Teu saeutik anu yakin yèn saÂbenerna Prabu Siliwangi geus IsÂlam, alesanana sawaktu anjeunÂna mileuleuheungkeun Subang Larang anu muslim tur murid Syeh Quro anu mazhabna Imam Hanafi geus pasti moal mikeun lamun Sri Baduga henteu nguÂcapkeun dua kalimah syahadat. Puguh rada hèsè ngabuktikeuÂnana argument-argumèn èta tèh, salian ti kajadianana geus laÂwas, jeung taya bukti anu nguatÂkeunana. Hartina bisa enya bisa henteu.
Tapi lamun Prabu Siliwangi anu ngaleungitkeun karatonna mah, matak rada himeng. AlesaÂnana, asa can pernah maca jeung kacaritakeun aya dua karaton. Karajaan anu dihijikeun ku Sri Baduga anu harita dirajaan ku Sang Haliwungan atawa Prabu Susuk Tunggal, karaton atawa istana tèh ngan hiji ani disebut Sri Bima Punta Narayana SuraÂdipati beunang ngadegkeun MaÂharaja Tarusbawa dina taun 670 masèhi. Sakumaha ditulis dina Koropak 406 anu eusina nyebutÂkeun yèn di dinya urut Karaton, ku Bujangga Sedamanah dingaÂranan Sri Kadatuan Bima Panta Narayana Madura Suradipati, saentas rèngsè tuluy dijiadan (diberkahan) ku Maharaja TarusÂbawa jeung Bujangga SedamaÂnah. Ditèangan ka hulu CipakanÂcilan, papanggih Bagawat Sunda Majayati.
Ku Bujangga Sedamanah dibawa ka payuneun Maharaja Tarusbawa. Anu satuluyna ku Sri Baduga Maharaja dibalay, sakuriÂlingna dijieunan solokan pikeun nguatkeun pertahanan. Lamun tèa mah sakumaha sabagèan kapercayaan masarakat Sunda dileungitkeun ku Sri Baduga (Prabu Siliwangi), dimana Prabu Surawisèsa jeung panerus sèjènÂna neruskeun kakawasaanana. Lamun tèa mah rèk ditarik benaÂng beureumna (dipaksakeun), siÂgana tèh leuwih keuna ka Prabu Ragamulya Suryakencana, Raja panungtungan Karajaan Pakuan Pajajaran. Inget ka jaman baÂheula henteu salah, sabab urang ulah nepi ka mohokeun sajarah jeung karuhun sorangan.
Ngan lamun nepi ka nyieuhÂkeun akal pikiran tur ukur .sarè tibra.ngagugulung lamunan jeung panineungan mulangÂkeun alam baheula ka ayeuna anu pamohalan kalaksanakeun, rarasaan kudu buru-buru diÂhadèan, bisi kajongjonan jeung kalalajoanan. Sabab saèstuna, urang Sunda tèh geus loba katinggaleun ku sèkèsèlèr sèjènÂna. Sakumaha ceuk Doel SumÂbang dina laguna, na kamarana ari urang Sunda. (*)