Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
NGUMPUL jeung para nayaga boh samangsa keur nabeuh, atawa keur salsè, sawaktu dalang keur ngajrèkjrèk, nguÂlinkeun golèkna, tètèla loba pisan pulunganeunana, ti mimiÂti pangalaman nabeuh, boh anu pikasediheun atawa pikabungaÂheun. Komo deui palebah heuÂreuyna mah, anu tangtu bèda jeung banyolan rahayat umumÂna. Para nayaga anu keur mangÂgung, biasana sok ngagunakeun sèsèbrèd nyaèta paparikan anu eusina babanyolan jeung silih poyokan anu kecapna matak piÂkaseurieun. Kajadianana tèh saÂmangsa pintonan wayang golèk can make juru kawih (sindèn). Sabot dalang reureuh, para nayÂaga tèh sok motah, ngagamelan bari kakawihan, pilihgenti.
Tong daèk ka Leuwigoong, mending gè balik ka Banjar, Tong daèk ka tukang goong, ari balik tara mayar. Tah èta tèh ceuk tukang saron, tuluy dibales ku tukang goong; Ulah daèk nyangu aron,nyangu dina sèèng kosong, Ulah daèk ka nu nyaron nu nyaron sok gedè bohong

Dina ngungkabkeun katugeÂnah ogè para nayaga boga cara husus, kawas dalang anu sok ngagunakeun Si Cepot jeung sabangsa buta sèjènna, mangÂsa di panggung geus taya kopi atawa taya lalawuh. Basana tèh basa heureuy deuih, sanaÂjan kadèngèna pikaseurieun, ngan pikeun nu boga hajat mah,matak rada beureum ogè. Biasana mah sok buru-buru niÂtah pangèjèg (purah babantu di tempat hajatan) pikeun neÂdunan kahayang anu keur di panggung. Tah lamun teu adil, dina babagina, nepi aya anu teu kabagèan, atawa aya anu hawek nepi ka nu sèjèn teu kabagèan para nayaga ogè boga sisindiran husus.
Nu ngampar- ngampar nu nabeuh- nabeuh Nu lapar-lapar nu seubeuh- seuÂbeuh Paparikan di luhur, bisa ditujukeun ka pamingpin anu teu adil dina babagi atawa ceuk basa ayeuna mah kudu profesÂsional jeung proporsional.
Hartina, dina ngabagikeun hancak ulah cueut ka nu beureÂum pontèng ka nu konèng, ulah kèna-kèna baraya, meunang bagèan leuwih ti misti, sanajan gawèna henteu loba. Tah ngeuÂnaan wayang golèk èta, awalna mah aya nu nyaritakeun yèn asalna tèh ti India, tapi ieu ogè taya bukti anu nguatkeun laÂmun ti nagara èta tèh.
Bener, ari sumber caritana mah kayaning Mahabrata jeung Ramayana, asalna ti India. Ngan saentas dilumangsungkeun panalungtikan leuwih jauh, para ahli nyimpulkeun yèn saeÂnyana wayang tèh asli beunang nyiptakeun urang Indonèsia, alesanana taya hiji ogè pintonan anu sarupa dina budaya bangsa sèjèn.