu umurna kakara 21 taun, anu datang ka Bandung pikeun diajar di HolÂland Indlandsche School/ HTS (ayeuna ITB), harita mah ngaÂranna tèh Kusno.
Pamuda ieu mamawa surat panganteur ti HOS CokroaminoÂto, inohong pergerakan Sarikat Islam. Dina èta surat anu ditoÂjokeun ka Haji Sanusi (carogèna Inggit) pangusaha beunghar anu ogè inohong pergerakan SI di Bandung, eusina nitipkeun Kusno, sangkan bisa idekos di bumina Haji Sanusi. Inggit anu dilahirkeun di Dèsa Kemasan Banjaran, Kabupatèn BandÂung, name aslinamah Garnasih kawilang bèntang di dèsana. Nepikeun loba pamuda anu kaÂbandang, sawaktu anjeunna guÂmujeng, para pamuda anu boga hate kadua leutik tèh. mani baÂrungaheun pisan.
“Asa dibèrè duit saringgit, cenah,†ceuk para pamuda tèh. Ti harita Inggit anu robah kecap tina saringgit, napel kana namiÂna anu asli, jadi wèh Inggit GarÂnasih. Sataun saentas Kusno nganjrek di bumina, aya binih cinta antara Bung Karno jeung Inggit. Pikeun Inggit sabenerna lain ukur cinta, aya asih anu teu bisa dicaritakeun, jiga aya harèwos taya sora, yèn dirina kudu aya di sagigireun SoekÂarno, sabab hiji waktu pamuda anu keur diajar di HTS. Kitu ogè carogena, Haji Sanusi jig amah terangeun kana ilapat èta. Sanajan beurat anjeunna mirak Inggit anu satuluyna jadi garwana Soekarno.
Inggit tètèla sanès mung saukur istri anu solèhah tuÂmut ka carogè, namung istri anu kuat pamadegan, dina nyanghareupan sapopoè. KuÂlantaran Bung Karno sibuk kuliah sareng ngarencanakeun kamerdèkaan sareng nu saÂnèsna, Inggit kudu ngalaman narima jaitan, dagang kutang, nyieun wedak jeung jamu pikeun dijual, keur ngabèayÂaan rumah tanggana. Malah sawaktu Bung Karno ditahan di Banceuy, anjeunna mapah ngalongok jeung ngirim kaÂdaharan carogèna. Di bumina Inggit teu welèh imut, mangsa kasumpingan para inohong rèrèncangan sareng guruna Bung Karno pikeun nyawalÂakeun urusan kamerdekaan.
Sawaktu Bung Karno dipiÂceun ka Endè Flores, Inggit ogè nyarengan Bung Karno, anjeunÂna tetep tawakal tabah teu perÂnah ngarasula. Tapi Inggit tetep Inggit anu boga pamadegan kuat, teu unggut kalinduhan gedag kaanginan, anjeunna leuÂwih resep ngusap birit tibatan udar gelung, sawaktu Bung Karno rèk mileuleuheungkeun Fatmawati. Kalayan teges Inggit nyarita, mènta dipasrahkeun tibatan kudu diduakeun atawa dicandung mah. Prinsip anu teu bisa digedagkeun sanajan nepi ka kudu pipirakan, ningÂgalkeun sagala anu dipikanÂyaahna. Sanajan hatèna runtag, anjeunna keukeuh kana kapuÂtusanana.
Hatè Inggit angger leuleus mangsa Bung Karno anu harita geus jadi Presiden ngalongok anjeunna anu teu damang. Basa Bung Karno sanduk-sanduk mènta dihampura, Inggit nyeÂbutkeun samèmèh mènta diÂhampura, dirina geus ngahamÂpura. Kitu ogè basa papanggih jeung maruna, Fatmawati, IngÂgit nangkeup pinuh asih bari ngaharèwos yèn dirina henteu ngarasa nyeri hate. Mangsa Bung Karno tilar, Inggit anu geus rèmpo maksakeun datang ka bari nuju teu damang. Di paÂyuneun layon Bung Karno anu dipikadeudeuhna, Inggit nyariÂta lalaunan.
“Engkus geuning ningÂgalkeun. Inggit ngadua’keun,†saurna. Teu seueur cumarios, tapi dua kalimah èta geus ngagambarkeun kumaha eusi hate jeung ihlasna Inggit. Inggit anu ngantunkeun alam dunya dina yuswa 96 warsih dina ping 13 April 1984, pesen ka Ratna Juami putra angkatna sareng kulawargana, sangkan dikurebÂkeun di pamakaman umum lain di taman makam pahlawan.
Bagi Halaman