Hariring-Dadang-HP LAMUN dina carita rahayat atawa folklore, loba kènèh siloka anu “sabenerna” ngagambarkeun hiji kajadian atawa barang anu ma­sih mangrupa rusiah sarta tacan kabuki eusi anu sabenerna, hal èta bisa jadi kitu. Salah sahijina sakumaha anu aya di Situs Ciba­lay Kacamatan Tenjolaya Kabu­patèn Bogor. Sanajan dina tulisan papan pituduh disebutkeun yèn èta Situs Arca Domas, almarhum Kang Inotji Hayatullah kungsi ngungkabkeun kateupanujuanna kana ngaran èta.

Sabab numutkeun mantenna, ngaran Arca Domas lain ngan saukur dihartikeun panuduh kana hiji tempat anu ceuk urang Kanekes mah kacida disucikeun kusabab tempat kumpulna para karuhun anu geus taya dikieuna, di Gunung Pamuntuan, Gunung Kendeng Banten. Arca Domas ogè bisa dihartikeun arca atawa patung emas anu jumlahna aya dalapan puluh siki, tapi duma­sar kana literatur lianna bisa ogè jumlahna tèh 800 siki.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Dumasar kana ngaran, la­mun kitu di Kabupatèn Bogor, sakurangna aya dua tempat anu disebut Arca Domas nyaèta Si­tus Cibalay di Tenjolaya Kaca­matan Ciampea jeung komplek pamakaman soldadu Jerman di Kacamatan Megamendung. Tapi numutkeun katerangan nu jadi jupelna, Jajang Sudrajat weweng­kon Arca Domas tètèla lain ngan saukur komplek pamakaman wungkul, anu disebut Arca Domas ti mimiti Desa Pasir Kaliki nepi ka Arca Manik, hiji weweng­kon anu aya sahandapeun Gu­nung Gede, tegesna di Kampung Lija Desa Megamendung. Di kam­pung ieu, kapanggih aya lima siki arca anu raket patalina jeung riwayat Arca Domas atawa pan­inggalan Karajaan Pajajaran. Pa­tung anu jumlahna lima siki ieu kapanggih ku Mnunir dina taun 1990. Salian ti èta aya ogè patung arca pantun, batu anu bisa disada kawas tangga nada. Tapi numatak hookeun, ayana pangakuan Mu­nir anu nyaritakeun kungsi ngu­burkeun arca anu jumlahna loba pisan dina taun 1950, kusabab parèntah akina.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

“Tempat anu ayeuna geus robah jadi tempat tatanèn ieu, baheulana leuweung geledegan, diantarana tangkal karet jeung kiara,” ceuk Munir. Patali jeung lobana arca ieu, numutkeun pamanggih Brumund jeung Krom, wewengkon Jawa Barat kakoncara loba ku arca anu asalna ti mangsa samèmèh klasik atawa tipe Pole­nesia, Megalitik anu loba panga­ruhna tina agama Hindu atawa Budha. Arca sajinis kitu ogè ka­panggih di Kampung Karang Ka­mulyan, Kacamatan Cijeungjing Kabupaten Ciamis pernahna di sabudeureun Cagar Budaya Ciung Wanara. sarta di Gunung Rosa, Desa Cilangla, Kacamatan Cireng­has Kabupaten Sukabumi.

============================================================
============================================================
============================================================

1 KOMENTAR