Tempat ieu, baheulana bisa jadi pernah disumpingan ku Pangeran Jaya Pakuan, satria Karajaan Pajajaran anu leuwih kakoncara ku jujuluk Bujangga Manik. Sabab dina lalakon cari­tana, pernah nyebutkeuun tem­pat ieu mangsa ngalalakon sarta miangna dimimitian ti Purasaba Pakuan tujuanna ka Gunung Gede minangka tempat anu pan­gluhurna di wewengkon Karajaan Pajajaran.

Arca Domas lianna anu aya di Kacamatan Tenjolaya. Pikeun ngorèhan rusiah di satukangeun Situs “Arca Domas” Cibalay, sa­jumlah panaliti ngahaja didatang­keun pikeun nalungtik dianta­rana ti Balai Arkeologi Nasional, Balai Pelestari Cagar Budaya Jawa Barat hususan Badan Penelitian Kepurbakalaan Sejarah dan Ni­lai Tradisi sarta ti Universitas Pajajaran Bandung. Tina hasil panalungtikan anu dipingpin ku panalungtik ti Arkenas kapang­gih sajumlah barang dinatarna keramik, gentèng sèsa, sarta sèsa-sèsa areng anu mangrupakeun salah sahiji barang pikeun ngal­aksanakeun ibadah dina jaman megalitikum. Hartina, rèbuan taun ka tukang samèmèh Masèhi di tempat ieu geus aya hiji kagia­tan budaya anu kawilang luhung. Sanajan hasilna can bisa dija­dikeun hiji kasimpulan anu teges, panimuan barang-barang èta rada sarimbag jeung hasil pan­alangtikan di sababaraha situs di Kabupatèn Sukabumi. Malah dumasar kana hasil panalungti­kan Sajarah sarta carita rahajat, urang Banten Kidul tèh bibit bu­itna ti Kampung Urug Kacamatan Sukajaya Kabupaten Bogor. Nepi ka kiwari rusiah di satukangeun ngaran Arca Domaa ieu tacan jen­trè kènèh pisan.

BACA JUGA :  PENYEBAB PEROKOK DI INDONESIA TERUS BERTAMBAH

Salian ti èta, ceuk tukang nga­lalakon anu raket patalina jeung kagoiban, Bogor mah lawang jeung gudangna. Numatak nga­lalakon dunya goib, bakal hasil lamun dimimitian ti Bogor sarta dipungkas di Bogor. Ngan kudu ti palebah manana duka tèh teuing. Wallahu alam bissawab. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================

1 KOMENTAR