Hariring-Dadang-HPEMUT kana lagu tauco Cianjur? Anu rumpakana ngagambarkeun kumaha ni’matna kadaharan khas ti salah sahiji wewengkon di Jawa Barat ieu. Lamun ti Kabupaten Ciamis aya galendo, Bogor mah kawèntar ku taleusna, Sukabumi ku kuèh moci.  Cianjur mah pan taucona.

Lamun urang sok ka Cianjur, tong poho olèh-olèh nu mashur, rèncang sangu nu matak uruy, èta tauco Cianjur. Ngagelikna sora suling, kacapi mah nu ngajentring, haleuang sora tembangna, was Cianjuranana.

Kabupaten  Cianjur lain waè kasohor ku taucona, anu diasongkeun ka para panumpang beus, atawa didagangkeun di tok-toko bareng jeung  rinèka manisan, pan bèasna, anu disebut Pandang Wangi pan di Cianjur mah tetep kudu dipelak. Di Cianjur aya sababaraah wewengkon anu “diwajibkeun” melak pare jinis ieu, minangka salah sahiji cirri mandiri ti Cianjur salian ti kadaharan hasil olahan, tauco tèa.

Cianjur ogè kacida kawèntar ku tembang anu disebut mamaos. Pikeun urang Sunda anu keur ngumbara di mana waè, komo jauh ti taneuh Pasundan, hèg ngadèngè hawar-hawar lagu Cianjuran, bisa tibelat hayang balik. Wirahma nu kaluar tina kacapi jeung suling sarta juru mamaos anu siga anu ngagupayan ngajak balik, bisa mulak-malikeun hate. Tembang Cianjuran, atawa mamaos mimiti kawèntar di taun 1930-an, sarta dijenengkeun dina taun 1962, mangsa musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung. Tina hasil musawarah ieu aya kacindekan yèn  Seni mamaos mangrupa seni sora kalayan alatna kacapi indung, kacapi rincik jeung suling. Seni mamaos sorangan ayana mangsa pamarèntahan Bupati Cianjurna dicangking ku R.A.A. Kusumaningrat (1834-1864). Bupati Kusumaningrat ieu ngadamel hiji wangunan anu disebut Pancaniti paragi mintonkeun kasenian ieu. Ku ayana wangunan ieu, Bupati Kusumaningrat ogè kawèntar ku landian Kangjeng Pancaniti.  Munggarana mah seni mamaos ieu dikawihkeun ku pameget wungkul anu jumlahna 20 urang, dina abad ka 20, kakara kaum istri sina ngiringan. Diantara anu kawèntar janten juru mamaos nyaèta Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu Ooh, Ibu Resna jeung Nyi Mas Saodah. Bahan mamaos asalna tina pantun, beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat jawa, nyaèta pupuh. Lagu anu asalna tina seni pantun diaranan kawih atawa tembang pantun (papantunan) atawa osok ogè disebut kawih Pajajaran, dicokot tina ngaran Karaton Sunda mangsa baheula. Sedengkeun anu asalna tina pupuh disebutna tembang.

“Dina munggaran pangciptanna, Cianjuran mangrupa revitalisasi tina seni pantun,” saur salah saurang panitèn tembang karawitan ti Kota Bogor, Kang Ukar Tara Balaga. Biasana, saur ahli kacapi anu bumina di Tajur ieu, rumpakana tina carita Mundinglaya Dikusumah. Tah dina mangsa pamarèntahan Bupati R.A.A. Prawiradiredja II,  seni mamaos mimiti sumebar ka wewengkon nu lian, anu boga pokalna nyaèta Rd. Ece Madjid Natawiredja. Mantenna remen diondang pikeun ngajarkeun mamaos ka wewengkon Priangan, diantarana Bupati Bandung R.A.A. Martanegara, R.A.A. Wiranatakoeseomah. Dina sumebarna ka mana-mana ieu, ngaran tembang Sunda ieu disebut Cianjuran, kusabab asalna ti Cianjur. Sabenerna mamaos ngan saukur  nunjukkeun  kana kawih-kawih anu polana pupuh, sabab mamaos tèh lemesna tina kecap mamaca, nyaèta seni mamaca wawacan  ku jalan dikawihkeun. Masih saur Kang Ukar, kawih-kawih dina wanda  papantunan diantaran Papatat, Raja Mantri, Mupu Kembang, Randegan, Randegan Kendor, Kalèon, Manyeuseup, Balagenyat, Putri Layar, Pangapungan,  Rajah, Gelang Gading jeung rèa-rèa deui. Salian ti loba pisan sumber jeung jinisna, kawih Cianjuran ogè kawilang èndah pisan, matak nyèrèdèt kana hate sarta bèda pisan jeung jinis-jinis music anu aya di dunya. Kawih Cianjuran anu dipirig ku kacapi indung sarta suling, nandakeun yèn Sunda mibanda kabeungharan seni sorangan.

“Hanjakalna, di urang mah kurang pati dipalirè, teu pati loba sakola anu ngagugulukeun seni ieu. Lamun diantepkeun bisa jadi seni anu luhung sarta eusina papatah ieu, bakal carem teu bèda ti basa Sunda anu beuki dieu beuki ditinggalkeun ku Urang Sundana sorangan,” saur Kang Ukar anu tetep pengkuh ngamumulè seni Sunda bari nyonyorèn kacapi jeung ngantongan suling ka mana-mana. Mugia wè kahariwang Kang Ukar ieu, jadi kahariwang sakumnan Urang Sunda sangkan nyaah ka seni jeung budayana. Cag !

============================================================
============================================================
============================================================