
Anu leuwih jerona mangrupa pangwujudan rasa syukur ka Nu Maha Murbeng Alam, dumèh panènna mucekil, tur miharep hasil nu beuki alus dina peÂpelakan anu bakal datang. Dina kasempetan èta ogè aya upacara husus majikeun (ngasupkeun) hasil panèn kana leuit indung (Leuit Inten atawa Si Jimat) jeung pangiring (leuit leutik). Anu diaÂsupkeun ka Leuit Indung nyaèta pare indung jeung pare bapa bari ditutupan lawon bodas.
Tah ciri sabumi cara sadèwa ngeunaan kadaharan tèa, geus pasti apal, dodol mah ti Kabupatèn Garut. Sok sanajan di Bogor ogè aya anus ok nyieuÂnan dodol, tapi lantaran kurang promosi jeung pangbinaan, teu kawèntar kawas dodol GaÂrut. Padahal so’al rasa mah teu èlèh ieuh. Mun teu salah anu nyieunan dodol Bogor ayana di wewengkon Kacamatan Rumpin.
Kadaharan anu “kaluar†dina waktu sèrèn taun atawa acara-acara pasamoan lianna di pilÂlemburan boh hajat ngawinkeun atawa nyunatan nyaèta rangiÂnang, rangining, awug, tèngtèng, opak, kembang goyang jeung kuèh semprong. Anu biasa waè, sarta jadi kadaharan sapopoè, nyaèta comro, misro, cirèng, koci kurupuk jeung tahu biasa sarta tahu Sumedang. Sawatara anu jadi udagan saluareun urang Bogor, soto Bogor, Togè gorèng Pagebro, Laksa, Roti Unyil, AsinÂan Gedong Dalem, malah ayeuna mah aya lapis taleus SangkuriÂang.
Di Kota Bogor, tegesna di CiÂmanggu, aya kadaharan khas BoÂgor nyaèta Oli Jepret, Hanjakalna kadaharan anu bahanna tina sampeu ieu teu medal unggal poè. Lamun tèa mah haying ngasaan nya kudu pesen heula samèmèhna. Anu ayeuna sok nyieunan oli jepret ieu putrana Ki Rinan. Taya katerangan anu pasti naha make diaranan oli jeÂprèt, naha liat kawas karèt, ataÂwa sawaktu di daharna ngajeprèt kitu?
Lamun dititènan kalayan daria, karuhun urang sabenÂerna geus ngajarkeun cara daÂhar anu sèhat pisan, sakumaha dicontona urang Kanèkès. Di wewengkon ieu, aya aturan dina urusan dahar. Umur nepi ka umur 30 taun meunang dahar anu sukuna 4 (sapi, munding) umur 40 taun dahar anu sukuna 2 (hayam), sedengkeun saluhuÂreun 40, dahar anu taya sukuan (lauk). Sakabèhna patali jeung kandungan kolesterol di jerona. Anu umum, urusan lalab-lalaÂban, tètèla alus pisan pikeun manusa anu umurna saluhuÂreun 30 taunan, kadaharan anu aya seratna. Tuh pan !
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















