Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji ciri hiji lembur atawa kampung tèh lain ngan saukur kabudayaan atawa kasÂenian wungkul tapi ogè bisa dirarampa tina kadaharanna. Lamun rbudaya diwakilan ku Sèrèn Taun, sakumaha anu reÂmen dilaksanakeun di Desa KaÂnèkès, Banten, Cipta Gelar BantÂen Kidul, Kampung Naga, Tasik Malaya jeung di Desa Cigugur Kabupaten Kuningan.
Su’al èta mah tètèla di Bogor ogè rèa pisan, ti mimiti Kampung Urug Kacamatan Sukajaya jeung di Kampung Sindangbarang KaÂcamatan Tamansari, ogè remen dilaksanakeun di Desa Malasari Kacamatan Nanggung jeung di Barengkok Leuwiliang, di KaÂcamatan Jonggol. Malah mun teu salah mah di Kacamatan Cijeruk ogè osok dilaksanakeun.
Hanjakalna, boh anu di JongÂgol atawa anu di Kacamatan Cijeruk, teu kapanggih raratanÂna. Naha seren taun di dua kaÂcamatan ieu sarua jeung anu di Kampung Budaya Urug atawa di Kampung Budaya SindangÂbarang? Sigana tèh perlu aya panalungtikan ku pihak-pihak anu raket patalina jeung urusan ieu, hususna Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatèn BoÂgor.
Sabab dumasar kana kaayaan Kabupatèn Bogor anu pangeuÂsina hirup tina tatanen (agraris), bisa jadi kabiasaan sèrèn taun jeung sidekah bumi anu manÂgrupakeun ciri mandiri wewengÂkon agraris pastina aya di mana-mana. Bukti liana lamun Bogor wewengkon agraris, salian ti loÂbana lembaga panalungtikan ogè sakola jeung paguron luhur aya di Bogor.
Pamilihan Bogor jadi puraÂsaba Karajaan Sunda Galuh (PaÂjajaran) ku Sri Baduga Maharaja, Raja Pajajaran mangsa harita, sigana teu leupas tina dua hal, tempatna strategis jeung taneuhÂna subur, sabab Bogor mah teu wèlèh aya hujan sanajan mangsa usum halodo. Sèrèn Taun soranÂgan dumasar kana etimologi basa, pituin basa Sunda, sèrèn hartina serah, taun mah nya taun wè. Jadi Sèrèn Taun hartina, seÂrah taun anu kaliwat kana taun anu bakal datang.
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















