Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG HP

SABABARAHA taun ka tukang, kungsi nganjang ka salah saurang sobat anu kahirupanna matak ngahariwangkeun. Imahna ngon­trak bari jeung leutik, budakna rendey, pacabakanna ogè beu­nang disebutkeun teu puguh, èstu sakapanggihna jeung sakumaha panitah batur wè. Kana bangu­nan lain da teu pati bisaeun, lain ahli nèmbok, komo kana kayu mah. Ngèndèkan ogè, kurang pati bisaeun, sabab ti babaheulana tara pernah gawè beurat, sedeng­keun jadi ladèn mah pam kudu boga tanaga gedè. Kolot manèhna sanajan teu beunang disebutkeun jegud, tapi bisa nyakolakeun lanceuk-lanceuk jeung adina ka paguron luhur, jaradi sarjana. Ukur manèhna anu kacingcalang tèh, pernah kuliah ngan teu ju­nun, ukur tingkat dua, ayeuna mah semester opat meureun. Lantaran teu boga kaahlian anu husus, nya gawè na tèh sakapang­gihna, sakapeung sok mangu­ruskeun izin, nyupiran jeung nu lianna. Ah, pokona mah salila ka­duga mah pasti digawèan. Sana­jan sarwa kakurangan, tapi ki sobat tèh nyekel prinsip pageuh pisan, tara daèk unjam-injeum jeung unjak-anjuk, ngahutang.

“Urusan hutang saka­peung sok ngahalangan sila­turahim, komo mangsa teu bisa mayar dunya karasana beuki heureut,”pokna daria. Enya kitu­na tèa mah teu salah, sabab loba dulur parasèa gara-gara hutang. Mangsa boga hutang ka warug hareupeun imah pisan, pan balik jeung kaluar ti imah tèh jadi jalan tukang sanajan jadi leuwih jauh ogè. Aya bèja ki sobat tèh pin­dah imah kontrakan, “hijrah” ka tempat sèjèn alatan teu kabayar. Lima taun ti harita manèhna geus turun unggah mobil, boga imah sorangan di komplèk paimahan anu kawilang sigrong.

Caritana mangsa nyicingan imah kontrakan anyar, aya pan­gusaha anu butuh supir. Ku ma­nèhna disanggupan, lila-lila di­percaya jadi tukang karam-kirim barang. Lantaran jujur jeung ibadahna rajin, diangkat jadi pagawè. Ayeuna mah geus jadi pamingpin di pausahaan èta. Hir­upna ma’mur, sugih bari jeung teu pernah poho ka jalma nu la­leutik. “Hijrahna” ki sobat tètèla mawa berkah pikeun dirina jeung kulawargana. Hijrah atawa pin­dah, tangtuna lain ngan saukur pindah patempatan, tapi kudu di­barengan ku pindah laku lampah, anu tadina kalakuanna gorèng nya kudu dialusan, sabab beuki deui umur beuki nambahan, anu tangtuna “ngontrak” di du­nya tèh beuki ngadeukeutan kana bèak waktuna. Mending lamun dipanjangkeun umur, kumaha la­mun can hijrah hèg umurna geus dipènta ku Nu Maha Murbeng Alam, cilaka jeung bakal hanjakal nepi ka kubur tah.

Kangjeng Nabi Muhammad nu mawa ajaran rahmatan lil ala­min ogè kungsi hijrah (geus pasti bèda lalakonna jeung carita ki sobat di luhur) ti Mekah ka Ma­dinah. Hijrahna Kangjeng Nabi SAW, pikeun ngalaksanakeun parèntah Allah SWT, kusabab di kota Mekah geus teu bisa ngalak­sanakeun da’wah tur kaamanna kaancem. Hijirahna mantenna ka Madinah, saentas sakabèh para sahabatna miang ka tempat anu dituju. Anu nyèsa tèh ukur Rasu­lullah, Abu Bakar, sareng Ali bin Abi Thalib, minangka rombongan anu pangpandeurina. Hijrah ka Madinah ieu lain anu munggaran, samèmèhna sabagèan sahabat ngalaman dua kali hijrah ka negeri Habasyah.

Dipilihna Madinah, kusabab kaayaan jeung kabisaan ma­sarakatna teu jauh bèda jeung masarakat Mekah, supaya para sahabat gampang nyaluyukeun kabiasanna. Kusabab di tempat anu ti heula hèsè pisan diajak benerna, Kangjeng Rasul hijrah. Sarupa tapi tangtuna bèda pisan eusina jeung dua carita di luhur, di dieu, di Hariring, kuring ogè diniatan hijrah. Kecap hijrah anu ngan saukur ceuk pamikiran kuring wungkul, nyaèta pindah tempat. Mugia wè di tempat anu anyar ieu mah, aya paroabahan, sakumaha anu kungsi dilak­sanakeun ku ki sobat tèa. Sabab, lamun geus heurin di hiji tempat, sarta tempat èta angger teu bisa mere kabagyaan pikeun kahiru­panna, nya kudu pindah ka tem­pat anu anyar bari ngadu’a ka Gusti Allah sangkan harepan jadi kanyataan. Wilujeng Tepang di Hariring, mugia tepi ka tepis wir­ing. Cag !!!

loading...