Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

NGABANDUNGAN jeung mer­hatikeun kurikeuleum taun 2013, anu rèk ngaleungitkeun basa daèrah kaasup basa Sun­da tangtuna, ku Mentri Pen­didikan Nasional harita, Prof. Dr.Ir Muchammad Nuh, aya ku araranèh pisan. Kanyataan nu aya, sanajan geus dijadikeun muatan lokal sarta diajarkeun di sakola ti mimiti di SD, basa-basa daèrah tèh rada arang di­gunakeun, kaèlèhkeun ku basa deungeun.

Geura wè talingakeun, kur­sus basa Inggris, Perancis jeung basa lianna ngaleuya di unggal tempat, ari kursus basa Sunda, teu hiji-hiji acan. Lamun enya kitu kajadianana, beunang di­pastikeun basa-basa daèrah anu aya, bakal leuwih cepet carem­na, sigana tèh moal nepi lima puluh taun kahareup, Ma Enok anu cicing di lembur singkur (lain Ma Enok anu bogoheun ka Haji Muhidin) nitah incuna tèh bakal ku basa Indonèsia, malah bisa jadi basa Inggris. Boa ngaran incuna ogè, lain Ujang atawa Dadang (hè..hè..) tapi diganti ku Michaèl, Jack atawa Gabriele. Sabab, gèngsi tèa.

Padahal, Unesco sorangan geus netepkeun yèn tanggal 21 Februari mangrupakeun Poè Basa Ibu Internasional anu di­lumangsungkeun di Bangladesh tanggal 17 November 1999. Pa­netepan tanggal 21 Februari pikeun Dinten Basa Indung, tèh lain ngan saukur padu heuay, nyarita tanpa nyata, catur tanpa bukur, tapi hasil panalungtikan. Diantarana nyebutkeun basa-basa anu aya geus mimiti laleun­gitan, kusabab nu ngagunakeu­nana beuki saeutik jeung teu dipalirè ku nu ngagunakeunana.

Sakumaha anu dipikanyaho, sistim disiplin di nagara urang masih kènèh kumaha anu dibar­endo, atawa paternalistik, sieun ku atasan, sanajan pingpinanana teu eucreug ogè, bawahanana miluan ngarojong (Di jaman kiwari loba kènèh anu leuwih sieuneun ku atasan ti batan ku Nu Maha Kawasa). Sakumaha anu dicaritakeun ku Kang Dedy (salah saurang PNS), sawaktu manèhna manggih kacurangan babaturanana, tur mènta sang­kan èta buru-buru dibèrèsan, sabab ngarugikeun nagara.

“Anu mecleng tèh anu rèk ngabenerkeun, lain anu dibenerkeun. Teu salah lamun aya anu nyebutkeun anu jujur bakal ancur, karasa ku kuring sorangan,”pokna tèh. Tah pa­tali jeung sistim “kabapaan” tèa, hiji kawijakan moal bisa di(jalan)keun, urang kudu ngaku yèn Jokowi, Walikota Solo anu kungsi jadi Gubernur DKI Jakarta leuwih Nyunda ti­batan pamingpin urang Sunda.

Nyunda di dieu hartina lega, diantarana ngarojong kana budayana sorangan. Sawaktu jadi Walikota Solo, Kang Joko marèntahkeun ka sakabèh bawahanana, sangkan marakè pakèan adat Jawa dina poè Kemis. Di Jakarta, mangsa keur jadi Gubernur anjeunna ogè meredih sangkan rèngrèn­ganana ngagunakeun pakèan adat Betawi sarta basa Betawi.

Parèntah èta dikaluarkeun pikeun ngamumulè basa jeung budaya warisan karuhun, sang­kan henteu leungit. Di urang kumaha ? rarasaan tèh bèda pisan jeung anu dipigawè ku Kang Mas Joko Widodo (dua jempol tah pikeun anjeunna).

Patali jeung leungitna basa daèrah dina kurikeuleum tèa, sarua wè jeung nyieun jalan tol pikeun kamusnahan basa daèrah. Eukeur mah dina poè basa indung sa-dunya ieu tèh, arang anu mièling, ayeuna mah jadi katutuh katurug, atawa sudah jatuh tertimpa tangga. Puguh wè karasana tèh seueul pisan, saur Mang Tatang, RT Lampu Beureum mah, asa di­tonjok ku halu bèngkok, cenah.

Kitu ogè jelas pisan dina Al Qur’an hususna dina surat Ar.Rum aya 20, anu tarjamahan bèbasna jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-NA, nyaèta nyiptakeun langit jeung bumi sarta rinèka basa jeng warna kulit. Satemenna dina anu kitu tèh, bener-bener ayana cicirèn pikeun jalma-jalma anu nyara­raho (pinter).

Di Bandung, dina tanggal 31 Desembèr dua taun kaliwataya kagiatan pikeun nolak kana kurikeuleum anu rèk ngaleun­gitkeun basa daèrah. Pastina anu darèmo tèh sadar, yèn la­mun leungit basana, bakal leun­git budayana, ancur budayana bakal musnah bangsana.

Ah, hanjakal pisan nya, la­mun èngkè, sapuluh atawa dua puluh taun kahareup, sakabèh cicirèn bangas anu kungsi aya di nagara ieu, bakal kaleungitan jatidirina, sabab pan basa tèh salah sahiji jatidiri lin? Urang In­ggris make basa Inggris, Urang Perancis keukeuh ngagunakeun basana, urang Sunda, Jawa, Batak jeung sèkèsèlèr sèjènna di Indonèsia ? sigana tèh bisana ukur basa Indonèsia jeung basa Inggris wungkul. (*)

loading...