Manusa salilana teu bisa dipisahkeun jeung cai. Kitu ogè pikeun urang Sunda, cai tèh sumber kahirupan jeung kahuripan anu bisa jadi batur hirup, tapi lamun sumber jeung pangjagana dikèkèak, diruksak, bisa ngamuk nepi ka ngadatangÂkeun bahla anu kacida gedèna. Cai mah tara nèangan anu luhur, hartina taya kudu salaÂwasna nempo anu diharanÂdap, tapi lain hartina teu boga pamadegan, sabab lamun aya kahayang atawa cita-cita tara nepi ka ditunda lila-lila, kuat jeung buleud tèkadna. “Lain urang Sunda lamun rèk ka Bandung, mangsa di Cipanas aya wayang golèk nyimpang heula bari jeung nongton heula.
Antukna tujuan utamaÂna kapopohokeun,â€pokna daria. Wah pokona mah leuÂbeut jeung munel wè, èta tèh kakara urusan cai wungkul, can nepi ka unsur sèjènna, kayaning seuneu, taneuh, anÂgina nu aya dina awak urang. Tètèla awak urang jeung alam tèh tempat diajar anu pangafÂdolna pikeun jalma-jalma anu mikir tur rajeun maca mah. Sakumaha Gusti Allah, marènÂtahkeun maca ka Kangjeng Nabi Muhammag dina wahyu anu pangmungaranana tèh. Jadi diajar “maca†tèh saheuÂlaanan mah teu kudu jauh ka luar nagri, tinggal kumaha cara macana jeung ngama’nana, lain ku panon molotot mata peda, atawa panon batin anu lagodro.
Tapi ku cara anu lantip jeung remen nyeukeutan panon batin. Malah dina Qur’an ogè jelas rèngkolna yèn salian ti maca tina ayat-ayat anu aya dina Kitab Suci èta, pan manuÂsa tèh di sina maca tina alam, anu disebut qauniah jeung qauÂliah tèa. Hasilna tètèla ngajaÂdikeun jalma bisa leuwih surti ngama’naan sakabèh kajadian anu aya di sakurilingeunana.
Tah, kitu ogè dina urusan kapamingpinan, pan jelas pisan patokanana, salian ti Nyunda, Nyantri, Nyakola, Nyantana, Nyamen tèh ditambahan ku danÂgong, dangiang jeung dongèng. Tegesna, saur Aki Mardud mah, pamingpin ka hareup kudu boga rasa nyaah ka budayana heula, samèmèh nu lian-lianna. Sabab lamun teu nyaaheun ka budayÂana, bakal susah kahareupna. Pan sasmita silih asih, asah jeung asuh tèh, ayana di urang Sunda baheula, anu jadi warisan karuhun urang. Cag ah ! (*)