Ipisna kacintaan jeung kurangna kabungah dina mapagkeun milangkala RI anu ka 71, ogè kaciri pisan dina kandaraan, boh mobil pribaÂdi, motor atawa angkot. KanÂdaraan anu pasuliwer di jalan loba pisan anu teu masang bandèra minangka suka bungah kana tepung taunna nagara urang anu ka 71. Padahal laÂmun kudu meuli tèa mah, da teu sabaraha ieuh hargana tèh, moal nepi ka sapuluh rèbu. Hanjakalna, taya hukuman pikeun rahayat anu teu masang bandèra di imahna. Kitu ogè nepi ka sapoè kana poè “Pâ€, taya èdaran ti pamarèntah saÂtempat ka masarakat sangkan marasang bandèra, komo nepi ka nyetèl lagu-lagu perjoangan di unggal imah mah, rarasaan tèh tegep pisan.
Urusan surat èdaran ti Pamarèntah (Kota, Kacamatan, Kalurahan atawa Dèsa) ulah dianggap èntèng, sabab salian ti ngingetan, Pamarèntah ogè dianggap malirè kana urusan èta. Komo deui basa nongton di TV, dina meneran tujuh beÂlas Agustus, aya anu silih jorag (atawa tawuran) asa ku hariÂaneun pisan. Luntur atawa ipÂisna kacintaan ka bangsa jeung nagarana, satemenna tanggung jawab Pamarèntah, diantarana dunya pendidikan. Sabab tètèÂla teu sakabèh kelas masih kèÂnèh masang tulisan Pancasila, poto para pahlawan komo bari dicaritakeun ka murid-muridÂna kumaha perjoangan pahlaÂwan dina ngamerdikakeun nagarana.
Kaayaan ieu lamun terus diantepkeun bakal jadi bahla, bahaya badag pisan, lamun rahayat geus kurang cinta ka nagarana. Kaharareupna, kaÂhirupan bangsa Indonèsia bakal leuwih aing-aingan, keur mah katempona tèh aya bibit buit pacogrègan anu keur dilÂiarkeun, sarta fihak-fihak anu sakuduna merangan bangun anu teu nyaho, atawa mèmang pura-pura teu nyaho?
Dirgahayu RI, mugia apanÂjang-apunjung, mulus rahayu salamina, jeung disalametkeuun tina para pamingpin jeung jalÂma-jalma anu rèk ngadzoliman lemah cai, harepan kahirupan wangsa kahareupna. (*)