Wayang boh golèk, kulit jeung nu sèjènna mangrupa gambaran kahirupan dunya anu saujratna sakumaha aya dina paribasa Sunda nyaèta wayang sakotak, dalangna ngan hiji, anu hartina sanajan sakumaha lobana jalma di dunya, PanÂgeranna ngan ukur hiji, nyaèta Allah Nu Maha Kawasa.
Tètèla jinis wayang tèh loba pisan diantarana, wayang cepak ti Indramayu anu ayeuna geus nepi ka lima generasi dimiÂmitian Ki Pugas, Ki Warya, Ki Koja, Ki Salam sarta ayeuna diÂtuluykeun ku Ki Akhamadi anu yuswana parantos 63 taun.
Salian ti wayang cepak aya ogè Wayang Beber, Wayang Calonarang, Wayang Gedog, Wayang Golek, Wayang Kancil, Wayang Klitik, Wayang Madya , Wayang Menak , Wayang Kulit, Wayang Orang , Wayang Papak, Wayang Parwa, Wayang Sadad, Wayang Sasak,Wayang Suluh, Wayang Ukur, Wayang WaÂhyu, Mayapada Indah Wayang Golek, jeung anu anyar pisan anu diciptakeun ku urang BoÂgor, tegesna nonoman Sunda ti Curug Mekar, Kacamatan BoÂgor Barat, namina Ki Adi Drajat nyaèta Wayang Awi.
Dina mere ngaranna ogè Ki Adi ieu, teu nyaruaan ngaran-ngaran sakumaha anu digunakÂeun dina wayang golèk, salah sahijina Ijot, anu ngawakilan hiji istri “pikasebeleun†tukang heureuy, nyaritana plus-plos, tara didingding kelir tapi merÂlambangkeun kajujuran jeung kabersihan hate. Si Ijot anu dijaÂdikeun maskotna, biasana mah dieusian ku pesen-pesen moral, ngomongna siga nu heureuy tapi ngeusi.
Kulantaran umurna can lila, tangtu perlu rojongan anu daria ti sakumna urang Sunda, sangkan Wayang Awi ieu leuÂwih dipikawanoh. Saujratna, tangtuna kudu milu reueus, saÂbab ieu tèh diciptakeunana ku nonoman ngora pituin urang Bogor. Ceuk paribasana mah kendang geus dipadungdungÂkeun, tarompèt geus ditiup, tinggal der, sok ah !
(tina sababaraha sumber)