Hariring-Dadang-HPPIKEUN anu saumuran kuring  atawa leuwih sarta resep kana kawih Sunda boh pop atawa Cianjuran, pastian inget kenèh kana lagu  Bangbungranggaèk, lagu ciptaan Mang Koko anu nyindiran kaum Hawa anu rada jual mahal atawa tampikan padahal ahirna mah daèk narima. Bangbungranggaèk, tadi embung ayeuna daèk. Meureun ceuk  basa kiwari mah acuh tapi butuh atawa benci tapi rindu tèa, sugan kitu ogè. Lamun  teu salah rumpakana tèh kieu :

Majar manèh Mang, rèk ka Cimacan

Sihorèng ngalantung sisi walungan

Pajar manèh Mang, teu wawuh-wawuh acan

Sihorèng angen ratug tutunggulan

Bangbung ranggaèk, tadi embung ayeuna daèk.

Bakasi nèng sok seueur kiray, diical mah ratusan di kakotakeun

Yang aksi sok miceun raray, padahal mah ngantosan dirèrèmokeun

Bangbungranggaèk, tadi embung ayeuna daèk….jstna

Baheula mangsa kuda ngègèl beusi, jaman tai kotok dilebuan, anu boga tivi (komo anu warna) arang kènèh pisan, lamun hayang lalaho tèh kudu ngadon ka nu boga tivi. Mun diinget-inget jadi èra sorangan, wanci Mangrib batur mah ka masjid jeung musholla pikeun Magrib berjamaah, ieu mah hayoh antri di hareupeun  imah nu boga tv, untung wè nu boga imahna bageur, bèrès shalat Magrib, bray panto tèh dibukakeun. Nu rèk ngadon nongton geus ngariung hareupeun tv, sanajan tvna can dihurungkeun. Malah jaman can aya listrik, pareng hayang nongton tèh kudu ngeusi aki heula, lamun teu kitu strumna mètètèt,  gambar dina tv-na ukur satengahna.

“Jaman geus robah pisan, ngan untung Aki nepi ka kiwari masih kènèh dipaparin umur panjang, jadi ngalaman kuda keur ngègèl beusi nepi ka ngègèl roti,” ceuk Ki Mardud  ngadongèng hareupeun anak incuna mangsa caang bulan.

Harita mah, bobogohan ogè teu kawas ayeuna, asal papanggih jeung silish rèrèt ogè geus cukup. Malah bakating ku sono ku nempo jandèla kamarna ogè, hate mani geus bungah pisab, kasono tèh kaubaran. Tah tina kasono anu kaubaran ku nempo jandèla kamarna kacipta lagu  dina jandèla urang silih gupayan, urang silih kiceupan, nepi karasana tèh lira nu disirep cenah, mangsa  bisa silih teuteup tèh.

“Lamun keur caang bulan, ngabudalkeun eusi hate tèh cukup ku sisindiran atawa lamun ceuk jaman ayeuna mah berbalas pantun. Samèmèh papanggih di buruan, nonoman lalaki jeung awèwè anu keur bobogohan nyieun padalisan anu eusina ngeunaan eusi hate. Tah anu boga rasa mah sisindiranna tèh nyambung,” saur Aki Mardud dina juru panonna aya nu nyalangkrung, sigana mah èmuteun ka Nini Onèh anu ngantunkeun lima taun kaliwat.

Bèda jeung jaman ayeuna anu sagalana bèbas pisan, bisa bobogohan nepi ka peuting, ngabobodo kolotna, ngèndong di mana-mana, nyieun sagala rupa alesan ka kolotna. Eh, kabèhdieunakeun si anak nu awèwè laporan ka bapana lamun dirina geus kakandungan, atuh kolot  ti pihak awèwè  jeung lalaki garabag-gurubug, bisi kawiwirangan, èra lamun kudu meunang wiwirang di kolong catang.

Dina keur apèl ogè kolot awèwè baheula mah apik pisan, tara pernah ngantepkeun sina duduaan, pastina aya hansip nu maturan, lamun henteu indungna atawa lanceukna. Sabab nyahoeun pisan, lamun keur duduaan pan katiluna tèh syètan.  sakumaha kaunggel dina salah sahiji hadist Rasul  anu eusina anu nnyebutkeun, yèn sing saha anu airman, ka Allah dina poè ahir, mangka ulah sakali-kali manèhna sosoranganan jeung hiji awèwè anu lain muhrimna , sabab anu katiluna syètan ( HR. Ahmadi).

Komo pareng anak nu awèwè diajakan kaluar, boh nganjang ka dulurna ti pihak lalaki atawa lalajo, nu ngawalna ogè teu cukup sorangan, sabab nyaèta ari awèwè mah lamun diibaratkeun lir cangki antic, pan lalaki mah mutu.

Tah pikeun anu bobogohanna didasaran ku hawa nafsu sarta pareng hèg kabobodo tènjo, bisi kakeunaan ku bangbungranggaèk tèa. Sabab digoda ku hawa nafsu, jadi wèh cangkir tèh songhèk sisina. Ngaran cangkir tèa, tong boroning songhèk, semplak saeutik ogè pan èra lamun kudu diasongkeun ka tamu.  Tah lamun geus kitu, jeung anu èta tèh pastina bangbungranggaèk,  sanajan tadina embung kapaksa kudu daèk, suka teu suka ogè,