Tah baheula mah jampė pamakė di luhur tėh hadė pisan. Moal ogė tamu Ki Tatang mani merul ti Kulon, Kalėr, Kidul jeung Wėtan,. Nu mėnta tulung mėnta jampė pėlėt teu sirik­na mani unggal waktu. Lamun pam­ajikanna teu ngingatan nitah dahar unggal usik mah, sigana poho dahar ti isuk jedur nepi ka sorė jėdėr.

“Resep tuda bisa wawuh jeung jalman anu bėda unggal poė, ti mimiti ti nu gorėng patut, nu kasėp jeung nu geulis jiga artis unggal waktu. Mani asa nyėrėlėk pisan waktu tėh,” ceuk Ki Tatang nyarita­keun pangalamanna mangsa keur jadi dukun pėlėt. Atuh urusan duit ogė ceuk bohongna mah mani bru di juru, bro di panto ngalayah di ten­gah imah.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Perhiasan pamajikanna ogė mani reunceum, harianeun pan­ghormatan ti pasėnna mah. Leungeunna mani geus leucir sa­bab diciuman bulak-balik anu geus hasil maksud.

Tapi jaman robah, kitu ogė kahirupan, sakapeung aya di luhur, sakapeung aya di handap. Sigana mah mangsa jaya Ki Tatang tėh geus liwat, tamuna geus taya nu dat­ing deui. Tabunganna bėak dipakė hirup sapopoė, perhiasan pamaji­kanna nungtutan dijualan pikeun dahar. Elmu pėlėtna ogė ayeuna mah teuing kamana. Pėlėt Ki Tatang kadieunakeun kaėlėhkeun ku pėlėt Jepang jeung Eropa.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Sabab awėwė jaman kiwari mah geuning teu teurak ku jangjawokan. Ngan lamun dibibitaan ku Camry. Pajero, Vios, Mercy, jeung BMW langsung nyamber. Awėwė jaman kiwari geus teu hayangeun dibėrė kembang ros, lily atawa kembang li­anna. Ngan lamun dibėrė kembang rekening jeung kardu kiridit lang­sung nyamber.Jadi kasakti baheula anu dibeulina ku kuru cileuh kentel peujit tėh, ėlėh ku lobana duit. Kitu ogė ėlmu pėlėt geus leuwih modern ti jaman baheula. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================