Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TEUING kunaon tah mièling Milangkala RI anu ka 71 taun mah, asa rada hambar. Enya di tengah kota mah, utamana deukeut Istana Bogor, mani pinuh ku bandera, malah di Jalan Pajajaran ogè kitu. Tapi coba ulin ka lembur-lembur, loba pisan imah anu teu mara­sang bandèra beureum bodas minangka milu aub, bungah atawa reueus pèdah nagarana geus 71 taun merdèka.

“Di dieu mah mending Pa RT loba anu masang bandèra, gapurana dipapaès. Asa ramè mapag tujuh belasan tèh. Tapi di lembur uing mah, tong bo­roning mapaèsan gapura, di unggal imah tèh ukur hiji dua anu masang bandèra tèh,” ceuk salah saurang Satpam anu keur jaga basa kuring maturan barudak ngora mapaèsan ger­bang anu ka jero lembur. Naha enya kitu? Lain nepi ka dinya waè malah dina media social, aya ki sobat nyebutkeun aya sababaraha restoran anu teu daèkeun masang bandèra.

Kitu ogè basa ngaroris ka jalan aspal aya sababaraha to­serba anu nepi ka maleman 17 Agustus can (teu) masang bandèra. Ciri naon ieu tèh nya. Lamun di tengah kota heuyeub sabab pamarèntah anu ngay­akeun, tapi naha di rahayat mah, Milangkala nagarana tèh bangun teu dibagèakeun ku rasa suka bungah? Padahal af­dol mah, pikeun malikeun deui rasa kacintaan ka bangsa jeung nagarana, asa ku pantes pisan, di unggal tempat umum, kay­aning di stasiun kareta api ter­minal beus, palabuhan, bank, kantor pos, pasar, mini market kaasup di sakola nepi ka pagu­ron luhur sakurangna sapoè samèmèh tanggal 17 Agustus disetèlkeun lagu-lagu perjoan­gan.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Tujuanna pikeun ngahu­dangkeun deui kacintaan ka nagara, anu di jaman kiwari karasana tèh geus rada ngip­isan. Sugan wè ku kitu mah bangsa, bangsa urang ti mimiti anu kolot nepi ka budak ngo­rana, bisa ngimpleng, atawa nganjang ka alam tukang yèn kamerdikaan anu ayeuna keur dirasaan tèh lain meunang gampang, tapi meunang hèsè cape, tandonna lain ngan sau­kur harta banda tapi nyawa. Teu kaitung getih anu ngabaya­bah, daging anu mancawura, tulang-talèng anu dibaktikeun ka lemah caina, sangkan tu­runanna teu sangsara kawas dirina, hirup dijajah ku bangsa deungeun.

Ipisna kacintaan jeung kurangna kabungah dina mapagkeun milangkala RI anu ka 71, ogè kaciri pisan dina kandaraan, boh mobil priba­di, motor atawa angkot. Kan­daraan anu pasuliwer di jalan loba pisan anu teu masang bandèra minangka suka bungah kana tepung taunna nagara urang anu ka 71. Padahal la­mun kudu meuli tèa mah, da teu sabaraha ieuh hargana tèh, moal nepi ka sapuluh rèbu. Hanjakalna, taya hukuman pikeun rahayat anu teu masang bandèra di imahna. Kitu ogè nepi ka sapoè kana poè “P”, taya èdaran ti pamarèntah sa­tempat ka masarakat sangkan marasang bandèra, komo nepi ka nyetèl lagu-lagu perjoangan di unggal imah mah, rarasaan tèh tegep pisan.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Urusan surat èdaran ti Pamarèntah (Kota, Kacamatan, Kalurahan atawa Dèsa) ulah dianggap èntèng, sabab salian ti ngingetan, Pamarèntah ogè dianggap malirè kana urusan èta. Komo deui basa nongton di TV, dina meneran tujuh be­las Agustus, aya anu silih jorag (atawa tawuran) asa ku hari­aneun pisan. Luntur atawa ip­isna kacintaan ka bangsa jeung nagarana, satemenna tanggung jawab Pamarèntah, diantarana dunya pendidikan. Sabab tètè­la teu sakabèh kelas masih kè­nèh masang tulisan Pancasila, poto para pahlawan komo bari dicaritakeun ka murid-murid­na kumaha perjoangan pahla­wan dina ngamerdikakeun nagarana.

Kaayaan ieu lamun terus diantepkeun bakal jadi bahla, bahaya badag pisan, lamun rahayat geus kurang cinta ka nagarana. Kaharareupna, ka­hirupan bangsa Indonèsia bakal leuwih aing-aingan, keur mah katempona tèh aya bibit buit pacogrègan anu keur dil­iarkeun, sarta fihak-fihak anu sakuduna merangan bangun anu teu nyaho, atawa mèmang pura-pura teu nyaho?

Dirgahayu RI, mugia apan­jang-apunjung, mulus rahayu salamina, jeung disalametkeuun tina para pamingpin jeung jal­ma-jalma anu rèk ngadzoliman lemah cai, harepan kahirupan wangsa kahareupna. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================