Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SIFATING manusa, sok tara sugema waè malah sok dibarengan ku luh-lah sagala, sakuduna mah sagala anu di­paparinkeun ku Gusti Allah ka mah­lukna tèh disyukuran, rasa syukur anu sabener-benerna, lain ngan sau­kur dina biwir wungkul, tapi hatèna ngegeremet. Dibèrè hujan gugurutu, dipasihan halodo kitu kènèh.

Kawas kiwari, di sababaraha wewengkon geus ngalaman katiga, hèsè nèangan cai, pikeun kaper­luan sapopoè. Malah ciwalungan, atawa sumur anu biasana caina di­andelkeun ogè pikeun kahirupan ayeuna mah caina geus kotor pisan, balukar ti kalakuan manusa kènèh. Da lamun sabanda sariksa moal nepi ka kitu ieuh. Bangsa urang mah anu digedèkeunana tèh, sabanda saboga lain sabanda sariksa. Pan nu ngara­ruksak mah sasatna manusa kènèh.

Ngucapkeun rasa syukur, pikeun sabagèan jalma kawilang gampang pisan, anu rada hèsè tèh prakna. Disebut prak tèh, bari jeung eusi hate sarta diwujudkeun dina lampah sapopoè. Diantarana mangsa meu­nang milik anu gedè, ukur ngucap­keun Alhamdulillah mah sarèrèa ogè bisa, ngan mangsa ngaluarkeun zakat panghasilan, atawa sidèkah saka­peung mah sok rampang-reumpeung.

Padahal sidekah tèh saur Ustad Yusuf Mansur mah, hiji jalan anu pan­gdeukeutna kana karaharjaan atawa ngudag kabeungharan. Salah sahiji contona rada kuled kana sideèkah ka­tempo mangsa shalat jumaah, loloba­na koropak amal tèh ngan disusurung wungkul. Dina ngeusiaanana ogè ukur ku lambaran rèbuan, arang anu nepi ka lambaran lima puluh rèbuan.

BACA JUGA :  Polisi Amankan 29 Remaja di Semarang Bawa Cerulit, Diduga akan Tawuran

“Enya kumaha rèk dibeung­harkeun ku Allah, pareng ngeusian koropak masjid anu jelas-jelas pikeun urusan kaagamaan atawa di jalan Al­lah mani lalawora,” ceuk Ki Tatang. Nyaho sotèh mangsa pangurus DKM ngitung hasil koropakna. Lolobana tèh geuning lambaran rèbuan bari jeung barutut deuih. Padahal, lain teu nyahoeun, sabab di Koran-koran, di radio, telepisi, bèja ngeunaan èta tèh gampang pisan diaksèsna, yèn lamun ngajariahkeun duit pikeun urusan kaagamaan pahalana tèh manglipet-lipet. Ngan èta palebah mere mah, nya kitu tèa sok rada hararèsè.

Padahal syukur ka Allah tèh salah sahiji konsèp anu prinsipna ditegeskeun dina Al Qur’an, sakurangna aya 70 ayat anu nyaritakeun ieu. Alesanana ku­naon rasa syukur ieu kacida pentingna tèh nyaèta minangka ciri kana kaiman­an jeung pangakuan kana ka-Esaan Al­lah. Sakumaha anu aya dina Suraah Al Baqarah ayat 172 anu tarjamahan bèbasna, Hè jalma-jalma anu ariman, barangdahar di antara rejeki anu alus anu ku Kami dibèrèkeun jeung salukur ka Allah lamun ngan MantenNA anu ku maranèh disembah. Dina ayat sèjèn disebutkeun yèn rasa syukur tèh lawan tina kamusyrikan.

Lamun maranèh ngaduakeun (nyarupakeun jeung nu sèjèn) Allah, bakal kapiceun kalayan taya hartina sagala amal maranèh, jeung pastina maranèh jadi jalma anu rarugi. Kusa­bab kitu sembah Allah ku maranèh jeung jadi jalma anu bisa ngarasa syukur, (Az-Zumar: 65-66).

BACA JUGA :  Kebakaran Hanguskan Mobil Warga Karangasem, 4 Armada Dikerahkan

Urusan amal perbuatan anu hadè ogè jelas dina surat Al Baqarah 218, Saenyana jalma-jalma anu ariman, anu hijrah jeung anu joang (jihad) dina jalan Allah, maranèhna tèh miharep rahmat Allah; Jeung Allah tèh Maha Jembar Panghampura turta Maha Asih. Aja­ran Islam ogè ngajelaskeun ka urang yèn panghampura dosa didumasaran ku amal hadè hiji jalma, saluyu sareng naon anu kaserat dina Al Qur’an: “Nya pikeun jalma-jalma anu karitu akibat nu hadè di aheratna. (Nyaeta) sawarga ‘Adnin anu engkè maranèhna arasupna ka dinya babarengan jeung jalma-jalma anu saroleh ti kalangan bapa-bapana, pamajikanana, jeung anak incuna” (Su­rat Ar-Ra’d 22-23).

Kitu ogè dina urusan sidekah sakumaha anu disebutkeun dina su­rat Al Baqarah 271), Lamun sidekah ditembrakkeun, èta tèh hadè pikeun maranèh, jeung lamun sidekahna bubunian langsung kanu palakir èta mah leuwih hadè pikeun maranèh sarta ngalebur kagorèngan deuih. Jeung Allah Maha Uninga kana sani­skara anu dilampahkeun ku maranèh.

Tah pikeun èta, aya paribasa­na melak cabè moal jadi bontèng, melak hade moal jadi gorèng. Kitu ogè lamun urang melak kagorèn­gan hasilna pasti kagorèngan. Jalma mah kumaha pepelakanana, geus kitu bakal dibawa ka ahèrat deuih. Jadi meungpeung aya waktu kènèh pikeun ngomèanana. (*)

============================================================
============================================================
============================================================