Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
AYA ku reugreug basa milu ngariung jeung para kasepuhan inohong budaya anu luhung ku èlmu jembar ku pangabisa, di Karadènan Cibinong mangÂkukna tèh. Enya, itung-itung mulungan èlmu anu sakitu heuyeub luhungna, hususna ngeunaan palsafah anu raket patalina jeung kahirupan tur aya dina awak sorangan.
Lamun ceuk basa Aki PoÂchman mah, ti Universitas Ilmu Hirup, anu sumberna tina jalma-jalma pangalaman sarta geus kungsi ngarandaÂpan tur ngajamanan. Rèk teu kitu kumaha, dua urang para panyaturna geus teu bireuk deui pikeun urang Bogor mah, nyaèta Kang Eman nbu aktif dina urusan kabudayaan, huÂsusna anu aya patalina jeung kasundaan. Malah sanajan tos sarepuh, Kang Eman tèh resep kènèh asruk-asrukan, ngadaliÂdis jeung nyaliksik paninggaÂlan jaman baheula, titinggalan para karuhun anu tacan kungsi kaguar, atawa “nyumput buni di nu caang†kènèh. Ku jasa aranÂjeunna sababaraha patilasan anu rèk leungit tèh, sakurangna bisa disalametkeun.
Malah saurna hasil kukuÂrilingan tina nyukcruk galur mapay laratanna tèh bakal diÂkana bukukeun. Tah lamun kitu mah sakurangna urang bakal nyaho, kana kaluhungan para karuhun tèh, teu kudu upruk-aprak naèk turun gunung lin? Ti generasi anu ngorana, aya Kang Achmad Yanuana SamanÂtho, panulis Peradaban Altantis Nusantara, anu bukuna keur digunemcaturkeun ku balarèa. Pedaran ti tilu urang ieu, sakurangna nambahan kayakiÂnan yèn tètèla Sunda (lain ngan saukur sèkèsèlèr) baheulana mibanda peradaban atawa kaÂbudayaan anu luhung kacida.
Anu matak hèlok jeung teu nyana, tur matak crukcrek tèh basa anu boga imah, Kang Wawan Chusnun atawa KaryÂawan Faturachman medarkeun sababaraha èlmu palsafah anu diteuleuman tina kaluhungan karuhunna sorangan nyaèta urang Sunda tèa. Diantarana ngabèjèr bèaskeun urusan cai minangka sumber kahirupan jeung kahuripan. Kurang leuÂwih sajam anjeunna nerangÂkeun mangfaat cai jeung palsaÂfahna. Saurna jadi pamingpin mah kudu kawas cai, kabula-kaÂbalè, bisa ngalarapkeun diri diÂmana tempat jeung ayana. Cai mah aya dimana-mana, dina awak urang, dina tatangkalan, dina taneuh.