Hariring-Dadang-HPDitulis Ku: Dadang H Pamadiredja

GEUS mah poè Ahad tèh perè, hujan maseuhan ti peuting kènèh, èh tas Subuh hujan tèh siga nu panasaran hayang mèakeun caina. Panon poè ogè siga anu èraeun ngahaneutan buana Panca handap. Pikeun anu boga kènèh bekel, teu jadi pasualan mangsa tas Subuh tèh narik simbut deui, ongkoh mèmang hawana tiris pisan.  Dina poè Sabtu jeung Ahad anu teu ngarencanakeun kamamana, bisa hudang beurang bari males-malesan, Kusabab da mèmang hakna ieuh, sanggeus salila lima poè, nèangan nafkah pikeun kulawargana. Nya sapoè dua poè mah wajar lamun rèk senang-senang ogè, ngabeberah hate jeung ngajagjagkeun awak, ambèh sabirahi deui.

Tapi nu ipis sagalana mah, nya ngawayahnakeun sanajan sakumaha tirisna ogè. Kudu milampah. Karunya anu di imah cenah, keur meujeuhan bilatung dulang, komo deui keur usum ngijih kieu mah, daharna ogè jadi tambah rewog, Tètèla teu sakabèh manusa, bisa ngumbar kasenangan, sanajan ukur sapoè dina saumur hirupna, utamana anu hirupna korèh-korèh cok. Lamun teu ngorèh teu meunang pacokeun. Ripuhna, mangsa tukang kokorèhna ngalaman gering nepi ka sababaraha poè, nya nu diimah tèh teu bisa kukumaha, iwal ti minangsaraya ka warung, pikeun ngajaga sangkan bisa tetep bisa ajeg, pikeun uubarna, untung wè aya Puskesmas. Cukup ku meuli karcis Rp 3 rèbu  atawa ngandelkeun BPJS gratis.  Kaayaan hirup mèmang loba pisan rupana, aya anu di luhur, aya anu di handap. Tapi kabagyaan di dunya tètèla teu sagemlengna bisa diukur ku lobana dunya wungkul, ceuk sabagèan manusa mah sok silih sangka. Nu masakat, hirupna korèh-korèh cok, pasti nyangkana anu  turun unggah mobil, imahna gedong sigrong, dahar kari am, hayang naon waè kari meuli, komo ayeuna mah sagalana bisa didatangkeun ka  imah langsung. Pasti panyangkan kitu. Di jero batinna mah, boa keur gering mikiran anu jadi anakna, sabab kalibet ku urusan Narkoba, atawa kalibet hokum lianna. Bisa ogè rumah tanggana keur aya bancang pakèwuh sabab aya jalmua ka tilu anu nèwo-nèwo pèdah salakina beunghar, boga pangkat luhur  jeung jabatan hade.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Ceuk sabagèan deui anu bagya mah anu basajan jeung waluya. Basajan din cara hirup, teu kaleuleuwihi sarta ngumplkeun hartana jelas asbabun nujulna, teu kacampuran barang-barang subhat komo haram mah. Dina barang simpenna ogè saimbang dunya jeung ahèrat, bari didasaran ku ibadah anu kuat.

“Nabung di dunyamah teu kudu loba-loba teuing, anggursi mangrupa warisan èlmu ka anak-anakna, nu penting nabung pikeun balik ka anu geus pasti bakal disaba,” saur Aki Makmur. Sabab,lamun ninggalkeun harta hèg barudakna teu dibekelan ku èlmuna bisa jadi pacogrègan, sarta bakal ngaganggu mangsa indung bapana geus taya dikieuna. Anu diwariskeun tèh lain ngan saukur èlmu dunya wungkul, tapi èlmu agama, sabab èngkè mangsa  jasadna geus ngaringkuk diurugan taneuh beureum ukur aya tilu pasualan nu bakal nulungan nyaèta èlmu anu aya mangpaatna, sodaqoh jariah, jeung du’a anak-anak nu solèh anu ngadu’akeun indung bapana.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

“Lamun tilu perkara ieu geus teu boga, tuluy amal-amalan salila di dunya rèhè pisan, loba ngumpulkeun harta nu teu halal, dibarengan ku pedit  embung sidèkah jeung barang bèrè, nya cilaka di ahirna,” pokna tatag pisan. Kitu ogè anu beunghar hartana loba pisan, èngkèna bakal loba dihisab, ti mana datangna jeung dikamanakeun titipan èta tèh. Lamun harta titipan èta tètèla loba digunakeun lain ti jalan agama, loba keur kamasiatanna, nya wayahna bakal diitung ogè kalayan gemet tur moal aya nu kaliwat.  Jadi anu bagya jeung bakal bagya mah nya nu saimbang, boh dina ngabalanjakeun dunyana saluyu pikeun dunya jeung ahèrat. Kitu ogè dina ibadahna, dunya jeung ahèrat teu pontèng ka nu konèng, cueut ka nu beureum.

“Nya mun hayang bagya mah heulakeun ahèrat tibatan ahèrat, tah lamun èta mah bakal kaudag duanana. Dunyana beunang ahèratna komo,” saurna deui.

============================================================
============================================================
============================================================