Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TEU ngahaja ulin ka Terminal Bubulak tèh, turun tina Beus Trans Pakuan,anu ACna geus kurang tiis, kalahka naèk kana tangga anu ka terminalkeun. Beunang disebutkeun ukur nuÂturkeun indung suku. Kayaan di Terminal Bubulak, teu jauh bèda ti baheula, jaman keur nambanÂgan kènèh. Mangsa keur tengah poè, kacida panasna, lamun aya angin nu ngahiliwir tèh, selengÂseng wè bau hangseur.
Sabab loba kènèh suÂpir anu leuwih resep maÂseuhan banna ku cikiih. Padahal wewengkon Terminal disadiakeun toilet boh pikeun kahampangan atawa kabeurÂatan. Kabiasaan kitu tèh jigana geus ngagetih ngadaging, hèsè pisan di robahna. Tapi kètang teu henteu sakabèhna milamÂpah kitu, utamana mah anu, ngajalankeun lima waktu. Pan meureun lamun pareng keur .maseuhan.ban tèh, bisa jadi cai najis tèh kana calana, komo deui lamun nepi ka di kumÂbahna tah, panakol bedug tèh. Padahal dina salah sahiji hadis disebutkeun yèn anu teu ngumÂbah laranganana mangsa tas kaÂhampangan, di ahèratna bakal meunang hukuman anu peurih kacida.
Sakumaha diriwayatkeun dina Hadist Bukhori ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios, sawaktos Kangjeng Rosul ngalangkungan dua kuburan, mantenna ngadawuh saenyana duanana keur disiksa, jeung duanana henteu disiksa dina kaayaan anu beurat (keur maÂranèhanana) tapi perkara anu cukup beurat(dosana). Nyaèta salah saurang diantarana, kuÂsabab teu daèkeun meresihan dieina tina cai kahampangaÂnana sorangan, sedeng nu hiji deui sok ngadu-ngadukeun. Katempo di Beulah Kulon, aya babaturan samangsa keur narik huleng jentul handapeun tangÂkal bangun nu bingung.
Kuanon euy bangun nu loba pikran?.cèkèng tèh sanggeus diuk di gigireunana. Puguh ti isuk hate, ngan seseblakan wè, kira-kira aya naonnya?.Atuh nu kitu mah kudu nempo parirÂimbon heula,.tèmbal kuring bari seuri. Naon tah paririmÂbon tèh?.Pituduh ngeunaan kajadian-kajadian anu aya pataÂlina jeung kahirupan urang, tur tanda-tandana aya di diri urang, misalna seseblakan, kekedutan, ngimpi. Ah pokona mah rèa wè.
Ayeuna mah geus arang nu makèkeun. Tah kamari mah mangsa Porkas aya kènèh, anu resep kana angka mah, boÂgaeun. Cenah mah nèangan rejeki tina ngimpi tèa..Oh, nu kitu. Kuring mah percaya teu percaya tatèh. Lamun pialuseun nya percaya bari didu.aan. Lamun pigorèngeun mah tara dipikiran ieuh. Komo keur mawa mobil mah, matak picilakaeun,.tèmbalna tèh. Paririmbon tèa, sanajan di dunÂya kiwari beunang disebutkeun katinggaleun jaman, tapi aya kèÂnèh anu mercaya.
Tapi sadarna tèh saentas kaÂjadian, misalna mangsa ditingÂgalkeun maot ku dulurna. PainÂgan atuh kamari euceu ngimpi punglak huntu Beulah handap. Teu sangka adi euceu pondok umurna,.pokna tèh bari rawah-riwih basa dibèjaan ku dulurna nu sèjèn, yèn dina geus maot.
Tapi, aya ogè anu nyebutÂkeun, teu ngimpi-ngimpi acan, basa meunang milik anu gedè tèh. Tah dina paririmbon boh anu basa Sunda atawa basa Jawa, disebutkeun nepi ka saraÂtusna tafsir ngeunaan ngimpi. Misalna ngimpi dibèrè anak, hartina bakal menang harta banda, ngimpi gelut tapi èlèh, meunang kawirang, leumpang dina cucuk, usahana teu hasil, leuleumpangan jauh, bakal panÂjang umur, jrrd.
Ngeunaan ngimpi ieu, saÂkumaha anu diriwayakeun dina HR Bukhari, ra ti Abu Sa.id Al-Khudri, yèn anjeunna ngadangu Nabi SAW ngadawuh : Lamun salahsaurang diantara maranèh meunang hiji impian anu matak nyenangkeun, saeÂnyana èta tèh ngan ukur ti AlÂlah SWT, kudu buru-buru muji ka Allah kana sagala impianana sarta buru buru ngabèjakeun. Ngan lamun henteu nempo anu kitu, atawa henteu matak nyenangkeun, maka saenyana ngimpi èta ukur ti sètan, buru-buru mènta panyalindungan (taawudz ka Allah) tina kagoÂrènganana, sarta teu meunang dicaritakeun ka batur, maka ngimpi èta moal bakal nyilakaÂkeun (ngamadaratkeun).
Jadi kudu kumaha atuh?.Ki Sobat nanyakeun. Ah, saÂgalana pasrahkeun wè ka AlÂlah, koncina mah ngadu.a tèa, ngimpi gorèng nyuhunkeun panyalindungan, ngimpi pialÂuseun, nauhidkeun diri ka AlÂlah. Gampang pan nya. Ayeuna mah mending usaha jeung usoÂlli. Sabab pikeun urang kieu mah, naon deui atuh. BeungÂhar henteu, kawajiban ditingÂgalkeun, rugi duanana hirup di dunya tèh lamun kitu mah nya…Satuju euy, tibatan ngaguguÂlung nu teu puguh, mending paririmbonna Al Qur.an, jeung Al Hadist nya..(*)
Bagi Halaman