Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
NGARAN (tempat ) Cikabuyutan tètèla lain ngan saukur di Banjar (Ciamis) wungkul, tètèla ampir di unggal tempat ogè aya. Di Bogor sorangan aya CikabuyuÂtan anu pernahna di Kalurahan Baranangsiang, ayeuna mah tuÂkangeun pisan Botani Square.
Di tempat èta aya kobak di sahandapeun tangkal sukun. Aya carita “ahèng†sabudeureun Cikabuyutan ieu tèh, sakumaha kaalaman ku Mang Adun (ngaran samaran) pensiunan panghulu (Lebè) anu gawèna purah ngaÂwinkeun jalma. Kira-kira taun 1968, Mang Adun (keur lèlèngoÂhan kènèh) katarajang panyakit eksim, suku jeung awakna bunÂyanyahan, bengeutna ngandelan.
Teuing geus sabaraha dokter didatangan, tapi nya kitu tèa, paÂnyakitna tèh can diparengkeun cageur. Hiji peuting, anjeunna ngimpi didatangan ku nini-nini anu nyebutna tèh ti Kampung Manggis. Nini-nini èta ngajelasÂkeun yèn lamun hayang cageur panyakit Mang Adun tèh kudu diubaran ku daun duduitan sarta dipandikeun di CikabuyuÂtan samèmèh shalat Jumaah. Ngarasa panasaran Mang Adun tèh nanyakeun ka kolotna, ngeuÂnaan impianana.
“Bener nini manèh tèh dikuÂburkeunana di Kebon Manggis,†ceuk bapa Mang Adun. Singket carita, kira-kira jam dalapan isuk, Mang Adun ngajugjug ka Cikabuyutan, gebrus mandi bari dibalur ku daun duduitan meuÂnang nutuan.
“Alhamdulillah, poè katilu tèh borokna cageur, anu ngadagleg dina beungeut ogè morolok. CaÂgeurna tèh teuing pèdah ku akar sukun, atawa cai èta mèmang mustajab, â€pokna tèh daria.
Cikabuyutan atawa istilah Kabuyutan dina sajarah Sunda geus aya sakurangna mangsa munggaran abad ka-11 M. PrasasÂti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 M, nerangkeun yèn Prabu Sri JayÂabupati (Raja Sunda) geus netepÂkeun sabagian tina wewengkon walungan Sanghyang Tapak, minangka kabuyutan, nyaèta tempat larangan sarta kudu diÂhormat ku sakabèh rahayatna.
Kabuyutan anu kecap dasarna buyut mibanda dua harti nyaèta nerangkeun turunan anu ka opat (anak ti incu) sarta pantangan, tabu alias cadu atawa pamali. KeÂcap ieu ogè bisa dihartikeun kana tatali karuhun, waktu anu kacida lilana, jeung naon waè anu diangÂgap karamat atawa suci.
Barang-barang paninggalan para karuhun ogè remen diangÂgap kabuyutan, misalna goong kabuyutan. Kabuyutan dina prakna leuwih nunjukkeun kana tempat anu dianggap mibanda komara gaib (kakuatan) anu wuÂjudna bisa mangrupa wangunan, tempat anu pinuh tatangkalan. Contona wewengkon Kanèkès di Banten.
Dina harti sèjèn (filolog) kaÂbuyutan leuwih dima’naan skripÂtorium, nyaèta tempat pikeun nyieun jeung nyimpen naskah heubeul diantarana Kabuyutan Ciburuy, di Gunung Cikuray, Kabupaten Garut. Ngeunaan Kabuyutan ieu ogè kungsi diseÂbutkeun ku Bujangga Manik anu eusina nyebutkeun yèn Talaga Warna anu mangrupa hulu CiliÂwung tèh kabuyutanana Pakuan.
‘Sadatang ka Bukit Ageung: eta hulu Cihaliwung, kabuyuÂtan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna.†Anu disebut Bukit Ageung anu aya di puncak pasÂtina tèh Gunung Gedè. Jadi boh Talaga Warna atawa Gunung Gedè (Ageung) geus aya jaman Karajaan Pajajaran anu puraÂsabana Pakuan tèa. Ngeunaan hal ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn Bukit Ageung jeung Talaga Warna anu disebut ku Bujangga Manik tèh sarua jeung Talaga Rena Mahawijaya (sakumaha anu disebutkeun dina prasasÂti Batutulis) sedeng Gunung Ageung disaruakeun jeung BaÂdigul tèa.
Urusan Kabuyutan ieu di jaÂman baheula kacida dihormatÂna, dina Amanat Galunggung disebutkeun kalayan teges yèn kabuyutan kudu dijaga, Raja anu teu bisa ngarawat jeung ngaruÂmatna di wewengkon kakaÂwasanana, leuwih hina tibatan kulit lasun (careuh) anu geus dipiceun dina wadah runtah.
Ieu tangtuna siloka pikeun urang sarèrèa. Kahareup bakal kanyahoan, naha wewengkon Tugu Kujang kaasup kabuyuÂtan, atawa supata baheula tèh lumaku kènèh nepi ka kiwari? Kaasup anu dicaritakeun dina Pantun Bogor, anu diantarana bakal aya anu patingkodongkang ngawarah anu calutak. Sabab laÂmun dititènan tètèla wangsit SiliÂwangi anu “diucapkeun jeung (ditulis) ratusan taun katukang tèh, geuning loba karandapan di jaman kiwari. Tah kitu ! WalÂlahualam bissawab.
(Tina saÂbabaraha sumber)