Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LANTARAN geus lila teu kapang­gih jeung Ki Tatang, dulurna Ki Madi tèa, kuring ngahajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaayaan istri­na anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabin­gung.

“Kumaha, Nini tèh Ki, paran­tos sèhat?”cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman.

“Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeu­nan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,”jawabna tèh, pasamonana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.

“Geuning Aki katingalna ma­sih kènèh bingung?”.

“Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, da eukeur ieuh dis­arèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?”

“Su’al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?” kuring pana­saran.

Derekdek wè anjeunna nyarita­keun pangalamanana mangsa keur nungguan istrina di rumah sakit.

Hiji waktu, basa keur nung­guan istrina, aya hiji lalaki anu sa­rua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyampeurkeun ngajak ngobrol, kituna mah tamba kesel. Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mastikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendidi­kan anu luhur. Mimitina mah anu diobrolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyasar kana budaya Sunda, hususna ngeunaan basa.

“Tah, tah kumaha Ki?”

“Enya anjeunna naroskeun ka Aki, naha yakin lamun basa Sun­da dina lima puluh taun ka hare­up aya kènèh anu ngagunakeun?”

“Waler Aki kumaha?”

============================================================
============================================================
============================================================