Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KACAPRIT kana calna, hongma jaken pa, wato lobabel ingna, bakana kana longwit tikan ka, nganwe teugi teugi sakeun son­gan. Kalimah di luhur lain meu­nang nyutat tina salah sahiji buku “Sunda buhun., anu basana teu kaharti ku jalma biasa kawas kur­ing. Kalimah èta lain tina basa deungeun, boh ti Inggris, Per­ancis atawa Romawi pèdah aya kecap Longwit atawa wato. Ka­limah di luhur sabenerna ucap-ucapan budak cadèl anu kakara diajar nyarita ka lanceukna. Lamun diucapkeun ku geus bisa ngomong kalayan bener, kira-kira eusina kieu :

Kacapirit na calana, ngabo­hong ka ema engkè dibèjakeun ka bapa, dahar sambel loba teuing sambelna. Nyokot duit tina calana bapa, teu bagi-bagi, rasakeun ku sorangan.

Jigana èta budak tèh mupuas ka lanceukna anu ngadahar soto sorangan waè, duitna meunang nyolong tina calana bapana. Pikeun indungna basa kitu pasti kaharti kacida, sabab sakumaha hèsèna basa / caritaan budak, pasti karampa kamana loyogna. Di antara indung jeung anak, geuis pasti aya rasa, basa anak jeung indung atawa sabalikna dijerona aya rasa anu clik putih clak hèrang. Komo budak leu­tik kènèh pisan mah. Bèda deui jeung anu papalinter, pinter nga­bobodo, ngalèjokeun jeung nipu nu lian. Tah lamun geus gedè jeung pinter sarta geus jadi politi­kus (sanajan teu sakabèhna), ba­sana pasti geus aya jangjangan, pinter ngèlès jeung teu bisa ditar­jamahkeun salancar. Tong boron­ing ahli politik dalah anu birokrat ogè teu bèda jauh. Ti mimiti ekse­kutif jeung yudikatif ogè pan loba ngagunakeun basa anu mèmang ngahaja di sina multitafsir. Nu kitu tèh lain ngan saukur pagawè rèndahan, malah nepi ka Sekre­taris Mahkamah Agung ogè teu jaih bèda. Sanggeus sababaraha kali teu ngaku, sanggeus kade­sek ku lobana bukti mah, ahirna ngaku sarta mundur tina jabatan. Kajadian di sababaraha tempat, Gubernur, Bupati, Jaksa nepi ka Pulisina ogè pan ayeuna tèh mani ramè, loba anu ditèwak ku KPK, Jaksa nèwak eksekutif, èh Hakim jeung Jaksa ogè ditèwak ku KPK. Puguh ogè rada anèh, patugas hokum anu sakuduna ngadeg­keun hokum ditèwak kusabab ngarumpak hokum. Kitu ogè anggota legislative make kongka­likong jeung eksekutif, babaren­gan ngadagoan duit nagara. Tah anu kitu mah geu kaleungitan rasa, boha rasa èra atawa rasa dosa.

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

Tapi nya kitu tè manusa mah teu leupas tina apes jeung jaya. Keur saur Aa Gym tèa mah, manu­sa ulah sombong, gedè hulu jeung asa aing. Sabab numatak masih dihargaan ku papada manusa ogè lain pèdah ku dirina, tapi ku Allah aibna disumputkeun.

“Lamu sakabèh aibna ku Al­lah dibukakeun, nya taya horma­teun pisan tah èta jelema tèh. Anu tadina seunggah, hormat jeung muji, bakal ngajèbèan jeung nukangan,”saura Aa Gymnastiar. Anu keur meunang “cocoba” ay­euna balukar tina pangakuan almarhum Freddy Budiman ka Haris Azhar tèh, nyaèta Pulisi, Tentara jeung BNN. Samèmèh dihukum paèh, Freddy umaku geus ngaluarkeun waragad nepi ka ratusan milyar ka patugas ho­kum, sangkan usaha narkobana lancer. Kajadian ieu keur meu­nang perhatian anu darisa ti ung­gal intansi, LSM jeung pemerhati politik, naha bener atawa hen­teu. Pasualan anu keur haneut ngeunaan mateni Wayan Mirna Solihin ku Jessica Kumala Wong­so anu ngagunakeun racun Sian­ida. Tepi ka ayeuna cenah mah taya anu nempo atawa nyaksian mangsa Jessica ngasupkeun ra­cun sianida kana inumeun Mirna.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

Lain ngan saukur di tingkat nasional wungkul, tapi di daèrah ogè keur rariweuh pisan. Panga­dilan Tipikor di Bandung anu keur nyidangkeun pangbeulian taneuh Angkahong Jambu Dua, cenah mah manggihan bukti-bukti anyar. Urang du’akeun wè sing lungsur-langsar sakabèhna kabuki kalayan adil. Nu salah tetep salah anu ben­er tetep bener. Tah ngeunaan basa rasa ieu, bisa dihartikeun nu nyari­tana balaka, jujur sakumaha ayana teu didinding kelir, taya rekayasa di jerona beunang disebutkeun basa rasa, atawa masih kènèh aya rasa di jerona. Sedengkeun anu saba­likna tina kajadian èta geus kaleun­gitan rasana, tempatna lamun di dunya nya di pangbèrokan, lamun di ahèrat di naraka well. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================