Hariring-Dadang-HPNGAREGEPKEUN carita Prabu Siliwangi ti para kasepuhan atawa maca tina buku, situs, blog ti dunya maya, rarasaan tèh  teu bosen-bosen sarta nambah kapanasaran. Sanajan sakapeung mah, rada ngahuleng jeung  nambahan kahimeng  bari dièmbohan ku bingung, sabab loba pisan “tafsiranna”. Lamun tèa mah sakabèhna didèngèkeun, boa matak gering langlayungan. Diantarana ngeunaan nghyangna Eyang Prabu atawa Uga Wangsit Prabu Siliwangi.

Ceuk sakaol  ngahyangna Eyang Prabu tèh, ngan sakolèpat ngahiji jeung mangsa caang bulan dibarengan hujan sakeprulan sarta dina sikep sidakep sinnuhung tunggal  Tapi lamun maca sajarah anu aya, ngahyangna tèh mangsa keur mujasmedi di jero kamar, saentas lèngsèr tina kakawasaanna. Mangsa ditèang ku putra jeung putuna, jasadna geus teu aya, ukur aya acuk  tilas nganggona.

Dina carita liana, disebutkeun mimiti miangna tèh ti Gunung Gedè, sawaktu ditèang ku putrana Kèan Santang Raja Sangara, putra anu bungsu ti Nyimas Subanglarang, aya nu ngabèjaan yèn rombonganna  miang ka Leuweung Sancang, Garut. Disusul ka ditu, ènya wè aya, malah cenah kungsi ngobrol sagala. Ngeunaan Prabu Siliwangina sorangan ogè, aya sababaraha pamanggih.

Umumna  urang Sunda, komo urang Bogor mah, boga pamadegan yèn anu dimaksud Prabu Siliwangi tèh nyaèta Sri Baduga Maharaja Ratu (H)Aji Pakwan Padjadjaran,anu keur ngorana gumelar Raden Pamanah Rasa atawa Prabu Jaya Dewata putrana Rahyang Dewa Niskala. tapi teu saeutik ogè anu ngajèntrèkeun yèn Siliwangi mangrupa gelar pikeun Raja-Raja Sunda-Galuh anu mibanda wewesèn, kasaktian, kawijakan atawa kaleuwihan dina sagalana disbanding raja-raja liana.

Tapi lamun ngudag ka akina, Maharaja Nila Watukancana, disebut Prabu Wangi, putrana Dewa Niskala disebut  Wangisutah (putrana), Raden Pamanah Rasa disebut Silih Wangi (kadieunakeunna robah jadi Siliwangi), gagantina Prabu Wangi. Kusabab sagalana nyeplès akina pisan, tina raray, kawijakan, kagagahan jeung nu sèjènna. Warisan anu mangrupa Uga Wangsit Siliwangi, sarta di jaman kiwari rèa pisan “tarjamahanna”.

Kusabab dianggap penting jeung pikeun ngahargaan kinarya karuhunna, dina unggal acara husus kasundaan wangsit ieu remen dibacakeun. Eusi wangsit Siliwangi, ceuk para kasepuhan, lamun dititènan kalayan daria, kacida nyeplesna jeung nu kaalaman ku nagara urang. Ti mimiti gunta-gantina Presiden nepi bakal ayana Budak Angon anu cicingna di birit leuwi sarta pantone batu satangtung.

Sabagian diantarana yakin bakal aya Pajajaran Anyar, lain Pajajaran  baheula jeung kiwari, tapi anu saluyu jeung obahna jaman. Tah ngeunaan Pajajaran Anyar anu dimaksud, sigana tèh moal kaalaman nu harirup ayeuna, boa anak jeung incu urang dina jaman anu mana boa. Sabagian diantarana deui, negeskeun Pajajaran anu dimaksudkeun nya anu keur dialaman .

Sakumaha dicaritakeun dina wangsit anu  nyebutkeun, samèmèh ngahyang nyaèta; lalakon urang nepi kadieu, najan dia  kabèhan ka ngaing pada satia. Tapi ngaing teu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu hirup jadi rudin bari lapar. Dia kudu marilih pikeun hirup kahareupna, supaya engè jagana, jembar senag sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran, lain Pajajaran anu kiwari tapi Pajajaran Anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman.

Pilih !, ngaing moal ngahalang-halang, sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi raja, anu somah sakabèhna, lapar baè jeung balangsak, jst…

Kalimah lalakon urang nepi ka lebah  dieu, bisa dihartikeun rupa-rupa, naha lalakon Prabu Siliwangi wungkul atawa lalakon urang Sunda? Sabab ti jaman harita, tacan aya urang Sunda anu manggung nepi ka punclut kakawasaan, ukur nomer dua. Harepan pikeun kahareupna, ceuk sabagèan anu yakin kana wangsit èta, aya kènèh budak angon anu keur didaragoan, bakal ngarajaan lemah cai ieu.

Perkara naha bakal gemuh deui? Sakurangna aya simpenan harta kakayaan anu dititipkeun di alam, nyaèta ti mimimiti di sapanjang  Gunung Halimun, Palabuhan Ratu jeung wewengkon Pakidulan Cianjur (Lebak Cawènè. Anu kudu diperhatikeun tèh dina urusan ngokolakeunna, ulah nepi ragrag ka jalma anu teu bener, sakumaha anu diamanatkeun dina UUD 45, Pasal 33 ayat 3, anu mertèlakeun yèn bumi, cai jeung kakayaan anu aya di jerona dikawasaan ku7 nagara sarta sagedè-gedèna pikeun  kamakmuran rahayat.